Kamari basa sikuring rek kawin, kolot teu sirik unggal poe nelpon si kuring
mere nasehat sangkan imah tangga anu baris diwangun teh kuat jeung awet
kalayan bener.
Salasalima papatah kolot teh netelakeun kawajiban anu jadi salaki. Dina
nerangkeun eta konsep teh ngagabungkeun antara konsep agama jeung budaya.
Kawajiban salaki teh diwengku ku 5 rupa kawajiban anu ceuk koot sikuring tea
mah disebut 5M "

   1. Mingpin
   2. Mamatahan
   3. Maraban
   4. Makean
   5. Mondokan

Tah eta konsep kawajiban salaki teh di eceskeun leuwih rinci. Tapi da
sikuring mah moal ngabenjerbeaskeun eta 5 kawajiban leuwh panjang. Da
panginten dulurs teh tos arapal jeung langkung paham kana eta konsep anu
saleresnamah eta teh parantos di tedunana sapuratina ku sakabeh salaki
(meureun?) . Tapi mugia eta konsep ceuk kolot kuring teh bisa mere mangfaat
ka dulurs anu can rumahtangga jeung baris kawin.

Cag ah...
jangdede

Kirim email ke