tah geningan ku penelitian mah rada aya pencerahan , nuhun kang...
mudah2an lembaga penelitian sajarah kasundaan kapayunana leuwih berkembang...




________________________________
From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
To: kisunda@yahoogroups.com
Sent: Mon, October 11, 2010 4:23:24 PM
Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

  
Aya seratan anu pakait jeung ieu jejer, dicutat ti postingan di milist sejen 
(milist anu basa panganteurna basa Indonesia) anu asalna tina koran "Galura". 
Mangga nyanggakeun di handap ieu:

#Galura, Minggu IV, Séptémber 2008--"Tina naskah-naskah kuna bisa  dicindekeun 
agama Islam saenyana geus sumebar di tatar Sunda jauh saméméh Déwan Salapan 
aya,"  ceuk Undang Darsa, M. Hum., salahsaurang ahli pilologi nu kawilang  
nyongcolang. Anu dimaksud Déwan Salapan ku ieu dosen Universitas Padjadjaran 
(Unpad) Bandung téh taya lian ti Wali Sanga.

Dina naskah Carita Parahyangan (abad ka-16 katompérnakeun) upamana  disebutkeun 
di tatar Sunda anu munggaran ngagem agama Islam téh  Bratalagawa, putra kadua 
Prabu Pangandiparamarta Jaya Déwabrata atawa  Bunisora Suradipati. Bratalagawa 
téh sodagar, mindeng balayar ka  nagara-nagara nu jauh: Sumatra, Cina, India, 
Srilanka, tepi ka Arab.

Dina sajarah lokal di Cirebon,  disebutkeun Bratalagawa sanggeus nganut agama 
Islam jeung ngalakonan  ibadah hajidatang deui ka tatar Sunda taun 1337 Maséhi. 
Katelah ku  sebutan Haji Baharudin nu sanggeus mukim di Cirebon sarta 
nyebarkeun  
Islam dijulukan Haji Purwa Galuh, dumeh Bratalagawa téh urang Galuh  munggaran 
nu munggah haji.

Abad ka-15, kira-kira taun 1416 Maséhi, di Tanjungpura (Karawang)  badarat 
ulama 
ti Campa (Viétnam), Syéh Hasanudin nu tadina milu ka  rombongan armada Cina nu 
dipingpin ku Laksamana Chéng Ho. Di Karawang, Syéh  Hasanudin nu katelah ku 
julukan Syéh Quro ngadegkeun pasantrén.

Dina waktu nu sajaman, di Pasambangan, Amparanjati, deukeut Palabuan  Muarajati 
(Cirebon) mukim Syéh Datuk Kahfi. Sarua ngadegkeun pasantrén  jeung nyebarkeun 
agama Islam. Taun 1470 Maséhi, Syéh Syarif Hidayatullah, nu ceuk  sajarah lokal 
masih kénéh katurunan raja Sunda, nu lahir di Mesir, dumuk di Cirebon.

Ti paro abad ka-15, Islam beuki sumebar di tatar Sunda, lain ngan ukur  di 
basisirna. "Anu diajarkeunana hakékat Islam, galeuhna atawa inti  ajaran islam. 
Naskah-naskah ti abad-16 tepi ka abad ka-17, najan teu  nyebutkeun ajaran 
Islam, 
eusi téks naskahna kandel pisan ajaran  kaislamanana," ceuk Undang Darsa.

Ku raja-raja Sunda, ceuk Undang Darso, sumebarna agama Islam di tatar  Sunda, 
henteu dipandang hiji ancaman. "Nu matak Prabu Wastukencana teu  ngaharu biru 
Haji Purwa, Syéh Quro, Syéh Datuh Kahfi nu nyebarkeun agama  Islam di wewengkon 
Pantura Jawa barat. Asal ulah ku cara paksa pirusa,  ulah tepika ngabalukarkeun 
riributan," pokna.

