Assalamu 'alaikum wr.wb. Sampurasuun.
Ayi Kumincir Wikidisastra, Aki gaduh sawangan. Ka saha nya kudu ngebrehkeun?
Ras inget ka dieu, nya terus nulis.
Kieu, nu kasawang teh.
Mun nyoreang mangsa ka tukang, ras inget kana piwuruk sepuh, kana eusi caramah 
para Da'i, jeung obrolan para Santri. Waas teh, da eta cenah...Bulan Ramadhan 
teh bulan anu pinuh ku barokah, rahmat, jeung maghfiroh. Atuh hikmahna leubeut 
deuih, boh hikmah keur ayeuna di alam rame, boh keur jaga di alam padang poe 
panjang. Pon kitu deui pikeun pembentukan karakter umat, pokona mah kakupingna 
matak tengtrem kana hate. Da eta cenah, mun hiji jalma ngalaksanakeun puasa 
kalayan iklas karana Allah, dosana muruluk maruragan. Jaba ti kitu, baris 
nyirnakeun rasa sirik pidik jail kaniaya, mupus sifat medit,kumed,meregehese 
alias buntut kasiran. Malah sifat sarakah ge nyingkah kasilih ku rasa asih. 
Sabab sabada puasa baris bisa ngarasakeun kumaha lara balangsakna jalma anu 
sagala tuna, boro-boro bisa meuli baju weuteuh, apan jang dahar sapopoe ge 
hese. Pikeun anu kokoro mah lapar teh meh saendeng-endeng.Jadi ku ngarasakeun 
laparna dina ngalakonan puasa, bakal bisa
 ngarautan hate nu kasar karadak, baris bisa mikawelas mikasih kanu leutik 
(miskin), anu buahna jadi jalma anu daek mere maweh sarta getol sodakoh. Jeung 
rea rea deui...loba naker nu ngabahas hikmah puasa Ramadhan teh, mun dibukaer 
mah euh...sabaraha ratus lambareun nulisna ge...
Mun eta kahontal, bagja temen.

Tapi, ras deui kana kanyataan nu mindeng kadenge, katenjo, jeung karasa.
Ramadhan deui, puasa deui, susah deui, seunggah deui. Sabab harga-harga naraek. 
Ramadhan deui, zakat deui, susah deui, seunggah deui, anu miskin angger teu 
robah, malah boa kalah nambahan.
Ramadhan deui, puasa deui, zakat deui, macet deui, mahal, deui, malah beuki 
dieu kalah beuki pikasusaheun. Jauh keneh ka Ramadhan hahargaan geus rabeng 
lalumpatan paheula-heula kawas nu balap. Swasta kitu, pamarentah kitu. Ana pek 
teh cek nu kagungan nagara "Kenaikan harga itu bisa dijelaskan". Naon eta teh? 
Bingung aki mah..
Jol teh Ramadhan sumping, dipapag deui bae ku naekna hahargaan, etah Kareta Api 
mah komo, diumumkeun resmi di media. Emh.....
Kumaha engke mun geus sumping Lebaran? Teu kasawang pisakumahaeun teuing 
ngajeritna nu laleutik..nu gede onaman panjang lengkahna.

Yi, naha nya? Ramadhan teh lain identik jeung BASAJAN (sederhana)? Nu aya bet 
sabalikna. Naha kaci mun Aki rek ngebrehkeun pamanggih? sugan we keuna, dina 
henteuna, nya hampura.
Teraskeun? Muhun, mangga...

