Nya meureun eta konsep kawajiban salaki teh geus lumrah, kumaha oge
kawajiban pamajikan.
ceuk kolot sikuring Kawajiban salaki teh mangrupa hak anu baris ditarima ku
pamajikan. Kitu deui Kawajiban pamjikan mangrupa hak anu bakal ditarima ku
salaki.
Tah dina hal kawajiban salaki anu kahiji, nyaeta mingpin, salaki teh kudu
leleus jeujeur liat tali cenah, tong sok gereges gedebuk bin sembrono. Ceuk
kolotmah kudu asak jeujeuhan cenah.....
Salaki teh pamingpin, boh dina masalah agama (imam solat jrrd) atawa dina
masalah hubungan sosial sejen.
Salaki kudu bisa ngajak jeung mawa rumah tangga sangkan tujuananan
tinekanan. Tujuana teh cenah SAMARA (Sakinah, Mawaddah sareng Warahmah) tea.
Sarat nu jadi pamingpin teh cenah kudu leuwih loba kanyaho tibatan anu
dipingpin, utamana dina masalah cara ngawangun rumah tangga.

Cag ah...
ke deui, beakeun basa euy....hahah

2010/7/14 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>

>
>
> diantos pedaranana kang, etang2 panggeuing...
>
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
>
> 2010/7/14 jangdede
>
>   Kamari basa sikuring rek kawin, kolot teu sirik unggal poe nelpon si
>> kuring mere nasehat sangkan imah tangga anu baris diwangun teh kuat jeung
>> awet kalayan bener.
>> Salasalima papatah kolot teh netelakeun kawajiban anu jadi salaki. Dina
>> nerangkeun eta konsep teh ngagabungkeun antara konsep agama jeung budaya.
>> Kawajiban salaki teh diwengku ku 5 rupa kawajiban anu ceuk koot sikuring
>> tea mah disebut 5M "
>>
>>    1. Mingpin
>>    2. Mamatahan
>>    3. Maraban
>>    4. Makean
>>    5. Mondokan
>>
>>  
>

Kirim email ke