--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Remi" <rsyaif...@...> wrote:
>
> Di NL mah, mun jelema kumpul kebo terus hayang boga status DISAMAKAN jeung 
> status jelema kawin, nya WAJIB nyieun akteu di notaris. 
> 
> SAcara hukum 'status'na rada disaruakeun. Make kecap 'rada', sabab dina 
> prak2anana, status perkawinan leuwih unggul tinimbang status akteu ti notaris.
> 
> 

Sacara hukum di NL mah euweuh istilah kawin siri. Istilah kawin nya kawin we, 
dina harti hiji KONTRAK anu dicatet ku nagara. Kawin sacara Islam, Kristen, 
Budha, Yahudi atawa kumpul kebo, sacara hukum TEU sah (sacara hukum)... mun TEU 
didaftarkeun ka nagara liwat catetan sipil. DIna harti, status na sacara hukum 
teu dilindungi.

Budak anu dilahirkeun di luar perkawinan nagara, biasana mah otomatis diwalian 
ku indung na. Bapa na TEU boga hak ngaku eta budak jadi ahli waris samemeh 
diurus sacara sah, liwat notaris atawa nagara.

Jadi, sigana mah tinimbang dipidanakeun kawin model kitu, mendingan KUDU diakui 
ngaliwatan catatan sipil atawa notaris.

Kirim email ke