Aya sababaraha kamungkinan:
1) Agama Pajajaran harita mungkin memang Hindu. Tapi, hal eta sacara umumna
wae. Hartina, henteu nutup kamungkinan aya sababaraha penduduka atawa
balikta di lingkungan karaton/karajaan sorangan anu ngeus nganut agama
Islam. Dina buku "Rintisan Penelusuran Masa Silam, Sejarah Jawa Barat", anu
sumber utamana tina Naskah Wangsakerta tea, p Saleh Danasasmita alm
saparakanca nyebutkeun yen aya ti lingkungan kulawarga karajaan anu tos
lebet Islam malah ti samemeh ngadeg Pajajaran atawa ti jaman Galuh / jaman
PrabuWastukancana keneh (anu gelar haji Purwa);

2) Pakait jeung nu nomer 1), bisa jadi, agama Islam anu dianut ku urang /
raja / lingkungan karajaan di Sunda harita nyaeta - sakumaha geus
dicaritakeun ti heula - agama Islam anu leuwih mentingkeun kana dimensi
sosialna wae, jadi henteu ngagegedekeun aspek ritual. Hal eta lian ti pakait
jeung Islam anu kumaha jeung ti saha katarimana di Sunda, oge pakait jeung
kaayan kahirupan politik, sosial jeung budaya harita;

3) PS jeung lingkungan karaton tetep ngagem agama Hindu, ngan toleran ka
perkembangan agama-agama anyar, kaasup Islam. Anu dipayunkeun ku PS jeung
abdi karajaan nyaeta karukunan kahirupan beragama. Faktana harita anu
dipayunan: mayoritas masyarakat masih ngagem agama Hindu. Namung, PS henteu
ngahalangan kana sumebarna agama Islam.

sakitu heula.

manar

2010/8/30 oman abdurahman <omana...@gmail.com>

> Hehehe, anu samodel nulis Singasari tapi anu nulisna teu hirup di jaman
> Singasari lamun dina studi hadist mah disebut teu lulus kritis historis.
>
> manar
>
> 2010/8/30 Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo.com>
>
>
>>
>> Margi dina Nagara Kretagama ditulis oge perkawis Singasari dimana Prapanca
>> teu ngalaman hirup di jaman Singasari.
>>
>> --- On *Mon, 8/30/10, Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo.com>* wrote:
>>
>>
>> From: Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo.com>
>> Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: Kisah Imam Ali bin Abi Thalib as dan Raden
>> Kian Santang
>> To: kisunda@yahoogroups.com
>> Date: Monday, August 30, 2010, 1:06 AM
>>
>>
>>
>>
>> Tah upami Nagara Kretagama mah sanes sumber sajarah primer, kirang soheh.
>> Benten sareng Naskah Bujangga Manik anu soheh.
>>
>>
>>
>> --- On *Mon, 8/30/10, Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>* wrote:
>>
>>
>> From: Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
>> Subject: Bls: [kisunda] Re: Kisah Imam Ali bin Abi Thalib as dan Raden
>> Kian Santang
>> To: kisunda@yahoogroups.com
>> Date: Monday, August 30, 2010, 12:41 AM
>>
>>
>>
>> Nambihan sakedik. Memang leres lolobana naskah lokal tara dianggo jadi
>> sumber primer, meureun kusabab eusina sakapeung sok teu logis. Tapi naskah
>> Bujangga Manik mah beda, salian ti eusina oge kulantaran naskah ieu otentik
>> kolotna, disimpen ti taun 1627 keneh di Musieum di Oxford Inggris. Mangga
>> bandingkeun jeung naskah-naskah lokal sanesna, nu kakara kapendak ti
>> penduduk nu nyimpenna paling lami ge 200 taun katukang. Contona Nagara
>> Kertagama naskah perkara Majapahit kapanggih di Lombok taun 1894. Nagara
>> Kertagama cenah disusun ku Empu Parapanca di taun 1365. Ti disusun tepi ka
>> kapanggih 500 taun. Kuat kitu daun lontar 500 taun di tempat siga di urang
>> nu kelembabanana luhur? Ah nya moal. Keur nyalametkeun, biasana
>> naskah-naskah ieu disalin deui, samemeh rusak. Tah dina waktu nyalin ieu
>> bisa wae aya nu nambahan atawa nu ngurangan ....
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>>
>> --- In kisunda@yahoogroups.com, "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>> >
>> > > Ahmad Sahidin <ahmadsahidin@> wrote:
>> > > kekeke... mun teu lepat mah saur sejarawan Azyumardi Azra, naskah
>> > > lokal teu kasebat sumber primer. Duka tah mun salira nyebat kitu
>> > > mah.
>> >
>> > Ih sanes kuring nu nyebutkeun naskah bujangga manik naskah primer, tapi
>> wikipedia, mangga we baca didieu :
>> http://id.wikipedia.org/wiki/Kerajaan_Sunda
>> >
>>
>>
>>
>>  
>>
>
>

Kirim email ke