eta teh maung jajaden atawa kumahanya??? asa siga carita2 pondok nu kasohor
ditatar parahyangan... atawa siga carita wa kepoh

2010/6/16 jangdede <[email protected]>

>
>
> wah si maung jadi ngetop euy...
> der ah di purak masalah maung teh.
> Sugan we kaditunamah aya maung beuki koruptor atawa maung beuki bubuy
> sampeu.
>
>
>
> 2010/6/15 Siddik Wiradireja <[email protected]>
>
>
>>
>>   Meungpeung keur rame, padungdengan maung beuki kadu, aya deui cenah
>> maung beuki kana nangka asak.
>> Ceuk paninggaran kahot, sato-sato leuweung ngabogaan bau anu jadi ciri
>> khasna, maung
>> bau nangka asak, jadi mangkahade lamun keur aya di leuweung atawa tegalan,
>> kaangseu
>> bau nangka asak, tapi didinya teu aya tangkal nangka, ati-ati...moal jauh
>> tidinya aya maung.
>> Nya kitu deui amun urang dileuweung atawa tegalan ngambeu bau tai kotok,
>> tangtu moal jauh tidinya aya bagong, lamun careuh cenah mah bauna bau
>> pandan.
>>
>> Ieu carita kantos dimuat dina "Puriding Puringkak"na majalah Mangle taunna
>> mah hilap deui, saha anu nyeratna oge hilap deui, ringkesna ;
>> Aya hiji panyadap (lahang), ari pakasaban nyadap lahang mah gawe sambilan
>> dan pakasaban anu utamana mah patani.
>> Hiji poe dina usum katiga entrang-entrangan, manehna tas macul
>> nganggeuskeun hanca,
>> ti isuk jedur dugi ka wanci asar, rengse macul datang ka imah rurusuhan
>> nanggung lodong
>> panyadapan, maksudna rek neang sadapan bisi kaburu poek.
>> Beres ngaganti lodong sadapan, gagancangan balik sabab poe geus
>> reupreupan, datang ka imah nyarandekeun lodong lahang didapur, ngagulana mah
>> tugas pamajikanana, leos we kapancuran ngabilas badan anu lamokot ku kesang,
>> beres mandi terus dahar, teu lila dur-duran bedug magrib.
>> Beres dahar rurusuhan muru ka tajug, balik-balik sanggeus beres solat isa,
>> bakating teu kuat kutunduh, balas kucape tas macul sapoe jeput, datang ka
>> imah teu sirikna meubeutkeun maneh kana dipan, les we sare tibra pisan.
>> Barang hudang, rarasaanan geus janari, korejat we hudang direret
>> pamajikanan masih tibra, teu gareuwah leos we kadapur, nyokot lodong jeung
>> rancatanana teu poho nyorendangkeun bedog.
>> Sanggeus nutupkeun panto dapur, gejlig indit maksudna rek neang sadapan,
>> sanggeus ngaliwatan tungtung lembur anu teu sabaraha gedena, manggih
>> tanjakan, beak tanjakkan
>> manggih pudunan, tungtung pudunan aya solokan, mentas solokan tinggal
>> satanjakan deui tepi ka tangkal kawung sadapanana, sisi leuweung tutupan,
>> apal pisan da liliwatan sapopoe.
>> Beak ngaliwatan pengkolan jalan mudun, enyay-enyay cahaya sinar obor sisi
>> solokan, lebah jalan lilwatanana.
>> "Lakadalah geuning geus aya jelema" ceuk gerentes hatena, jog anjog kasisi
>> solokan, handapeun tangkal waru, anu ngaroyom ka solokan, atra hiji lalaki
>> tengah tuwuh, dedeg pangawakana, make baju lurik, calana pangsi hideung,
>> sirahna diiket barangbang semplak, kumisna jalatreng tapi geus campur jeung
>> huis.
>> Oborna ditancebkeun kana taneuh disagigireun eta jalema, ari hareupeunana,
>> ngagoler
>> nangka sagede seeng, sapotong geus dipasi-pasi jadi sabaraha pasi,
>> didamparan daun waru.
>> Beak mentas solokan anu ngeletrek caina,
>> Ceuk tukang sadap : " Punten bapa ngiring ngalangkung".
>> Ceuk eta jalema : "Neang sadapan kisanak", tapi sorana rada ngirung.
>> "Muhun bapa.." tembal tukang nyadap
>> Ceuk eta jalema : "ari teu rurusahan mah nyimpang heula atuh, ieu cobaan
>> nangkana, amis geura"...
