Rumaos si kuring mah ti perabadan hawu-suluh terus kompor-minyak tanah, jadi ayeuna, sanggeus asup peradaban gas, nya asa paur. urusan gas ngan bagean seksi ingkig, mawa tabungna ti panto ka dapur hiji, jeung ka gigireun kamer mandi (disumputkeun dina kredensa) di ruang tamu, paranti manaskeun cai kamer mandi.
Soal nyambungkeun selangna mah urusan komandan alias indunk budaks. Ngalaman peradaban kompor listrik di kopenhagen. Kamer aya pantry (dapur leutik) kumplit kompor, kulkas jeung bak cuci. Tah komporna teh ku listrik, kari muterkeun sabaraha menitna. Pareum sorangan da make timer. Ari gas mah, Henteu, kudu ditungkulan. Kamari di leiden, kompor gas. ampir we kahuruan. Keur ngagodog daging (dapur lantey dasar), ditinggalkeun ka kamer di para (attic-lantey 2). Untung aya babaturan nu turun ke ka kampus. Bau daging tutung. Nya dipareuman tah sakadang kompor gas teh. Nuhun pisan. Gasna model disalurkeun ti pusat make pipa siga pdam. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Wednesday, June 23, 2010 11:02 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: Tabung Gas jeung Nuklir? > Gunawan Yusuf Miarsadireja <gunawan_yu...@...> wrote: > euleuh eta Abah Willy, tos sepuh masih keneh tiasa dipiwarang, rajin > euy Atuda beuki ripuh lamun pamajikan mogok masak mah ....hahahaha Baktos, WALUYA ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

