ceu ro(dua kali--walah tambah panjang), aya sakaol nu kungsi mampir kana cepil kuring ngeunaan sasakala kueh eta diaranan odading. kieu cenah:
(tempat kajadian persisna mah tos hese dipaluruh, sabab tos lami teuing, pokona mah di tatar sunda jaman kumpeni). harita, kacaritakeun saurang meisye leutik ngurihit ka haar moeder hayang meuli sarupaning kueh. kabitaeun ningali cacamuilan bangun nikmatna saurang pribumi ngadahar eta kueh. ngan hanjakal si meisye eta teu apaleun ngaranna. haar moeder nu bageur jigana tara mere jajan samarangan. keur ngabebenjokeun, manehna ngajak si meisye ka tukang kueh eta. barang jog, nenjo wangun eta kueh si moeder kagugu bari pok, "o dat ding". dasar urang sunda sok salah denge, pokpokan si mejuffrouw teh kadengena jadi odading. ahirna kueh eta nelah we odading nepi ka kiwari, ngaran aslina mah saurang ge moal aya nu ingeteun. hehe... 2010/7/22 roro rohmah <[email protected]> > > > Mang Oman, ngiringan ngadongeng ah… Odading… > _._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

