Baraya,

Isuk-isuk keneh geus meunang beja ngeunaan manfaat tutuwuhan, khususna
manfaat daun Salam (Syzygium polyanthum). Ceuk eta warta anu katarima, daun
Salam anu di urang - malah di seler sejen oge - sok digunakeun pikeun
sambara (bumbu) pasakan tetela mibanda loba manfaat sejenna. Salah sahijina:
pikeun ngusir sumindal (BI: kecoa). Bisa disebutkeun sarerea oge rudet lamun
nempo di imah atawa di pakarangan loba sumindal, malah ibu-ibu atawa para
wanoja mah teu saeutik anu ngoceak sieun lamun ningal sumindal. Tah, daun
salam ceuk beja bisa digunakeun pikeun ngusir sumindal. Kumaha carana?

Carana, cenah, daun salam anu seger keneh disiksikan, laju hasil siksikanana
diteundeun di tempat-tempat anu loba sumindalan atawa di mana wae anu urang
miharep teu kadatangan sumindal. Mujarab cenah, sumindal teu daekeun datang
ka hiji tempat anu didinya aya atawa loba daun salam seger. Lamun geus rada
garing eta siksikan daun sumindal gancang ganti ku anu seger deui. Rada
riwuh memang, bari kabayang di iimah baris rada patulayah daun salam (kitu
soteh lamun nyimpenna padu wae), tapi wayahna pikeun ngusir sang sumin mah
hal eta perlu dilakukeun.

Ceuk beja deui, cenah masih loba manfaat daun salam, khususna keur
kasehatan. Cikan sugan baraya aya anu gaduh infona, mangga dialungkeun wae
ka milist. Oge anu kumaha wangun daun atawa tangkal salam teh? Diantos sugan
aya anu haat maparin gambarna.


Tangkal Salam oge khas salah sahiji ciri sarakan (lemah cai) Tatar Sunda,
jadi kaasup ikon budaya Sunda. Jadi...naon deui...der geura tambahan ieu
informasi upama memang ieu milist teh keur madungdengkeun budaya jeung
kabudayaan Sunda.


Hatur nuhun.

Salam salam,

manar

Kirim email ke