Cing punten si kuring ngiring mairan, ieumah urang madungdengkeun kukuehan
nu nyampak di Bandung, ari maca kalimah varian kue, jadi inget salah sahiji
bisnis ngajualan rupa-rupa kadaharan dina hiji roda, welasan taun katukang,
usaha ieu biasana sok nganjrek di hiji tempat sisi jalan, boh di pengkolan,
parapatan, pasar, nya sakumna wilayah nu pinuh ku jalma lalar liwat,
kaayeunakeun bisnisna rada mekar make sistem jemput bola, wangun rodana rada
leutik (tayohna ngarah rada hampang mereun mun di dorong), tukang dagang ieu
mah asa rada mahiwal, nyaeta teu boga ciri khas siga nu lian, maranehna
lolobana tara pati ngaluarkeun sora malah sabagean mah sok teu kecet-kecet
acan, ngungkug weh siga nu teu perelu kunu meuli, tapi teu weleh mun
rentang2 manehna datang sok loba wae nu mareuli.

 

Ieu teh nyaritakeun nu dagang sarupaning a-amisan tina sampeu, dina roda
daganganana ngajugrug siga wangun gegetuk rupa rupa warnanyah, merah kuning
kelabu, dan juga biru, tapi tidak ada yang bitu, ngan bedana teh teu rapih
siga gegetuk, estu rawun mun ditingali mah, siga kurupuk blek, lamun aya nu
meuli eta kadahadan di kana daun cau keun terus dipurulukan ku kalapa parud
(kaayeunakeun sigana ukur dipelastikan).

Anu kadua, dina roda keneh oge aya samodel dawet dipincuk ku daun cau (ieu
mah tepika ayeuna oge masih dalam wangun asli), dikucuran ku enten (gula
kawung cair) dipapaes ku kalapa ngora dawegan, mun disuruput teh ni'mat
kacida, bari dibarung ku ngagayem dawegan na.

 

Nu katilu, ngajual ketan nu wangunna segi tilu, ieumah rasana asin, tapi teu
burung ngeunah oge ieu kadaharan teh, sarua dipurulukan parud kalapa.

Nu ka opat, sampeu dibuleud buleud, di jerona gula bereum, sarua make parud
kalapa bagian luarna, mun digayem teh sok ngagecrot gulana.

Ka lima, aya nu disebut ciwel, sampeu di warnaan, dikereut laleutik,
dicampurkeun dina hiji pincuk daun cau, dipurulukan ku kalapa parud pleus
gula bodas. 

Terakhir (semoga belum tuntas hehehe), nyaeta nu disebut bubur pacar, nyaeta
wangun sakoteng (anu ukuranna rada badag) make santen kalapa, dibungkus ku
palastik, siga cilok na teh Ro3, sok digegel juru palastik terus diregot
santenna bari sakalian ngagayem sakotengna.

 

Aeh ngadon ngacaprux (bari ngacay da ngabayangkeun eta kadaharan), enya
maksud si kuring tehh sakalian nanyakeun naha eta kadaharan teh kreatifitas
urang Sunda atawa adopsi ti wewengkon sejen? Cing sugan ka baraya nu
nganjrek di lembur luareun sunda kira-kira aya teu kadaharan siga kieu?

 

Tos ah,  

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of oman abdurahman
Sent: 22 Juli 2010 22:57
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan

 

  

Neng Roro, nuhun dongeng tukang Odadingna, seger. Ngiring bingah ka tukang
odading, geus bisa barang jual Odading make motor.

Eta deui aya informasi anyar keur abdi: Odading teh varian Cak Kwe. Tetela.
kukuehan oge siga virus atawa pembukaan catur, aya varianna. Sigana jejer
kukeuahan upama dibahas varian-varian na baris matak pogot macana. Upamana
wae: Gegetas varian tina Gemblong, atawa Cuhcur varian tina Surabi. 

