> "mj" <ja...@...> wrote:
> Soal nyambungkeun selangna mah urusan komandan alias indunk budaks.

Pun jikan ge tadina mah wanian masang selang teh, tapi ku seringna beja tabung 
gas ngabeledug dina TV, jadi teu wani ...hehehe. Tip supaya aman,  ayeuna mah 
diical pamageuh regulator supaya ulah coplok/ loncer lamun tabung ngageser/ 
tiguling. 

Waktu nyambungkeun ulah aya seuneu disabudureunana. Ieu biasana kajadian di 
dapur restoran nu make kompor sababraha hiji. Pas hiji kompor beakkeun gas, 
langsung diganti, bari henteu mareuman kompor nu sejen. Seuneu bisa nyamber 
kana kabocoran ieu.

Oge ulah nyetrekkeun stop kontak lampu/ listrik (boh ngahurungkeun atawa 
mareuman) di dapur waktu ngaganti tabung.

Nu paling penting, sanggeus kapasang, angseuan heula deukeut regulator aya bau 
gas atawa henteu, samemeh ngahurungkeun kompor.

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke