> dkaba...@... wrote:
> Sigana daripada ngaributkeun kawin siri mah pamarentah kudu 
> ngaronjatkeun parekonomian didaerah supaya maju. Da masalahna 
> hiji... Awewe daek di kawin kontrak kusabab bakat... Bakat ku butuh 
> DUIT!!!

Memang dilemna dina masalah ieu teh, ngan ari ceuk kuring mah KAWIN alias NIKAH 
mah tetep wajib dicatet/ diadministrasikeun ku nagara, supaya puguh jujutanana. 
Umpama wae aya awewe miskin, hayang kajait tina kamiskinana ku jalan dikawin ku 
lalaki beunghar,  jauh leuwih hade lamun  manehna kawin jeung lalaki beungjar 
ieu, resmi dicatet ku nagara. Manehna jadi leuwih kajamin (kaasup materi) 
tinimbang ukur kawin "bawah tangan" nu paling-paling lalaki barang berena lamun 
acan bosen. Ari geus bosen mah, lung dipiceun, si lalaki bisa neangan deui nu 
sejen, nu seger keneh.

Geus dipiceun? Si Awewe teu bisa nanaon, teu bisa nuntut materi/ jaminan da teu 
aya catetan "hitam-putih"na, padahal gaya hirup manehna geus ningkat/ luhur. 
Akibatna keur nutup "gaya hirup"na, bisa-bisa tigebrus kana jurang prostitusi. 
Hal ieu bisa ditalungtik di tempat prostitusi kumaha kasang tukangna para 
ungkluk. Ceuk kuring mah kawin siri/ bawah tangan boga potensi ningkatkeun 
prostitusi!. 

Tapi memang dilemna oge sabab nagara nganggap kawin siri teh  sraua jeung 
"kumpul kebo", padahal aya sabagian masyarakat nu nganggap
kawin "sah". Tapi ketang nagara pan boga kakawasaan, bisa wae ngalarang 
kabisaan masyarakat nu teu pati bener. Lamun teu kitu, bisa leuwih amburadul.

Ah ...serieus teuing ..hahahaha

Baktos,
WALUYA









 


Kirim email ke