>> Ngarasa teu ngeunah amun nolak pangajak, nyimpang we heula, gog nagog
>> hareupeun
>> eta jalma, ngan sabot nagog pas paadu teuteup, eta si tukang sadap kacida
>> ngarasa
>> serabna nempo sinar panon eta jalma.
>> Sor we eta jalma nyodorkeun dua pasi nangka, beak dua pasi, kacida ngarasa
>> sugemana
>> atuda saumur-umuran kakara manggih nangka anu sakitu amisna, baradag jeung
>> amis ka
>> jarami-jaramina.
>> Beak nangka dua pasi, terus pamitan, di jawab ku eta jalma :"Enya jung
>> atuh bisi kaburu
>> caang".....
>> Sajeroning nanjak muru ka tangkal kawung sadapanana, manehna ngarasa
>> heran, awakna
>> karasa hararampang, nyasatna lamun lumpat dina tanjakan oge kuat.
>> Jog anjog ka tangkal kawung sadapanana, kalacat naek barang rek ngaganti
>> lodong sadapan, karasa beurat lodongna, tetela eusi lodong sadapanana aya
>> kana tilu parapat lodong, beres ngaganti ku lodong sadapan anyar, sanggeus
>> leungeun kawung disopak, manehna turun muru tangkal kawung hiji deui,
>> ditangkal kawung ieu oge sarua kitu lodong sadapan nyasatna ampir pinuh,
>> beres... regeyeng ditanggung, terus lempang mudun, sajeroning mudun manehna
>> ngarasa atoh dibarung heran, biasana eusi sadapan dina usum katiga kieu
>> paling paling ukur satengah lodong.
>> Jog anjog kasisi solokan tadi, kasampak eta jalema masih aya, pokna teh :
>> "Kisanak amun rek mekel, mekel we kadinya keur nu diimah, da moal beak
>> kusorangan ieu teh"....
>> Ngarasa atoh, terus nyimpang, sanggeus nyarandekeun tanggungan lodong,
>> "Tuh ngala daun waru jang bungkusna" ceuk eta jalma, atuh keplas weh nigas
>> dahan waru, ngala daunna 4 ~ 5 lambar, mungkus we dua pasi gede, reketek
>> ditalian ku tali kulit waru, cantelkeun weh kana rancatan pananggung lodong
>> sadapan.
>> Sanggeus beres gancang pamitan bari nganuhunkeun, leos we balik, barang
>> rek mengkol
>> dina tanjakan, pangangguran manehna ngalieuk katukang, horrr...geuning
>> geus euweuh
>> obor teh, ceuk gerentes hatena, direretan kaditu kadieu lapur teu aya.
>> Datang ka imah, blus asup kaimah tipanto dapur, manehna ngarasa heran,
>> geuning pamajikanana can mirun seuneu, teu dipikiran, sanggeus nyarandekeun
>> lodong didapur,
>> neundeun bungkusan nangka dina parako, blus kapangkeng, kasampak
>> pamajikanana masih tibra, teu gareuwah goledag we sare deui sisi
>> pamajikanana, les sare tibra, nyaring-nyaring wanci haneut moyan, pedah we
>> kagareuwahkeun ku sora tatangga-tatanggana anu hariweusweus, teu jelas
>> nyaritakeun naon.
>> Korejat manehna hudang leos kadapur, nyampak pamajikanana suwung, terus we
>> manehna kapancuran, balik tipancuran kasampak pamajikana didapur.
>> "Aya naon ni asa rame kitu diluar", ceuk manehna.
>> "Puguh itu ceu Paraji leungit, peuting tadi, kapanggih sisi solokan
>> tinggal sirah jeung suku sigana wae dihakan maung", jawab pamajikanana.
>> Renjag eta tukang sadap reuwas kabina-bina, barang pamajikanana kapancuran
>> rek gegeroh, ras inget kana bungkusan nangka, pangganguran rek dibuka, karek
>> ge disingkab saeutik daun waruna gorehel teh ramo leungeun jalema, naaaa
>> atuh...ongkek-ongkek..borolo utah kawas anu dicicikeun tina jero beuteung,
>> leng kapiuhan, sadar-sadar
>> ampir tengah poe, sanggeus sababaraha kali dicokcrokan ku anduk baseuh.
>> Eta mah sapoe jeput teu beunang ditanya, ngahuleng siga nu kaedanan.
>>
>> Sakitu tah dongengna.
>>
>> ssw
>> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
>> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>>
>>
>>
>>
>>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke