--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Ahmad Dimyati <a_dimya...@...> wrote:
>
> Kang Rahman nu rancage;
> Baku ari geus ngoyag-ngoyag jagat kusnet teh. Teu weleh boga isu keur ngajak 
> urang sarerea mikir jeung ngocoblak. Siga urang sarerea, pasti juragan 
> Hawking 
> teh can eureun neangan bebeneran. Can nepi ka tungtung usaha ngambah samudra 
> elmu nu teu aya tapel watesna. 

Haturan Ararakang sadaya,

Dunya gonjang ganjing Kang!:)) Lain wae di RI, dalah di NL ge anu kaitung 
masyarakat sekuler katempo na paciweuh he he he. Komo kalangan relijius mah, 
mani siga kahuruan janggot!;))Kamari pirajeuneun noongan forum di NL, ribut oge 
tah.

Ku kuring dipostingkeun di dieu, nyambung jeung obrolan ti heula. Sigana mah 
diskusi ieu teh moal beres2. Lain teu kebat... tapi materina memang 
pikaresepeun he he he... Wates jeung jalur anu PRO jeung nu KONTRA teh kaciri 
pisan.

Maksud kuring mah, taya lian.... materi model kieu teh UKUR keur bahan catur. 
Pan ieu forum teh jang diskusi lin? Urusan satuju jeung teu satuju mah, pan 
urusan individu. Anu kairong ku kuring mah... urang sarerea jamaah ieu milis 
babarengan DIAJAR mikir. Blas ka mana? Ah, kumaha engke we....

Sakieu heula wae, itung2 bubuka memeh buka na....
Ke, mun rada salse.... urang guar deui ieu masalah... resep ari ngarahul teh 
da!:))

Kirim email ke