--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>
> Majalah Tempo minggu ieu, laporan khususna perkara "Ngimpi Nagara Islam" DI/ 
> TII. Lumayan artikelna loba da wedalan edisi khusus 17 Agustusan. Tah lamun 
> nyaritakeun DI/TII  moal leupas ti tokoh Kartosuwiryo nu dicaritakeun 
> lengkep dina laporan majalah ieu kaasup lalakon istrina, Dewi Siti Kalsum, 
> wanoja Malangbong nu kalawan satia asup kaluar leuweung marengan carogena nu 
> "bajuang" demi prinsip.  Kuring ngarasa, bet asa aya kasaruaanana jeung Ibu 
> Inggit:  Sarua gaduh caroge urang Jawa, carogena sarua aktivis politik nu 
> nyekel prinsip jeung ....  sarua dibawa sangsara ku caroge. Ngan bedana teh 
> hasil nu beda, Ibu Inggit mah carogena jadi "the winner", ari Ibu Dewi Siti 
> Kalsum mah, carogena jadi "the looser".
> 
> Nyanggakeun copy-paste artikel perkawis Ibu Dewi Siti Kalsum:
> 
> 

Nuhun Kang!
Dongeng Kartosuwiryo nu ieu mah kuring kakara nyaho tah!:)) 
Tapi enya oge nya, geuning urang Sunda mah jadi pamaen biola kadua wae. Inget 
kana buku biografi Bu Inggit anu ditulis ku Kang Ramadan KH tea, 'Ku antar ke 
Gerbang'. Sigana mah dongeng Dewi ge asa paralel pisan. Nutur2 salaki nepi ka 
koredas!

Beda na dina ending na:
Lantaran Karno sukses... bu Inggit ditoker. Dina carita Karto mah...Karto na nu 
ngagulawing.

Tapi keukeuh... duanana lain happy ending! 

Kirim email ke