Duh, ni waas ningali eta poto Bah…
 
Ngadongeng ah…

Jadi inget jaman keur di lembur keneh, ari neang Bi Arnah (Almh), rencang nu 
sok ngabantuan nu jadi indung kaprak-keprek di dapur jeung beberes di imah. 
Ngabejaan teh kudu sapoe samemeh gawe, da Bi Arnah sok kabeneran buburuh di 
sawah batur ngadon tandur, ngarambet atawa panen. 
 
Sok kira-kira pasosore ba’da Ashar, kuring ngadingkleung ka imanahna nu 
pernahna kalereun imah nini kuring. Manehna sok keur nyampak salisiaran jeung 
barudakna di bah tetecean imah. Tetecean mangrupa batu pasagi, da imah Bi Arnah 
masih keneh panggung. Katingali ti kajauhan Bi Arnah dikukutang, modelna sarua 
pisan siga dina poto. 
 
Ups, punten…. sateuacana kuring nyabit-nyabit masalah “kutang/kawai” bisi keuna 
ku UU Pornografi hehehe. Ieu mah ngan saukur ngajentrekeun hungkul. Kutang 
wanoja Sunda jaman baheula. Teu jiga kutang model kiwari nu talina ukur 
sasenti, malahmah euweuh talian, kacipta mun morosot tea mah …heuheu… tali ieu 
kutang badag, aya kana 3cm-an. Kutang jaman ayeuna nu hareupna ngan ukur 
nutupan pinarep wungkul, tapi kutang jaman baheula mah kawilang buni nepi ka 
bujal ge teu katembong. Biasana ditambahan ku “accessories” pesak paragi 
neundeun duit. 
 
Kutang model kitu, sok dipake oge ku nini kuring boh ti bapa, boh ti indung. 
Basa kuring karek pindah ti Batawi mah ningali nini nyisiran ku sisir kerep nu 
dijieun tina tanduk domba mamake samping jeung kutang wungkul jiga nu 
ngeunaheun, ku kuring mah sok dianggap porno, tapi lila-lila jadi biasa. Malah 
mah kungsi indung kuring diajar ngaput nyieun eta kutang keur nini kuring, 
polana husus meunang menta ti uwa da  maklum teu dijual bebas heheh...  
 
Balik deui ka Bi Arnah nu keur sisiaran. Manehna diuk di lawang panto nyiaran 
anak awewe panggedena, Tarsiah (Ntar). Tarsiah nyiaran adina Warsiah (Uwar). 
Warsiah, nyiaran adina Esih. Ari Esih nu sok dicalukan Kesih, anteng ngoeran 
taneuh neangan undur-undur…
 
Teu Bi Arnah jeung anak-anakna wungkul, sakapeung jeung tatanggana. Bari 
ngawarangkong, bari untuy-untuyan nyiaran kutu. Mun beunang kutuna, ditindesan 
ku kuku indung leungeun. Sakapeung sok katenjo aya nu di”jetrokeun” dina huntu… 
iiiiyyyy… Nu kuring teu ngarti nepi ka ayeuna, mun kutu geus beak dialaan nepi 
ka kuar jeung endogna, sok ngahaja dipelakan deui kutu. Majarkeun teh, euweuh 
siareun…. 
 
haaarrrr….
ro2


--- On Sat, 26/6/10, Waluya <[email protected]> wrote:


From: Waluya <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Fw: Ngala Kutu (Bandung, 1934)
To: [email protected], [email protected], 
[email protected]
Date: Saturday, 26 June, 2010, 7:36 PM


  











Kirim email ke