Mang Oman, ngiringan ngadongeng ah… Odading…

Ceuk ceunah Odading teh varian tina Cak Kwe nu asalna ti Tiongkok, ngan 
lolobana dijual di wewengkon Jabar & Batawi. Sok rada bingung antara Odading 
jeung Kueh Bantal. Da, mun dirasa-rasa mah sarua, amis, hipu & aya lolongkrang 
di tengahna, ngan beda dina wangun wungkul. Odading mah baruleud & kueh Bantal 
mah parasagi, kumaha we bantal. Di pulo Jawa bagean wetan mah ceunah ieu 
kadaharan disarebutna teh bolang-baling, ari ku bule sok disebut Chinese 
Doughnut.

Di komplek kuring aya sababaraha tukang Odading. Diantarana aya tukang Odading 
nu beda tinu lian. Salian pangawakanana nu busekel siga nu sok miluan pitneus. 
Sorana ngoncrang teu kudu make toa, ceuk nu bohong tea mah kadengeun ku jalema 
sakomplek. Basa karek pindah ka eta komplek, tukang odading nu eta nikreuh 
keneh. Tuluy sok naek sapedah… kadieunakeun make motor. Alhamdulillah, aya 
kamajuan, gede batina meureun.

Mun ditilik tina Odading jeung Cak Kwe nu didagangkeunna mah biasa bae boh tina 
ukuran atawa hargana. Nu bedana dina ngadagangkeunana nyaeta make “strategi 
marketing’ ku rupa-rupa kecap-kecap basa Sunda (hanjakal teu apal kabeh) nu 
pikaseurieun jeung matak panasaran kanu meuli.
 
Ari pas kabeneran pasarandog, kuring sok mesem da hayang seuri…
“Kunaon mesem? Ning meser…” bari paromanna lempeng sigan nu teu ngabodor.

Mun di tengah lapang hareupeun imah, sagala disebutan…
Kang Dadang, Kang Endang, Mang Tatang barade yeuh Odadiiiiing…..!

Teu kitu norolang siga reporter mengbal...
Odadingraospamiteusapagodoskanapangaoswiosteucios. Mani norostos.

Sok ditungtungan ku lagu Euis Darliah,”Odading.. daaaaanggg… diiiiingg.. 
dooong…!”
 
heheh,
ro2.
 


 



















 
2010/7/21 oman abdurahman <omana...@gmail. com>


  



Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda.

Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang kakuping aya 
anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di Bandung masih mindeng 
anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan sajaba ti Odading anu 
didagangkeun  matuh di warung-warung atawa sababaraha kantin. Aya anu matak 
dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, nyaeta gorowok-nawarkeunan a: 
"Oooo-dading! !!" ("ngucapkeun "o"-na teh dipanjangkeun laju dipungkas ku kecap 
"dading" sacara singget, meh wae teu kakuping).  







Kirim email ke