Leres kang. hehehe... jigana Kanjeng Prabu teh boga agama nyalira kitu? agama 
pluralisme.... hehehe punten mun teu nyambung.

www.ahmadsahidin.wordpress.com

--- Pada Sab, 28/8/10, mh <khs...@gmail.com> menulis:

Dari: mh <khs...@gmail.com>
Judul: Re: [kisunda] Kisah Imam Ali bin Abi Thalib as dan Raden Kian Santang
Kepada: kisunda@yahoogroups.com
Tanggal: Sabtu, 28 Agustus, 2010, 3:26 PM







 



  


    
      
      
      resep jigana upama jadi jiga kangjeng prabu, pada ngaraku ku sakumna umat.
ku urang hindu/budha diaku hindu/budha, ku urang sunda wiwitan diaku sunda 
wiwitan.
atuh teu tinggaleun ku urang islam ge dislamkeun. nu can manggih teh diaku ku 
urang karesten.   


ieu teh netelakeun kumaha hebatna kangjeng prabu.

2010/8/28 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>
















 



  


    
      
      
      > From: Ahmad Sahidin

> Kang Waluya, kuring dugi kiwari teu acan mendakkan katerangan agama Islam: 

> yen Muslimah tiasa kawin jeung lalaki non > Muslim. Ari fakta nu 

> disebatkeun ku Kang Waluya mah meureun bisa kaasup nyandak "pemikiran" 

> nyalira. Meuerun nya

> leres da urusan duriat mah hese dipagerna.... agama ge ditorobos.

> Soal Gandhi, seur ulama nu teu satuju. Meureun eta tah dasarna duriat tea 

> sareng pluralisme agama. Janten kaasup naon

> atuhnya perkawinan model kitu teh? Mun disebat zinah mah embung 

> meureun.... hehehe.



Kang Ahmad, kuring mere conto Gandhi teh pedah we manehna pan urang India. 

Sedengkeun India teh leuwih deukeut ka sumberna Islam tinimbang daerah urang 

nu nya jauh jeung kudu lalayaran di sagara. Sajarah India oge teu leupas 

tina "kebesaran" Islam jaman baheula (emut di India tepi ka ayeuna aya keneh 

sesa-sesa nu nunjukkeun Islam kungsi gede pangaruhna di India).  Tapi 

sanajan deukeut, "doktrin Islam murni", saperti lalaki non Muslim teu 

meunang ngawin muslimah, katingalina di India, teu pati diturut (mungkin wae 

kulantaran teu terang aya aturan ieu atawa ka distorsi). Tah ayeuna 

bandingkeun jeung di urang, Pulo Jawa, nu "jauhna" mela-melu ti Tanah Arab 

jaba kudu nyabrang lautan anu lega, kira-kirana Islam nu model kumaha nu 

dicandak ku para perintis agama ieu ka Pulo Jawa? Bisa wae aya distorsi, 

jaman baheula teu bisa dibandingkeun jeung jaman ayeuna.  Jaman  baheula ti 

Tanah Arab ka Pulo Jawa teh diperlukeun waktu panjang pisan, bisa taunan. 

Jeung aya kamungkinan nu nyebarkeun Islam di urang teh, acan tanggtu kungsi 

ka tanah Arab.



Tanda-tanda Islam ka "distorsi" (lamun arek disebut distorsi), tingali we 

adat urang Minang, nu matriachat, warisan kolot malah dibikeun ka budak 

awewe, padahal dina hukum Islam mah awewe ngan meunang satengahna warisan. 

Di Sunda wae, kuring kungsi maca di Situ Cangkuang, para penerus Eyang Dalem 

Muhammad teh biasana anak awewena, lain anak lalaki (sumberna artikel dina 

PR). Conto sejenna ayeuna keur bulan puasa jeung lebaran. Mangga aos 

Cerpenna Akhmad Bakri, "Lebaran Poe Jumaah",  nu nyaritakeun kumaha suasana 

maleman takbiran di hiji lembur di Ciamis baheula, takbiran teh ditabeuhan 

ku gembyung (terebang), malah make lagu "dondonghejo, Rincik manik ..jst". 

Jeung loba conto sejenna deui, nu lamun make tempoan "doktrin Islam murni" 

mah kabehanana teu cocog jeung nu murni.



Kuring sanes teu terang, yen wanita muslimah teu kenging  nikah ka non 

muslim, ngan kuring nempo alesan Prabu Siliwangi teh geus muslim waktos 

nikah ka Subang Larang, "dipaksakeun" supaya saluyu jeung doktrin Islam nu 

murni nu mungkin wae kakara dipikanyaho ayeuna-ayeuna (saputereun abad 

18-19) sanggeus hubungan Tanah Arab jeung Pulo Jawa leuwih lancar, 

pangpangna sanggeus aya revolusi  dina indit-inditan ku dijieunna "kapal 

uap". Ku leuwih gampangna transportasi, beuki loba urang Sunda nu diajar 

agama, nu leuwih "bener" ti sumber aslina. Nya aya usaha "pemurnian" 

...supaya saluyu jeung aslina.



Masalah "pemurnian" mah mangga teh teuing, ngan ari carita sajarah mah ulah 

"dipaksakeun" sina saluyu. Sababaraha indikasi yen Prabu Siliwangi teh teu 

lebet Islam, tiasa ditingali dina legenda nu umum di urang yen sang Prabu 

teh ngahyang, catetan Tom Pires jeung nu kuring panasaran,  ku ayana PANTUN 

BOGOR. Aneh jarang pisan sajarahwan nu daek ngutak-ngatik pantun ieu, 

padahal pantun ieu ayana di daerah nu tadina puseur Pajajaran?



Salam,

WALUYA





    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  





Kirim email ke