Kieu...
Nu kasawang ku Aki mah, konsep Allah mustahil salah.
Jadi, lamun fenomena Ramadhan jeung lebaran henteu ngebrehkeun robahna sikep  
jeung pola pikir umat, malah nu aya kalah matak hariwang ku hahargaan anu sing 
terekel naek. Lain Ramadhan nu salah, lain puasa nu salah, lain dalil anu 
salah, tapi salah urang keneh. 
Palebah mana salahna? Salahna saeutik, tapi hese menerkeunana, sabab geus jadi 
kabiasaan balarea.
Mun diukur ku elmu matematika atawa itungan, insya Allah puasa Ramadhan teh 
barokahna karasa langsung. Logikana kieu; mun biasana dahar tilu kali sapoe, 
keur puasa mah ngan dua kali (saur jeung buka). Mun diukur ku duit, sakali 
dahar rata-rata Rp 3000, dina sabulan baris ngurangan anggaran dahar 30 poe x 
Rp 3000,- = Rp 90.000/jiwa. Lamun di kulawarga aya lima jiwa, bisa ngurangan 
anggaran 5 jiwa x Rp 90.000 = Rp 450.000. Eta teh tina dahar wungkul. Pikeun 
anu sok ngaroko, bakal ngurangan tina anggaran roko. Pikeun anu sok jajan baso 
sapoe dua kali, bakal ngurangan tina anggaran jajan baso. Ah, pokona mah 
kuayana puasa teh bakal ngurangan anggaran. Hartina ngurangan volume balanja, 
balukar anu sifatna umum...ngamuara kana rumus ekonomi. 
Cek rumus ekonomi, lamun persediaan leuwih loba batan permintaan mangka harga 
bakal turun. Lamun permintaan leuwih loba batan persediaan mangka harga bakal 
naek.
Ku ayana puasa, permintaan turun (kuduna) mangka harga bakal turun. Akibatna, 
tukang baso teu dagang beurang, warung sangu sepi, kios roko sepi. Mun kabeh 
kitu, moal enya harga teu turun?
Kumaha fakta nu saenyana? Kalah sabalikna, hahargaan balap tea paheula-heula 
naek.
Jadi, saha nu salah? Da geuning saur Kapala Nagara ge kenaikan harga bisa 
dijelaskan, maksadna meureun nu tadi tea. Kulantaran permintaan naek, nya harga 
ge naek. Alesanana pan rek ramadhan. Pan jadi bingung, naha ku datangna 
Ramadhan bet kalah matak naekeun harga? Naha enya permintaan naek, nu 
ngabalukarkeun harga naek?
Boa enya. Da eta geuning, rek puasa teh kalah sagala dibeuli, nu biasana tara 
ge ayeuna mah diayakeun. Nu tadi tea, kuduna mah turun anggaran dahar teh, 
eh..kalah nambahan. Biasana meuli endog teh sakilo, ayeuna mah dua kilo, 
ditambah ku sirop, ku kolek, ku apel, ku jeruk, ku pepetasan, ku naon deuih 
lah...matak lieur.Atuh nya puguh, anggaran teh kalah beukah, lain ngurangan. Da 
eta ngagem sifat KONSUMTIF. Jadi weh hahargaan naek. Ngan anu harianeun mah 
pamarentah, naha atuh kalah pipilueun naekeun harga. Nya beuki wowotan atuh...

Sawangan Aki, bulan Ramadhan teh hayang kieu.
Puasa jeung Lebaran teh ibadah anu gebyar, anu pakuat-pakait jeung sistem 
ekonomi, sistem sosial, sistem politik,sistem hukum, sistem atikan, jeung 
rea-rea deui. Kahayang teh pamarentah mere conto anu alus, kumaha carana 
sangkan umat Islam meunang pangajen salila bulan Ramadhan. Carana, ciptakeun 
suasana anu kondusif, bere insentif ku mangrupa bonus potongan harga anu logis. 
Contona, bulan sejen ongkos Kareta Api teh Rp 200.000, kanu keur puasa mah jadi 
Rp 175.000. Kitu deui ongkos Beus, Kapal terbang, kapal laut, jeung sajabana. 
Pan cek Ajengan oge mere dahar kanu buka puasa teh gede ganjaranana, meureun 
mere karinganan ongkos kanu puasa ge gede ganjaranana. Naha pamarentah teu 
butuhekun ku ganjaran  amal soleh model kitu? Da geuning ongkos teh saban taun 
kalah sok dihaja ditaekeun, resmi diumukeun ku pamarentah. Lain tibalik arti 
kitu? Ieu mah kalah nurutan rumus ekonomi, rumus dunya, kulantaran permintaan 
meningkat, maka harga menjadi nbaik.
 Eeh..mana nilai religiusna atuh?
Mun terus-terusan kitu, iraha ibadah rek aya dampak kana perilaku umat anu 
positif?
Aeh... panjang teuing nya? geus heula ah. Upami aya nu sapikiran jeung Aki, 
mangga we lajengkeun, da yakin tos ngalartos.....

Punten Yi....mun teu keuna, nya bejaan we bisi katalanjuran salah.
Wilujeng ngalaksanakan ibadah puasa ka baraya Muslim
Cag ah










---
Dari: Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail.com>
Judul: Re: [Urang Sunda] Re: Join Create Abundance 2020 International  Network, 
7/28/2010, 5:00 am
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Tanggal: Jumat, 30 Juli, 2010, 9:17 AM







 



  


    
      
      
      aya nu ngalebetan agenda milis, mang. nembe ditingal di yahoogroups, 
memang kalender milis tiasa dieusi bebas. pami tiasa mah kalenderna dikoncian 
ngarah teu sagawayah jalma ngaranjah...

sikandar
kumincir.blogspot. com




 __


 



  





Kirim email ke