Para wargi, wirehna sasih Ramadhon kantun etangan puluham jam deui, bilih wae 
sim abdi
dinten enjing teu tiasa mosting.
Timpah tipayun sim abdi neda dihapunten samudaya kalelepatan anu ageung anu 
alitna, anu karaos sareng nu teu karaosna, mugi para wargi jembar manah kersa 
ngahapunten samudaya kalepatan lahir dumugi ka bathinna, sawangsulna bilih wae 
aya kalepatan para wargi, insya Allah dihapunten pisan lahir bathinna, estu 
caang bulan opat welas, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Mugi urang sadaya dipasihan kakiatan dina enggoning ngalakonan ibadah shaum anu 
bade dongkap, ditebihkeun tina sagala dodoja sareng cocoba, kalayan Allah SWT. 
nampi ibadah shaum urang, sareng marengkeun deui masihan kasempetan ka urang 
sadaya kanggo ngajalankeun ibadah shaum taun payun. Aminnn.. ya robbal 
alamiinnn...

Pihatur,
ssw
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda

 



  







      

Kirim email ke