Mangga geura guar Mang Momo, eta perkara kujang, bedog rompang teh.
Tong hilap gentos heula tajuk diskusina.

2010/7/7 mang mommo <[email protected]>

>
>
> Alah-alah geura eta mang Ii, aya paribasa empu sagala.. Hihihi.. Janten
> isin ahh..
> Sanes ari empu mah abdi mah teu bodo2 acan..
> Kaleresan takdir sareng kudrat na abdi tuturun ti panday besi..
> Insyaallah.. Upami aya nu tertarik ku rupa2 pamor, kujang, bedog jeung
> sajaba na mah, keun sugan aya waktos nyondong urg guar na topik nu khusus
> nya..
>
>
> Baktos..
>
> Walagri® on mobile Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Dudi Herlianto <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Wed, 7 Jul 2010 11:47:24 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Abah Olot nu Micinta Karinding
>
>
>
> mantap mang,
>
> mang mommo, saleresna mah golok ge basa sunda. urang kulon, banten oge
> bogor, nyebut bedog teh golok. cek urang kanekes mah golok teh pusaka,
> sedengkeun kujang mah pakakas sapopoe paranti nyacar di huma.
>
> mang mommo, saur kang ii sumirat mang mommo teh empu. kuring nyuhunkeun
> pisan ka emang kersa ngadadarkeun perkara bedog oge kujang ieu. kumaha
> perjalanana kujang tug dugi ka tiasa jadi pakarang pusaka urang sunda. naon
> wae pamor nu aya di golok jeung kujang, rupa-rupa wanda simeut meuting,
> sarangka, perah.
>
> o muhun, salasaurang kuncen milis ieu ge, wa sasmita, neuleuman kana
> golok/bedog, mun teu lepat mah.
>
> nuhun sateuacanna
>
> dudi
>
> 2010/7/7 mang mommo <[email protected]>
>
>>
>>  [Attachment(s) <#129ab73391d49222_129ab30c5466dbc4_TopText> from mang
>> mommo included below]
>>
>> Sampurasun..
>> Ngiring ngabandungan ti tadi meni resep..
>> Nanging aya jadi ngenaan kana kujang, peso sareng nu sanes.. Abdi jd
>> hoyong ngiringan nambih..
>> Kalayan salian ti kujang, pakarang nu aseli ti tanah pasundan oge aya
>> bedog..
>> Bedog urang teh sanes bedog nu kasebatkeun mangpaat di lemah cai urang
>> wungkul.. Malih mah, bedog2 semacam bedog pamoroan, pameuncitan, pamugeulan,
>> soto gayot dugi ka cepot.. Di akui ku bangsa deungeun..
>> Sim kuring kaleresan resep merhatikeun ieu widang.. Kungsi sedih.. Aya
>> bedog pamoroan nu aseli ti sunda, nu ku karuhun urg dianggo ka leuweung.. Di
>> damel hampir 95% na persis sareng aselina ti urang.. Disebut na oge sami wae
>> golok.. (Mangga tingal ka gugel namina barkriver golok)
>> Tah dina sedihna.. Abdi insyaallah moal meneng bae..
>> Aya ide bangor.. Saeutik aya kahoyong ngageuing bangsa urg nu mulai hilap
>> kana pakarang2 aseli ti lembur.. Nu ceunah tos eleh ti bangsa deungeun..
>> Insyaallah moal.. Buktosna mah ningan bangsa deungeun ge niron ti urang..
>>
>> Aya hiji gambar tina ide baong kalayan abdi nu teu bodo2 acan.. Insyaallah
>> padamelan nyalira, henteu ari sae mah.. Ngan mudah2an tiasa ngageuing urang
>> sadaya yen pakarang urg ge tiasa di angge keneh dugi ayeuna..
>>
>> Mangga kahaturan.. Bedog sajengkal tilu ramo, di padu konstruksi fulltang
>> khas amerika, di soren ku cordura.. Di papaes ku tali kulit atah, bahan waja
>> balik mipih khas tasikmalaya..
>>
>> Baktos..
>>
>>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>
> 
>

Kirim email ke