Kabayang ku kuring, sarupaning Wajit loba pisan varianna. Pon kitu deui
sarupaning Berendil, Bandros, Candil, jsb.loba oge jenis-jenisna. Ngan, anu
susah, kumaha nangtukeun yen kueh anu ieu varian ti anu itu, atawa sablikna.
Aya kriteriana? Siga kumaha nya berendelan kriteriana? Mangga nyanggakeun ka
para ahli kueh...:) 

manar

2010/7/22 roro rohmah <roro_roh...@yahoo.com>

  


Mang Oman, ngiringan ngadongeng ah. Odading.


Ceuk ceunah Odading teh varian tina Cak Kwe nu asalna ti Tiongkok, ngan
lolobana dijual di wewengkon Jabar & Batawi. Sok rada bingung antara Odading
jeung Kueh Bantal. Da, mun dirasa-rasa mah sarua, amis, hipu & aya
lolongkrang di tengahna, ngan beda dina wangun wungkul. Odading mah baruleud
& kueh Bantal mah parasagi, kumaha we bantal. Di pulo Jawa bagean wetan mah
ceunah ieu kadaharan disarebutna teh bolang-baling, ari ku bule sok disebut
Chinese Doughnut.


Di komplek kuring aya sababaraha tukang Odading. Diantarana aya tukang
Odading nu beda tinu lian. Salian pangawakanana nu busekel siga nu sok
miluan pitneus. Sorana ngoncrang teu kudu make toa, ceuk nu bohong tea mah
kadengeun ku jalema sakomplek. Basa karek pindah ka eta komplek, tukang
odading nu eta nikreuh keneh. Tuluy sok naek sapedah. kadieunakeun make
motor. Alhamdulillah, aya kamajuan, gede batina meureun.


Mun ditilik tina Odading jeung Cak Kwe nu didagangkeunna mah biasa bae boh
tina ukuran atawa hargana. Nu bedana dina ngadagangkeunana nyaeta make
"strategi marketing' ku rupa-rupa kecap-kecap basa Sunda (hanjakal teu apal
kabeh) nu pikaseurieun jeung matak panasaran kanu meuli.

 

Ari pas kabeneran pasarandog, kuring sok mesem da hayang seuri.
"Kunaon mesem? Ning meser." bari paromanna lempeng sigan nu teu ngabodor.

Mun di tengah lapang hareupeun imah, sagala disebutan.
Kang Dadang, Kang Endang, Mang Tatang barade yeuh Odadiiiiing...!

Teu kitu norolang siga reporter mengbal...
Odadingraospamiteusapagodoskanapangaoswiosteucios. Mani norostos.

Sok ditungtungan ku lagu Euis Darliah,"Odading.. daaaaanggg. diiiiingg..
dooong.!"

 

heheh,
ro2.

 



 

 

2010/7/21 oman abdurahman <omana...@gmail. com
<http://aa.mc305.mail.yahoo.com/mc/compose?to=omana...@gmail.com> >

  

Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda.



Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang kakuping
aya anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di Bandung masih
mindeng anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan sajaba ti
Odading anu didagangkeun  matuh di warung-warung atawa sababaraha kantin.
Aya anu matak dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, nyaeta
gorowok-nawarkeunan a: "Oooo-dading! !!" ("ngucapkeun "o"-na teh
dipanjangkeun laju dipungkas ku kecap "dading" sacara singget, meh wae teu
kakuping).  

 

 





__________ NOD32 5296 (20100720) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com

  _____  

This e-mail and any attachments are for authorized use by the intended
recipient(s) only. They may contain proprietary material or confidential
information and/or be subject to legal privilege. They should not be copied,
disclosed to, or used by any other party. If you have reason to believe that
you are not one of the intended recipients of this e-mail, please notify the
sender immediately by reply e-mail and immediately delete this e-mail and
any of its attachments. Thank you. 



__________ NOD32 5296 (20100720) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com

Kirim email ke