kadang-kadang, "pembaharuan" teh sok dipitembeyan ti lingkungan paguron, sabab 
ayana "perbenturan"  pamikiran anu engkena ngahasilkeun hiji sintesa tina 
sababaraha tesa. Sacara sistematis jeung sistemik sagala kamungkinan ide 
"pembaharuan" digodog, dibeuweung diutahkeun, anu engkena ngajanggelek jadi 
hiji konsep anu "teruji".

Ku ayana kamajuan dina widang TI (tehnologi Informasi), sagala PR ti generasi 
bareto dikumpulkeun dihijikeun disimpen atawa dipublikasikeun, supaya 
dipikanyaho ku publik. Tapi nyaeta kedah aya anu hususon pikeun ngarangkum 
konsep/pamikiran generasi bareto. Contona siga Mang MJ anu ngumpulkeun sagala 
hal anu aya pakaitna kana perkara arsitektur atawa wangunan Sunda jaman bareto 
nepi ka jaman ayeuna. Hiji hal anu kedah diapresiasi ceuk kuring mah. Soalna 
teu sagawayah satiap urang bisa ancrub dina perkara ieu. 

Jiga senin kamari, aya ceramah ti hiji pangusaha wanoja lulusan Komunikasi 
Unpad (Nancy), anu ngadongengkeun kagiatan usahana ti taun 2007, anu 
ngahusukeun ngajual software motif batik (Batik Fractal)  ka sakuliah dunya. 
Tadina mah iseng-iseng ngomputerkeun motif-motif batik anu aya di Indonesia 
sacara matematik. Ti dinya ngahasilkeun motif-motif batik anyar, anu heunteu 
sakadar pikeun nyitak dina "kain batik' tapi oge pikeun motif dina sapatu 
(cibaduyut), konsumen luar negeri mah malahan motif batik eta di citak dina 
mobil BMW salah sahiji konglomerat  Eropa.

Ieu mah contoh, kumaha konsep motif batik heubeul  sabada dikonversikeun sacara 
TI,  jadi hiji komoditas dina kahirupan modern ayeuna.
Pola atawa cara siga kieu jadi conto  ngamodernisir hiji konsep heubeul sangkan 
bisa ngigelan jaman jeung pajamanan.


mrachmatrawyani





________________________________
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, June 17, 2010 1:12:48 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Foto-Foto Sunda "Jadul"...kudu aya sintesa 
pamikiran/ide.

  
 
 
Masalahna kang, generasi
ganti, teu tiap generasi eta apal baheula teh kumaha. Jadi masalahna siga nu
eta-eta keneh. Ongkoh generasi bareto ninggalkeun peer nu teu anggeus-anggeus.
Jadi we keukeuh pajuliwet. 
 
Cek cenah, baheula pisan
mah, karuhun baroga sistim sensor atawa naon ngarana. Nu jelas, candi di urang
beda jeung candi di nagara asal agama budha hindu, jst.
Hartina, karuhun baheula
boga cara nerjemahkeun naon nu asup ka urang ku cara sebut we, cara lokal. Teu
ditiru meleg-meleg, tapi diadumaniskeun jeung kondisi, duka kondisi kumaha da
candi borobudur, candi budha, beda pisan jeung candi budah di india atawa
thailand. Model kieu mun bisa mah nu kudu dikembangkeun.
 
Soal andika andika kitu,
nya memang, da baheula teu aya nu bisa dipikareueus. Heuheu. Ari sacara umum
mah sajarah dipake pikeun ngeunteung, ulah nepi ka hal goreng kaalaman deui.
Tapi da manusa mah nya kitu. 

________________________________


      

Kirim email ke