alah etah, pami hoyong golok nu kitu kedah nawur sabaraha, mang momo? najan
bumen-bumen di wewengkon anu kaasup dayeuh ge, ari kana golok mah sok butuh,
sahanteuna jang nyacar-nyacar atawa ngararapih kai wae mah kadang perlu...

sikandar
kumincir.blogspot.com

2010/7/7 mang mommo

>  Sampurasun..
> Ngiring ngabandungan ti tadi meni resep..
> Nanging aya jadi ngenaan kana kujang, peso sareng nu sanes.. Abdi jd hoyong
> ngiringan nambih..
> Kalayan salian ti kujang, pakarang nu aseli ti tanah pasundan oge aya
> bedog..
> Bedog urang teh sanes bedog nu kasebatkeun mangpaat di lemah cai urang
> wungkul.. Malih mah, bedog2 semacam bedog pamoroan, pameuncitan, pamugeulan,
> soto gayot dugi ka cepot.. Di akui ku bangsa deungeun..
> Sim kuring kaleresan resep merhatikeun ieu widang.. Kungsi sedih.. Aya
> bedog pamoroan nu aseli ti sunda, nu ku karuhun urg dianggo ka leuweung.. Di
> damel hampir 95% na persis sareng aselina ti urang.. Disebut na oge sami wae
> golok.. (Mangga tingal ka gugel namina barkriver golok)
> Tah dina sedihna.. Abdi insyaallah moal meneng bae..
> Aya ide bangor.. Saeutik aya kahoyong ngageuing bangsa urg nu mulai hilap
> kana pakarang2 aseli ti lembur.. Nu ceunah tos eleh ti bangsa deungeun..
> Insyaallah moal.. Buktosna mah ningan bangsa deungeun ge niron ti urang..
>
> Aya hiji gambar tina ide baong kalayan abdi nu teu bodo2 acan.. Insyaallah
> padamelan nyalira, henteu ari sae mah.. Ngan mudah2an tiasa ngageuing urang
> sadaya yen pakarang urg ge tiasa di angge keneh dugi ayeuna..
>
> Mangga kahaturan.. Bedog sajengkal tilu ramo, di padu konstruksi fulltang
> khas amerika, di soren ku cordura.. Di papaes ku tali kulit atah, bahan waja
> balik mipih khas tasikmalaya..
>

Kirim email ke