Sampurasun.. Ngiring ngabandungan ti tadi meni resep.. Nanging aya jadi ngenaan kana kujang, peso sareng nu sanes.. Abdi jd hoyong ngiringan nambih.. Kalayan salian ti kujang, pakarang nu aseli ti tanah pasundan oge aya bedog.. Bedog urang teh sanes bedog nu kasebatkeun mangpaat di lemah cai urang wungkul.. Malih mah, bedog2 semacam bedog pamoroan, pameuncitan, pamugeulan, soto gayot dugi ka cepot.. Di akui ku bangsa deungeun.. Sim kuring kaleresan resep merhatikeun ieu widang.. Kungsi sedih.. Aya bedog pamoroan nu aseli ti sunda, nu ku karuhun urg dianggo ka leuweung.. Di damel hampir 95% na persis sareng aselina ti urang.. Disebut na oge sami wae golok.. (Mangga tingal ka gugel namina barkriver golok) Tah dina sedihna.. Abdi insyaallah moal meneng bae.. Aya ide bangor.. Saeutik aya kahoyong ngageuing bangsa urg nu mulai hilap kana pakarang2 aseli ti lembur.. Nu ceunah tos eleh ti bangsa deungeun.. Insyaallah moal.. Buktosna mah ningan bangsa deungeun ge niron ti urang..
Aya hiji gambar tina ide baong kalayan abdi nu teu bodo2 acan.. Insyaallah padamelan nyalira, henteu ari sae mah.. Ngan mudah2an tiasa ngageuing urang sadaya yen pakarang urg ge tiasa di angge keneh dugi ayeuna.. Mangga kahaturan.. Bedog sajengkal tilu ramo, di padu konstruksi fulltang khas amerika, di soren ku cordura.. Di papaes ku tali kulit atah, bahan waja balik mipih khas tasikmalaya.. Baktos.. Walagri® on mobile Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 7 Jul 2010 10:50:41 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding mang terang, teu? naon wae kriteria hiji peso disebut peso komando. mun kujang asup kana kriteria eta, jigana tegep dipake ku pasukan siliwangi. ah ketang usul di luhur ditarik deui! teu kudu. cekap kujang mah jadi hiasan bilik, ulah dipake ku tangtara........... sieun!!! ngabayangkeun katojos ku peso biasa wae pikabirigidigeun. komo ditojos kujang jago! gustiiiiiiiiiii asa mending kabom :p 2010/7/7 mh <[email protected]> > > > enya uing ge kungsi meunang beja, cenah peso komando tangtara amrik, > sabagian diproses di bandung. > cenah mah amrik ngongkon ka jepun, jepun ngongkon ka urang bandung. hebat > tah. > mun kujang diolah jiga kitu nya, gaya temen. > > > 2010/7/7 Dudi Herlianto <[email protected]> > >> >> >> kujang mah mun teu lepat tos aya nu nyieun tina stainless, malah cenah nu >> nyieunna ge sarua jeung nu sok nyieun peso komando keur tangtara. mun teu >> salah pandayna di bandung. kungsi sababara kali kawenehan basa masih keneh >> boga tipi. >> >> dina internet manggih oge, panday nu nyieunan peso. teddy kardin. profil >> aya dipajang di warungna: http://www.tokopisau.com/id/profile/ >> >> >> Pada 7 Juli 2010 10:32, mh <[email protected]> menulis: >> >>> >>> >>> hade_,___ >>> >> -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

