wah si maung jadi ngetop euy...
der ah di purak masalah maung teh.
Sugan we kaditunamah aya maung beuki koruptor atawa maung beuki bubuy
sampeu.



2010/6/15 Siddik Wiradireja <[email protected]>

>
>
>   Meungpeung keur rame, padungdengan maung beuki kadu, aya deui cenah
> maung beuki kana nangka asak.
> Ceuk paninggaran kahot, sato-sato leuweung ngabogaan bau anu jadi ciri
> khasna, maung
> bau nangka asak, jadi mangkahade lamun keur aya di leuweung atawa tegalan,
> kaangseu
> bau nangka asak, tapi didinya teu aya tangkal nangka, ati-ati...moal jauh
> tidinya aya maung.
> Nya kitu deui amun urang dileuweung atawa tegalan ngambeu bau tai kotok,
> tangtu moal jauh tidinya aya bagong, lamun careuh cenah mah bauna bau
> pandan.
>
> Ieu carita kantos dimuat dina "Puriding Puringkak"na majalah Mangle taunna
> mah hilap deui, saha anu nyeratna oge hilap deui, ringkesna ;
> Aya hiji panyadap (lahang), ari pakasaban nyadap lahang mah gawe sambilan
> dan pakasaban anu utamana mah patani.
> Hiji poe dina usum katiga entrang-entrangan, manehna tas macul
> nganggeuskeun hanca,
> ti isuk jedur dugi ka wanci asar, rengse macul datang ka imah rurusuhan
> nanggung lodong
> panyadapan, maksudna rek neang sadapan bisi kaburu poek.
> Beres ngaganti lodong sadapan, gagancangan balik sabab poe geus reupreupan,
> datang ka imah nyarandekeun lodong lahang didapur, ngagulana mah tugas
> pamajikanana, leos we kapancuran ngabilas badan anu lamokot ku kesang, beres
> mandi terus dahar, teu lila dur-duran bedug magrib.
> Beres dahar rurusuhan muru ka tajug, balik-balik sanggeus beres solat isa,
> bakating teu kuat kutunduh, balas kucape tas macul sapoe jeput, datang ka
> imah teu sirikna meubeutkeun maneh kana dipan, les we sare tibra pisan.
> Barang hudang, rarasaanan geus janari, korejat we hudang direret
> pamajikanan masih tibra, teu gareuwah leos we kadapur, nyokot lodong jeung
> rancatanana teu poho nyorendangkeun bedog.
> Sanggeus nutupkeun panto dapur, gejlig indit maksudna rek neang sadapan,
> sanggeus ngaliwatan tungtung lembur anu teu sabaraha gedena, manggih
> tanjakan, beak tanjakkan
> manggih pudunan, tungtung pudunan aya solokan, mentas solokan tinggal
> satanjakan deui tepi ka tangkal kawung sadapanana, sisi leuweung tutupan,
> apal pisan da liliwatan sapopoe.
> Beak ngaliwatan pengkolan jalan mudun, enyay-enyay cahaya sinar obor sisi
> solokan, lebah jalan lilwatanana.
> "Lakadalah geuning geus aya jelema" ceuk gerentes hatena, jog anjog kasisi
> solokan, handapeun tangkal waru, anu ngaroyom ka solokan, atra hiji lalaki
> tengah tuwuh, dedeg pangawakana, make baju lurik, calana pangsi hideung,
> sirahna diiket barangbang semplak, kumisna jalatreng tapi geus campur jeung
> huis.
> Oborna ditancebkeun kana taneuh disagigireun eta jalema, ari hareupeunana,
> ngagoler
> nangka sagede seeng, sapotong geus dipasi-pasi jadi sabaraha pasi,
> didamparan daun waru.
> Beak mentas solokan anu ngeletrek caina,
> Ceuk tukang sadap : " Punten bapa ngiring ngalangkung".
> Ceuk eta jalema : "Neang sadapan kisanak", tapi sorana rada ngirung.
> "Muhun bapa.." tembal tukang nyadap
> Ceuk eta jalema : "ari teu rurusahan mah nyimpang heula atuh, ieu cobaan
> nangkana, amis geura"...
