> mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
>   Kang Rahman, oge Kang Nana,
>   
>   Resep oge maos ieu jejer teh. Manawi bae sing jucung dugi ka
tungtung,  ah. Sanaes nanaon, kapungkur, jejer ieu kantos janten salah
sawios 
>   topik di milis sapalih. Nanging, nya kitu: Ngabuntut bangkong.
> 

Haturan Kang Maman,

Kang MH, nuhun aha... dipangmeuntaskeun ieu warta. Resep oge nya,
diskusi anatar kalurahan teh he he he.

Kang Man, tepang deui. Nuhun waleranana... 

Rek ngaceleng deui kana basa panengah. Ambeh teu pasesedek make undak
usuk nya? 

Puguh, geus rada lila kuring mostingkeun eta dongeng teh. Tapi teu
nyanggut... taya nu mairan. Sababara peo katukang kabeneran ngobrol OL
jeung Kang MH... terus kasabit2 sual politik tea. Dipajukeun deui weh!

Sigana mah enya kudu kitu Kang. Urang Sunda kudu ancrub kana
politik... tapi ulah maen biola kadua... kudu biola kahiji!

Sigana mah strategis pisan jeung geus waktuna lamun urang Sunda boga
platform politik anu mandiri. Tujuannana nya merjuangkeun karaharjaan
masyarakat urang sorangan. Ngandelkeun batur mah moal eucreug!

Ngaliwatan ieu partey.. ideal urang (bangsa Sunda) paling henteu bisa
dikamalirkeun! Ningali situasi ayeuna... pan teu boga kamalir lin? Pan
lamun geus aya pertey mah, kapentingan urang kudu bisa didedetkeun
(langsung-teu langsung) kana sistem pangwangunan Tatar Sunda!

Sabenerna mah kuring kurang ngarti kana istilah EGALITER tea. Palebah
mana urang Sunda egaliter na teh? Apan sakitu patriarkal na? 

Urang tong boga pikiran utopis rek ngahijikeun US ngadukung partey
Sunda! Da moal bisa! Malah mah aya alusna lamun urang Sunda teu ngan
ngadukung hiji partey... 

Tah lebah dieu rada pincang teh. Ari partey sejen na geus pabalatak,
tapi partey Sunda can katingali akar2na acan?

Saran ti kuring. Ka sakumna generasi ngora anu boga katineung kana
budaya jeung kama'muran bangsa Sunda. Geuwat geura nyieun partey... Da
mun teu ngaliwatan politik mah, rek ngaliwatan jalan naon atuh...
urang rek ngasupkeun agenda kasundaan teh? 

Prung ah... meungpeung can elat pisan!

Hanjakal... kuring mah moal bisa ancrub langsung dina politik
praktis... Jarak na gede teuing he he he. Tapi, kuring sadia ngabantu
leuleutikan dina widang sejen na. Wah... GR ni yéé... ;))

Baktos,

Rahman





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
For $25, 15 Afghan women can learn to read. Your gift can make a difference.
http://us.click.yahoo.com/_smZ4B/SdGMAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke