sumuhun kang. 
ngan kuring mah hoyong terang posisi agemanna nu jelas saba'da nanjeur na 
Karaton/Kasultanan Cirebon. Panginten ari sateu acan nanjeur Kasultanan Cirebon 
mah masih keneh agama nu mayoritas kapungkur.

punten kasadayana, manawi aya nu tiasa metakeun periodesasi ageman masyarakat 
Sunda ti mimiti karajan nu pertama muncul (mun teu lepat mah Salakanagara) dugi 
kiwari...

  

www.ahmadsahidin.wordpress.com

--- On Sat, 10/9/10, Tirta widjaja <tirt...@yahoo.com> wrote:

From: Tirta widjaja <tirt...@yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
To: kisunda@yahoogroups.com
Date: Saturday, October 9, 2010, 1:45 PM







 



  


    
      
      
      
Punten nyele antrian yeuh, sae tah pendapat teh tapi lah geuning asa 
ngahandapkeun akhlak KS, SMH, SGJ. Kahade ah urusan pulitik rebutan wilayah 
ulah jadi dibaca perang maksakeun kaimanan... Asa jadi "konyol" urang sunda 
muslim jeung urang sunda wiwitan rebutan status ageman PS.....lamun terus 
dikekewek teh kesana jadi jiga nu teu pede he he...
 
Punten punteeeen bilih neunggar, nyiku para wargi...  
   ~ experientia docet sapientiam ~ 






From: ahmad sahidin <aa...@ymail.com>
To: kisunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, October 7, 2010 21:31:50
Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

  





salam,
sae tah tafsir teh. ngan anu dugi ka abdi, sareng nu diaos na novel kenging 
E.Rokajat Asura mah putra sareng incuna teh mimitiuna mah ngangge jalan dakwah 
bil lisan. kusabab alim bae nya atuh diserang  dugi PS teh kabur sareng 
cumariosn anjeuna moal lebet Islam; keun bae rahayat rek asup mah.
Abdi teu acan mendakan nu samodel pendapat Kang Oman nu didukung ku fakta nu 
langkung eces. Mlahan Pak Mansur mah... nyebatkeun PS teh tos lebet Islam.
punten bilih teu nyambung....

www.ahmadsahidin.wordpress.com

--- On Fri, 10/8/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com> wrote:


From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
To: kisunda@yahoogroups.com
Date: Friday, October 8, 2010, 4:20 AM


  

Para wargi,

Sapuk kana pamadegan kang Oca, KT oge nu sanesna, ngeunaan adu renyom ageman PS 
anu dipagedrugkeun jeung Islam atawa agama tinangtu hade dieureunan wae, asa 
moal aya tungtungna. Anu perlu mah - ceuk pikiran kuring - neuleuman jeung 
neang raratan naon anu geus dilakukeun ku PS nepi ka namina sakitu seungitna di 
rengrengan gede urang Sunda. 

Naon anu geus dilakukeun ku PS sabagean geus kabuka, sakumaha dina prasasti 
Batu Tulis, Bogor, oge ngalangkang dina sababaraha naskah kuno Sunda samodel 
Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian jeung nu sejenna. Diantara tapak lacak PS 
ieu nyaeta ngokolakeun cai, leuweung, jalan liliwatan jeung kaperluan kahirupan 
agama mangsa harita. Nya lamun jaman ayeuna mah naon rupa pembangunan anu aya 
di Kementrian Pekerjaan Umum, Sosial, Agam jeung lianna, Hukum pikeun 
katartiban hirup. Rarasaan mah leuwih gampang neangan picontoeun ti PS  
tinimbang ngotektak bahan pacengkadan anjeunna jeung
 palaputerana (lamun enya tea mah aya).

Di jihat lain, asa pamohalan Kean Santang (atawa saha wae jenenganana) jeung 
putera PS anu sanesna salaku muslim (anu nganut2 Islam) sakitu rupa kalakuan ka 
nu jadi sepuh, nepi ka ngudag-ngudag alatan anu jadi sepuh - ceuk cenah - 
henteu saageman jeung aranjeunna. Lain dina ajaran Islam oge (dina Al Qur'an) 
dijelaskeun kumaha kuduna perilaku ka nu jadi sepuh salami sepuh teh henteu 
merangan. Sajarah Islam oge nuduhkeun kumaha kuduna Islam damai ka anu nganut 
agama sejan salila eta anu nganut agama sejen teh henteu merangan atawa nyieun 
kadzoliman ka umat Islam (Piagam Madinah). Moal boa, dongeng perang anak ka 
kolot dina level raja di Sunda teh jieunan bangsa anu memang hayang 
ngadudombakeun masyarakat Sunda atawa pemeluk agama tinangtu?

Bisa jadi aya kajadian anu rada logis. Upamana wae, para putera PS dina hiji 
dialog sareng ramana ngajak ka ramana sangkan lebet Islam, Islam dina harti 
ceuk umum
 sakumaha harita anu disebarkeun ku para wali atawa para raja ti Banten jeung 
Cirebon. Tapi, anu jadi rama, ningal fakta Islam teh dijadikeun alatan pikeun 
ngarebut atawa ngalegaan kakawasaan. Sakitu rupa eta dialog, anu hiji keukeuh 
ngajak, pihak anu diajak tetep mugen (sanes mugen turbo ieu mah), nepi ka 
kaluar ucap sakumaha anu diposting ku kang Sulkan. Sok sanajan kitu, hal eta 
dina sawangan kuring mah, lamun enya oge aya, lain dina hiji kajadian putera 
ngungudag rama atawa merangan anu jadi sepuh, balikta dina hiji kajadian anu 
estuning elegan alias jantan, dialog da'wah biasa. Kabehdieunakeun beja eta 
ngalegaan, jadi beje, jadi putera merangan rama. Kusaha dilegaanana? Nya balik 
deui ka nu tadi, ka nu teu resep urang Sunda atawa urang Indonesia hirup rukun 
jeung tengtrem bari berdaulat sagemblengna.

Rupina sakitu jabung tumalapung si kuring dina ieu jejer.

manar


  
 









 








2010/10/8 Tirta widjaja <tirt...@yahoo.com>


  




Ha ha taaah sae pesen ti Kang Oca, ka urang sunda nu muslim tos ulah utak atik 
hal hal nu teu jelas, pros cons sarua dasarna tina carita. 

Ka wargi nu yakin cenah muslim tos we ngadu'akeun sing leket, atuh mun enya eta 
raja pajajaran lain muslim nya ngahurmat weh ka sepuh mah pan kedah kitu masing 
beda ageman/kayakinan. 

Dina hal wargi teh muslim turunan pajajaran dina enya karuhun lain muslim nya 
hurmat waee kapan di pajajaran ge majemuk sanes agemanana. Hurmat ka sepuh, ka 
karuhun. Atuh lamun yakin anjeuna muslim sok atuh dua'keun sing leubeut  ka 
karuhuna salaku turunan nu sholeh, kooomo mun sangem atuh badal hajikeun. 

Nya dina hal urang sunda muslim lain turunan pajajaran nya keur naon atuh 
ngaririweuh maneh ngabeulit kana carita he..he.... pisss ah

baktos ka sadaya
JP

 ~ experientia docet sapientiam ~ 






From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
To: kisunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, October 8, 2010 2:05:27 

Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

  

baraya..........................................................................
 

cik atuh guar deui sing jentre, geura brukbrakkeun,
ari pajajaran di rentog sabaraha kali ku kelompok mana salila kurang leuwih 
sapuluh taun teh?
asa teu kudu bulak balik puputeran dina karaguan.
tengetan carita-carita :
kean santang ngudag2 bapana kusabab naon?
asa pamohalan aya patarosan anu kitu deui geura.
anu lucuna , ongkoh direntog ku kelompok eta
tapi kiwari, 
malah loba ti kelompok eta ngilu jarah jeung mupusti anjeunna???
malah hayoh di aku aku deuih asup kelompokna.
kusabab eleh jajaten, ngadu elmu?
kusabab teu bisa nambal gayung bolong?sabari beda jaman dina carita
(carita sayyidina ali jg boros ngora)
kawin jeung nu beda agama, trus balik deui ka agama asalna?
anehna loba anu pada ber 'iman' deuih ka carita2 kitu teh'
mangga emutaneun.

hn*0catea
(uin anu milu
 ngarasakeun kasedih 'anjeunna')







2010/8/28 Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com>






















seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring 
terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na mah 
islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda cenah.
didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last
























    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke