Harur nuhun..., mung bae sanggem pangemut sim abdi (punten upami lepat) dicokot : tiasa di paok, upami dicokot taya idzin (illegal) ..tiasa oge di cokot kalayan idzin tah..dicokot taya idzin ieu anu dipahing dicokot ti kiSunda. dipibanda : tiasa kenging meser, pamasihan, warisan ( legal ) tiasa saha mibanda anu lumrah dipibanda ti kiSunda. dibikeun : atanapi dipasihkeun, ieu tiasa suka rela/ikhlas teu aya paksaan, ieu tiasa saha wae etnis naon wae ari kersa mere/masihan/mikeun ka kiSunda. diseba : biasana mangrupi upeti....., teu acan tangtos etnis sanes kersaeun.. Pondok carios upami dipedar mah ; Cing atuh, tong neangan wae anu bisa dipaok ti kiSunda (sarakan/budaya ssjb.) Tapi mikir, atuh naon bisa dipasihkeun/disumbangkeun ka kiSunda (sarakan/budaya ssjb.) Sakitu lalamunan sim kuring..
Pihatur, ssw Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Aj Kusnet [email protected] Hapunten mengkol, Apih... Bet jorojoy teh aya ide tumali sareng motto Apih nu kantos diadurenyomkeun di ieu babakan. Kumaha upami "dicokot" teh digentos ku "dipibanda", lajeng "dibikeun" digentos ku "diseba". Ceuk raraosan mah asa murwakanti.. . Baktos, AJ - Depok .

