Haha, sajarah kopeah (peci atawa songkok) ti jaman bung karno keneh. Cenah
eta kopeah minangka wawakil lokal dina pakaian nasional indonesia merdeka nu
hayang modern maju tea. Jadi sabenerna ti awal teu murni barat atawa lokal,
tapi hibrid. Kawinan barat-lokal. 

 

Nya soal baju mah bung karno salian ti jas, oge make baju safari tea, pakean
bule nu kawentar jaman kolonial, pikeun safari, jalan-jalan ka pilemburan
off-road moro bagong! Hehe. Sacara politik, BK sigana ngudag ka konteks
kesejajaran jeung bule. Da samemehna apan dibedakeun pisan cara papakean,
bule jeung pribumi. Mun nempo eta kitu teh pengkelasan sosial, sanajan bisa
jadi si bule nempona unsur kultur hiji seler.

 

Di tangtara mah baju model safari kitu teh paranti parade/upacara. Tentara
Nazi hitler, perangna teu make pakaian dinas lapangan, cara tentara eropa
amrik sejena, tapi make baju safari/parade. Pikeun nembongkeun sumanget
kamenangan cenah. Nya awalna mah jerman meunang..eropa eleh kabeh. 

 

Nya sakadang kopeah dijadikeun topi nasional-identitas bangsa, ti jaman bung
karno mula.

 

Tapi memang, cara ngadopsi sagalana bisa jadi modal awal. Cara urang jepang.
Nepi ka saragam budak sakola, niru ti seragam budak sakola jerman- ieu
katerangan ti fotokopian artikel dina buku filsafat kabudayaan, soal jepang
duka saha nu nulisna he love deui. Cek kang ajip rosidi nu puluhan taun di
jepang, cara kloset jepang oge siga bule, make kertas tea. Heuheu.

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Kumincir Wikidisastra
Sent: Thursday, June 17, 2010 10:50 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Juni-->Re: [kisunda] Foto-Foto Sunda "Jadul"

 



di urang mah nu nyesa kari kopeahna... :P

2010/6/17 mj

Ngan beh dieu, indonesia memang katingalina naif. Ngilikan tatangga, cara
malaysia jeung pilipina, katembong maranehna nunjukeun ciri lokalna dina
cara papakean. Di urang pajabat reueus ku jas and dasi- da asa perlente. Nya
di urang oge ayeuna, salian jas dasi nu eropa style, nu lokalna, batik tea.








Kirim email ke