Waalaikum salam wr. wb.,....rampesss....
Leres..leresss..pisan kasauran salira, nyakitu geuning pangagung diurang mah 
khususna anu nyepeng kakawasaan, nangtoskeun hiji kawijakan teh, asa teu acan 
kakuping ngaluarkeun kawijaksanaan "demi si leutik", duka pedah sim abdi jauh 
tilembur anggang ti sarakan.
Eta oge panginten aya hiji dua pangagung anu gaduh lamunan nulungan "si leutik" 
namung
nyakitu, teu acan ge der eta kawijakan diputuskeun, tos disaregag tisisi 
tigigir.
Sapertos sabaraha waktos kalangkung aya pangagung abu bade ngaharatiskeun iuran 
listrik anu 500 watt, da tangtosna oge anu nganggo listrik 500 watt mah moal 
saha deui ari sanes "si leutik" mah.
Namung nya kitu geuning hayoh pangagung nu sanesna pada nyaregag, atuh kulapes 
deui
eta paniatan ngaharatiskeun iuran listrik 500 watt teh.
Alesanana mah tangtos katoong kusadayana.

Punten ahhh...ngacapruk ti kajauhan.

Pihatur,
ssw
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda

Ki Leuksa Sunda <[email protected]>






 



  


    
      
      
      
Assalamu 'alaikum wr.wb. Sampurasuun.
Ayi Kumincir Wikidisastra, Aki gaduh sawangan. Ka saha nya kudu ngebrehkeun?
Ras inget ka dieu, nya terus nulis.
Kieu, nu kasawang teh.
Mun nyoreang mangsa ka tukang, ras inget kana piwuruk sepuh, kana eusi caramah 
para Da'i, jeung obrolan para Santri. Waas teh, da eta cenah...Bulan Ramadhan 
teh bulan anu pinuh ku barokah, rahmat, jeung maghfiroh. Atuh hikmahna leubeut 
deuih, boh hikmah keur ayeuna di alam rame, boh keur jaga di alam padang poe 
panjang. Pon kitu deui pikeun pembentukan karakter umat, pokona mah kakupingna 
matak tengtrem kana hate. Da eta cenah, mun hiji jalma ngalaksanakeun puasa 
kalayan iklas karana Allah, dosana muruluk maruragan. Jaba ti kitu, baris 
nyirnakeun rasa sirik pidik jail kaniaya, mupus sifat medit,kumed, meregehese 
alias buntut
 kasiran. Malah sifat sarakah ge nyingkah kasilih ku rasa asih. Sabab sabada 
puasa baris bisa ngarasakeun kumaha lara balangsakna jalma anu sagala tuna, 
boro-boro bisa meuli baju weuteuh, apan jang dahar sapopoe ge hese. Pikeun anu 
kokoro mah lapar teh meh saendeng-endeng. Jadi ku ngarasakeun laparna dina 
ngalakonan puasa, bakal bisa ngarautan hate nu kasar karadak, baris bisa 
mikawelas mikasih kanu leutik (miskin), anu buahna jadi jalma anu daek mere 
maweh sarta getol sodakoh. Jeung rea rea deui...loba naker nu ngabahas 
hikmah puasa Ramadhan teh, mun dibukaer mah euh...sabaraha ratus lambareun 
nulisna ge...
Mun eta kahontal, bagja temen.

Tapi, ras deui kana kanyataan nu mindeng kadenge, katenjo, jeung karasa.
Ramadhan deui, puasa deui, susah deui, seunggah deui. Sabab harga-harga naraek. 
Ramadhan deui, zakat deui, susah deui, seunggah deui, anu miskin angger teu 
robah, malah boa kalah nambahan.
Ramadhan deui, puasa deui, zakat
 deui, macet deui, mahal, deui, malah beuki dieu kalah beuki pikasusaheun. Jauh 
keneh ka Ramadhan hahargaan geus rabeng lalumpatan paheula-heula kawas nu 
balap. Swasta kitu, pamarentah kitu. Ana pek teh cek nu kagungan nagara 
"Kenaikan harga itu bisa dijelaskan". Naon eta teh? Bingung aki mah..
Jol teh Ramadhan sumping, dipapag deui bae ku naekna hahargaan, etah Kareta Api 
mah komo, diumumkeun resmi di media. Emh.....
Kumaha engke mun geus sumping Lebaran? Teu kasawang pisakumahaeun teuing 
ngajeritna nu laleutik..nu gede onaman panjang lengkahna.

Yi, naha nya? Ramadhan teh lain identik jeung BASAJAN (sederhana)? Nu aya bet 
sabalikna. Naha kaci mun Aki rek ngebrehkeun pamanggih? sugan we keuna, dina 
henteuna, nya hampura.
Teraskeun? Muhun, mangga...

