--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:

> > Cik... ya teu basa ilmiah Sunda? Mun aya... di mana, jeung kumaha conto na?
> >> Mun euweuh, kumaha nyieun variasi basa ilmiah Sunda?

> > Cik atuh keur puasa teh, haben wae tatanya. Na matak naon mun jawab ku
> > sorangan. Hahaha.
> > Ari basa ilmiah teh nu kumaha? Eh uing ge kalah milu nanya deuih nya.
> >

> Eh aya hiji deui pasualanana, ari nu ilmiah teh basana atawa eusina nya?
> 
Kang MH,

Mendingan ngadon tatanya, tinimbang ngulahek alatan lapar he he he.. Euweuh nu 
ngajawab ge, ah keun bae...:))

Anu jadi panalek teh UKUR urusan variasi basa wungkul. Sigana mah can nepi kana 
eusi ilmiah, tapi ukur nanya perkara cangkang. Kieu masalah na:
1. Asa can nempo majalah ilmiah basa Sunda. Dina majalah model kitu pan make 
variasi basa ilmiah anu beda jeung basa sapopoe. Jurus basa ilmiah mah pan kudu 
lugas, teu pungkal pengkol alias satarabas na. Peristilahan na ge beda jeung 
basa jang ngobrol di warung kopi.

2. Mun nempo kaayaan basa Sunda ti baheula nepi ka ayeuna, pan can pernah 
dipake formal. Boh dina urusan pamarentahan, boh dina widang atikan.

Tah, mun nempo kaayaan model kitu, kasimpulan kuring (sementara) teh, variasi 
basa Sunda ilmiah teh (TACAN) aya. Mun anu boga buktina, urang rugrugkeun eta 
kasimpulan kuring di luhur.

Ketah...
Di jurusan basa Sunda Unpad (paling henteu baheula) diwenangkeun nulis skripsi 
make basa Sunda. Skripsi teh pan karya ilmiah, jadi mun pernah aya skripsi mak 
BS hartina, basa ilmiah Sunda (pernah) eksis.

Aya nu pernah nulis disertasi make basa Sunda teu nya?:))) Sugan ti jurusan 
Fisika ITB, pernah aya nu pirajeuneung nulis ngeunaan fisika make basa Sunda?;))


Kirim email ke