> Ngarasa teu ngeunah amun nolak pangajak, nyimpang we heula, gog nagog
> hareupeun
> eta jalma, ngan sabot nagog pas paadu teuteup, eta si tukang sadap kacida
> ngarasa
> serabna nempo sinar panon eta jalma.
> Sor we eta jalma nyodorkeun dua pasi nangka, beak dua pasi, kacida ngarasa
> sugemana
> atuda saumur-umuran kakara manggih nangka anu sakitu amisna, baradag jeung
> amis ka
> jarami-jaramina.
> Beak nangka dua pasi, terus pamitan, di jawab ku eta jalma :"Enya jung atuh
> bisi kaburu
> caang".....
> Sajeroning nanjak muru ka tangkal kawung sadapanana, manehna ngarasa heran,
> awakna
> karasa hararampang, nyasatna lamun lumpat dina tanjakan oge kuat.
> Jog anjog ka tangkal kawung sadapanana, kalacat naek barang rek ngaganti
> lodong sadapan, karasa beurat lodongna, tetela eusi lodong sadapanana aya
> kana tilu parapat lodong, beres ngaganti ku lodong sadapan anyar, sanggeus
> leungeun kawung disopak, manehna turun muru tangkal kawung hiji deui,
> ditangkal kawung ieu oge sarua kitu lodong sadapan nyasatna ampir pinuh,
> beres... regeyeng ditanggung, terus lempang mudun, sajeroning mudun manehna
> ngarasa atoh dibarung heran, biasana eusi sadapan dina usum katiga kieu
> paling paling ukur satengah lodong.
> Jog anjog kasisi solokan tadi, kasampak eta jalema masih aya, pokna teh :
> "Kisanak amun rek mekel, mekel we kadinya keur nu diimah, da moal beak
> kusorangan ieu teh"....
> Ngarasa atoh, terus nyimpang, sanggeus nyarandekeun tanggungan lodong, "Tuh
> ngala daun waru jang bungkusna" ceuk eta jalma, atuh keplas weh nigas dahan
> waru, ngala daunna 4 ~ 5 lambar, mungkus we dua pasi gede, reketek ditalian
> ku tali kulit waru, cantelkeun weh kana rancatan pananggung lodong sadapan.
> Sanggeus beres gancang pamitan bari nganuhunkeun, leos we balik, barang rek
> mengkol
> dina tanjakan, pangangguran manehna ngalieuk katukang, horrr...geuning geus
> euweuh
> obor teh, ceuk gerentes hatena, direretan kaditu kadieu lapur teu aya.
> Datang ka imah, blus asup kaimah tipanto dapur, manehna ngarasa heran,
> geuning pamajikanana can mirun seuneu, teu dipikiran, sanggeus nyarandekeun
> lodong didapur,
> neundeun bungkusan nangka dina parako, blus kapangkeng, kasampak
> pamajikanana masih tibra, teu gareuwah goledag we sare deui sisi
> pamajikanana, les sare tibra, nyaring-nyaring wanci haneut moyan, pedah we
> kagareuwahkeun ku sora tatangga-tatanggana anu hariweusweus, teu jelas
> nyaritakeun naon.
> Korejat manehna hudang leos kadapur, nyampak pamajikanana suwung, terus we
> manehna kapancuran, balik tipancuran kasampak pamajikana didapur.
> "Aya naon ni asa rame kitu diluar", ceuk manehna.
> "Puguh itu ceu Paraji leungit, peuting tadi, kapanggih sisi solokan tinggal
> sirah jeung suku sigana wae dihakan maung", jawab pamajikanana.
> Renjag eta tukang sadap reuwas kabina-bina, barang pamajikanana kapancuran
> rek gegeroh, ras inget kana bungkusan nangka, pangganguran rek dibuka, karek
> ge disingkab saeutik daun waruna gorehel teh ramo leungeun jalema, naaaa
> atuh...ongkek-ongkek..borolo utah kawas anu dicicikeun tina jero beuteung,
> leng kapiuhan, sadar-sadar
> ampir tengah poe, sanggeus sababaraha kali dicokcrokan ku anduk baseuh.
> Eta mah sapoe jeput teu beunang ditanya, ngahuleng siga nu kaedanan.
>
> Sakitu tah dongengna.
>
> ssw
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke