Ceu Roro rada por on... Heuheue........ Kabayang eta pauntuy untuy nyiaran kutu..
2010/6/28 roro rohmah <[email protected]> > > > Duh, ni waas ningali eta poto Bah… > > Ngadongeng ah… > > Jadi inget jaman keur di lembur keneh, ari neang Bi Arnah (Almh), rencang > nu sok ngabantuan nu jadi indung kaprak-keprek di dapur jeung beberes di > imah. Ngabejaan teh kudu sapoe samemeh gawe, da Bi Arnah sok kabeneran > buburuh di sawah batur ngadon tandur, ngarambet atawa panen. > > Sok kira-kira pasosore ba’da Ashar, kuring ngadingkleung ka imanahna nu > pernahna kalereun imah nini kuring. Manehna sok keur nyampak salisiaran > jeung barudakna di bah tetecean imah. Tetecean mangrupa batu pasagi, da imah > Bi Arnah masih keneh panggung. Katingali ti kajauhan Bi Arnah dikukutang, > modelna sarua pisan siga dina poto. > > Ups, punten…. sateuacana kuring nyabit-nyabit masalah “kutang/kawai” bisi > keuna ku UU Pornografi hehehe. Ieu mah ngan saukur ngajentrekeun hungkul. > Kutang wanoja Sunda jaman baheula. Teu jiga kutang model kiwari nu talina > ukur sasenti, malahmah euweuh talian, kacipta mun morosot tea mah …heuheu… > tali ieu kutang badag, aya kana 3cm-an. Kutang jaman ayeuna nu hareupna ngan > ukur nutupan pinarep wungkul, tapi kutang jaman baheula mah kawilang buni > nepi ka bujal ge teu katembong. Biasana ditambahan ku “accessories” pesak > paragi neundeun duit. > > Kutang model kitu, sok dipake oge ku nini kuring boh ti bapa, boh ti > indung. Basa kuring karek pindah ti Batawi mah ningali nini nyisiran ku > sisir kerep nu dijieun tina tanduk domba mamake samping jeung kutang wungkul > jiga nu ngeunaheun, ku kuring mah sok dianggap porno, tapi lila-lila jadi > biasa. Malah mah kungsi indung kuring diajar ngaput nyieun eta kutang keur > nini kuring, polana husus meunang menta ti uwa da maklum teu dijual bebas > heheh... > > Balik deui ka Bi Arnah nu keur sisiaran. Manehna diuk di lawang panto > nyiaran anak awewe panggedena, Tarsiah (Ntar). Tarsiah nyiaran adina Warsiah > (Uwar). Warsiah, nyiaran adina Esih. Ari Esih nu sok dicalukan Kesih, anteng > ngoeran taneuh neangan undur-undur… > > Teu Bi Arnah jeung anak-anakna wungkul, sakapeung jeung tatanggana. Bari > ngawarangkong, bari untuy-untuyan nyiaran kutu. Mun beunang kutuna, > ditindesan ku kuku indung leungeun. Sakapeung sok katenjo aya nu > di”jetrokeun” dina huntu… iiiiyyyy… Nu kuring teu ngarti nepi ka ayeuna, mun > kutu geus beak dialaan nepi ka kuar jeung endogna, sok ngahaja dipelakan > deui kutu. Majarkeun teh, euweuh siareun…. > > haaarrrr…. > ro2 > > > --- On *Sat, 26/6/10, Waluya <[email protected]>* wrote: > > > From: Waluya <[email protected]> > Subject: [Urang Sunda] Fw: Ngala Kutu (Bandung, 1934) > To: [email protected], [email protected], > [email protected] > Date: Saturday, 26 June, 2010, 7:36 PM > > > > > >