Kieu...
Nu kasawang ku Aki mah, konsep Allah mustahil salah.
Jadi, lamun fenomena Ramadhan jeung lebaran henteu ngebrehkeun robahna sikep
  jeung pola pikir umat, malah nu aya kalah matak hariwang ku hahargaan anu 
sing terekel naek. Lain Ramadhan nu salah, lain puasa nu salah, lain dalil anu 
salah, tapi salah urang keneh. 
Palebah mana salahna? Salahna saeutik, tapi hese menerkeunana, sabab geus jadi 
kabiasaan balarea.
Mun diukur ku elmu matematika atawa itungan, insya Allah puasa Ramadhan teh 
barokahna karasa langsung. Logikana kieu; mun biasana dahar tilu kali sapoe, 
keur puasa mah ngan dua kali (saur jeung buka). Mun diukur ku duit, sakali 
dahar rata-rata Rp 3000, dina sabulan baris ngurangan anggaran dahar 30 poe x 
Rp 3000,- = Rp 90.000/jiwa. Lamun di kulawarga aya lima jiwa, bisa ngurangan 
anggaran 5 jiwa x Rp 90.000 = Rp 450.000. Eta teh tina dahar wungkul. Pikeun 
anu sok ngaroko, bakal ngurangan tina anggaran roko. Pikeun anu sok jajan baso 
sapoe dua kali, bakal ngurangan tina anggaran jajan baso. Ah, pokona mah 
kuayana puasa teh bakal ngurangan anggaran. Hartina
 ngurangan volume balanja, balukar anu sifatna umum...ngamuara kana rumus 
ekonomi. 
Cek rumus ekonomi, lamun persediaan leuwih loba batan permintaan mangka harga 
bakal turun. Lamun permintaan leuwih loba batan persediaan mangka harga bakal 
naek.
Ku ayana puasa, permintaan turun (kuduna) mangka harga bakal turun. Akibatna, 
tukang baso teu dagang beurang, warung sangu sepi, kios roko sepi. Mun kabeh 
kitu, moal enya harga teu turun?
Kumaha fakta nu saenyana? Kalah sabalikna, hahargaan balap tea paheula-heula 
naek.
Jadi, saha nu salah? Da geuning saur Kapala Nagara ge kenaikan harga bisa 
dijelaskan, maksadna meureun nu tadi tea. Kulantaran permintaan naek, nya harga 
ge naek. Alesanana pan rek ramadhan. Pan jadi bingung, naha ku datangna 
Ramadhan bet kalah matak naekeun harga? Naha enya permintaan naek, nu 
ngabalukarkeun harga naek?
Boa enya. Da eta geuning, rek puasa teh kalah sagala dibeuli, nu biasana tara 
ge ayeuna mah diayakeun. Nu
 tadi tea, kuduna mah turun anggaran dahar teh, eh..kalah nambahan. Biasana 
meuli endog teh sakilo, ayeuna mah dua kilo, ditambah ku sirop, ku kolek, ku 
apel, ku jeruk, ku pepetasan, ku naon deuih lah...matak lieur.Atuh nya puguh, 
anggaran teh kalah beukah, lain ngurangan. Da eta ngagem sifat KONSUMTIF. Jadi 
weh hahargaan naek. Ngan anu harianeun mah pamarentah, naha atuh kalah 
pipilueun naekeun harga. Nya beuki wowotan atuh...

Sawangan Aki, bulan Ramadhan teh hayang kieu.
Puasa jeung Lebaran teh ibadah anu gebyar, anu pakuat-pakait jeung sistem 
ekonomi, sistem sosial, sistem politik,sistem hukum, sistem atikan, jeung 
rea-rea deui. Kahayang teh pamarentah mere conto anu alus, kumaha carana 
sangkan umat Islam meunang pangajen salila bulan Ramadhan. Carana, ciptakeun 
suasana anu kondusif, bere insentif ku mangrupa bonus potongan harga anu logis. 
Contona, bulan sejen ongkos Kareta Api teh Rp 200.000, kanu keur puasa mah jadi 
Rp 175.000. Kitu deui
 ongkos Beus, Kapal terbang, kapal laut, jeung sajabana. Pan cek Ajengan oge 
mere dahar kanu buka puasa teh gede ganjaranana, meureun mere karinganan ongkos 
kanu puasa ge gede ganjaranana. Naha pamarentah teu butuhekun ku ganjaran  amal 
soleh model kitu? Da geuning ongkos teh saban taun kalah sok dihaja ditaekeun, 
resmi diumukeun ku pamarentah. Lain tibalik arti kitu? Ieu mah kalah nurutan 
rumus ekonomi, rumus dunya, kulantaran permintaan meningkat, maka harga menjadi 
nbaik. Eeh..mana nilai religiusna atuh?
Mun terus-terusan kitu, iraha ibadah rek aya dampak kana perilaku umat anu 
positif?
Aeh... panjang teuing nya? geus heula ah. Upami aya nu sapikiran jeung Aki, 
mangga we lajengkeun, da yakin tos ngalartos... ..

Punten Yi....mun teu keuna, nya bejaan we bisi katalanjuran salah.
Wilujeng ngalaksanakan ibadah puasa ka baraya Muslim
Cag ah










---
Dari: Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@gmail. com>
Judul: Re: [Urang Sunda] Re: Join Create Abundance 2020 International  Network, 
7/28/2010, 5:00 am
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
Tanggal: Jumat, 30 Juli, 2010, 9:17 AM







 



    
      
      
      aya nu ngalebetan agenda milis, mang. nembe ditingal di yahoogroups, 
memang kalender milis tiasa dieusi bebas. pami tiasa mah kalenderna dikoncian 
ngarah teu sagawayah jalma ngaranjah...

sikandar
kumincir.blogspot. com




 __


 





    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke