Hatur nuhun bah SOP na, si kuring mah asa rada hariwang mun ningali tabung regulator di urang, asa rada regreug mun sistem regulatorna konvesional, nu di pageuhan jeung di buka ku konci inggris atawa adjustable wrench atawa bisa wae ku channel lock tea ning, seal na nyaeta samodel gasket anu non metal.
Terus mun hayang nganyahokeun eta regulator masih bocor atawa henteuna sabenerna aya cara anu praktis (ceuk si kuring ieu mah), nyaeta teu kudu di dedengekeun atawa malah diangseu (bisi kapiuhan hehehe), cukup we di kucuran busa sabun di sabudereun sambungan antara selang jeung tabung na, mun aya keneh kukurubukan budah nyaeta teh bocor, memang ieu cara teh kaasup sensitip teuing, ngan nya demi kaamanan mah langkung hade. Punten ah bilih culangung, From: [email protected] [mailto:urangsudi [email protected]] On Behalf Of Surtiwa Sent: 23 Juni 2010 11:21 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Tabung Gas jeung Nuklir? Abdi gaduh SOP supaya urang salamet utamina supaya indung barudak anu digandongan tugas nyambung gas supados salamet. 1. Kawajiban para salaki kanggo mariksa "seal" tabung gas waktos digaleuhn naha karetna soeh atanapi henteu, naha karet o ring eta masih cekap luhurna (tinggina)..lamun tos awon gentos kunu anyar. Nyokelna nganggo Test-pen 10 cm. 2. Upami mimiti ngagetos regulator anyar, check fungsina kujalan ditiup. Mun ngabuge alias mengpet eta sae, moal aya gas flow-back. 3. Parios sambungan nipple (anu reregean tea) kana kompor kedah beresih teu kengeng aya minyak/grease atanapi kokotor anu padet. Bersihan. Kitu deui nipple kana regulator, kedah sami bersihna. 4. Selang anu sae anu rada heuras,karet anu di"reinforced" ku benang. Eta selang lamun disambungkeun kana nipple kedah pered pisan (ulah logor). parantos disambungkeun teras eta selang diklem ku klem puter 5/8". (Di pasaran ayeuna dijual selang karet anu lembek, harga mahal, tapi upami dipasang logor kana nipple, kade tong meser anu kieu). 5. Pas masang regulator kedah, pas nutug (tegak lurus, nyiku) bari diteken. Teras puter klem koncina dugi ka "klek". Kupingkin upami aya sora ngadesis , eta masih bocor. Buka deui regulator, proses nyambung diulang dugi ka teu aya suara gas. 6. Teu kengeng ngaentos gas kosong ku nu eusi dicaket seuneu . Moga2 mun ieu diperhatoskeun utamina "seal" karet anu mirah tea tiasa ngirangan resiko ngabeledug.... On 6/23/10, Waluya <[email protected] <mailto:waluya2006%40yahoo.co.id> > wrote: >> "mj" <ja...@...> wrote: >> Soal nyambungkeun selangna mah urusan komandan alias indunk budaks. > > Pun jikan ge tadina mah wanian masang selang teh, tapi ku seringna beja > tabung gas ngabeledug dina TV, jadi teu wani ...hehehe. Tip supaya aman, > ayeuna mah diical pamageuh regulator supaya ulah coplok/ loncer lamun tabung > ngageser/ tiguling. > > Waktu nyambungkeun ulah aya seuneu disabudureunana. Ieu biasana kajadian di > dapur restoran nu make kompor sababraha hiji. Pas hiji kompor beakkeun gas, > langsung diganti, bari henteu mareuman kompor nu sejen. Seuneu bisa nyamber > kana kabocoran ieu. > > Oge ulah nyetrekkeun stop kontak lampu/ listrik (boh ngahurungkeun atawa > mareuman) di dapur waktu ngaganti tabung. > > Nu paling penting, sanggeus kapasang, angseuan heula deukeut regulator aya > bau gas atawa henteu, samemeh ngahurungkeun kompor. > > Baktos, > WALUYA > > __________ NOD32 5003 (20100406) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com