Naon pangna raja-raja Sunda, babakuna sanggeus Wali Sanga ngalalakon,  siga anu 
ngamusuhan ka Islam tepi ka dirurugna? "Sikep (raja-raja Sunda)  kitu lain lain 
ditujukeun ka agamana. Ku Demak jeung Cirebon Islam geus dijadikeun  kakuatan 
pulitik," ceuk Prof. Dr. Edi S. Ekadjati suwargi dina  salahsahiji tulisanana.

Undang Darsa nyebutkeun peperangan antara karajaan Sunda jeung Demak,  Cirebon 
katut Banten lain perang agama, tapi perang pilitik. "Saacan aya Déwan Salapan, 
 
Islam téh geus sumebar ka wewengkon pagunungan bari meunang  panangtayungan ti 
raja-raja Sunda. Atuh Sri Baduga Maharaja, dina  sajarah lokal disebutkeun 
ngadahup ka Subanglarang nu geus ngagem  Islam," pokna.***(Nanang S.)#

Jadi tetela, di ageman PS teh loba anu madungdengkeun.

manar


2010/10/11 ahmad sahidin <aa...@ymail.com>

  
>sumuhun kang. 
>ngan kuring mah hoyong terang posisi agemanna nu jelas saba'da nanjeur na 
>Karaton/Kasultanan Cirebon. Panginten ari sateu acan nanjeur Kasultanan 
>Cirebon 
>mah masih keneh agama nu mayoritas kapungkur.
>
>punten kasadayana, manawi aya nu tiasa metakeun periodesasi ageman masyarakat 
>Sunda ti mimiti karajan nu pertama muncul (mun teu lepat mah Salakanagara) 
>dugi 
>kiwari...
>
>  
>
>www.ahmadsahidin.wordpress.com
>
>--- On Sat, 10/9/10, Tirta widjaja <tirt...@yahoo.com> wrote:
>
>
>>From: Tirta widjaja <tirt...@yahoo.com>
>>
>>Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>>To: kisunda@yahoogroups.com
>>Date: Saturday, October 9, 2010, 1:45 PM
>>
>>
>>
>>  
>>Punten nyele antrian yeuh, sae tah pendapat teh tapi lah geuning asa 
>>ngahandapkeun akhlak KS, SMH, SGJ. Kahade ah urusan pulitik rebutan wilayah 
>>ulah 
>>jadi dibaca perang maksakeun kaimanan... Asa jadi "konyol" urang sunda muslim 
>>jeung urang sunda wiwitan rebutan status ageman PS.....lamun terus dikekewek 
>>teh 
>>kesana jadi jiga nu teu pede he he...
>> 
>>Punten punteeeen bilih neunggar, nyiku para wargi...  
>>   ~ experientia docet sapientiam ~ 
>>
>>
>>
>>
>>
________________________________
 From: ahmad sahidin <aa...@ymail.com>
>>To: kisunda@yahoogroups.com
>>Sent: Thursday, October 7, 2010 21:31:50
>>Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>>
>>  
>>salam,
>>sae tah tafsir teh. ngan anu dugi ka abdi, sareng nu diaos na novel kenging 
>>E.Rokajat Asura mah putra sareng incuna teh mimitiuna mah ngangge jalan 
>>dakwah 
>>bil lisan. kusabab alim bae nya atuh diserang  dugi PS teh kabur sareng 
>>cumariosn anjeuna moal lebet Islam; keun bae rahayat rek asup mah.
>>Abdi teu acan mendakan nu samodel pendapat Kang Oman nu didukung ku fakta nu 
>>langkung eces. Mlahan Pak Mansur mah... nyebatkeun PS teh tos lebet Islam.
>>punten bilih teu nyambung....
>>
>>www.ahmadsahidin.wordpress.com
>>
>>--- On Fri, 10/8/10, oman abdurahman <omana...@gmail.com> wrote:
>>
>>
>>>From: oman abdurahman <omana...@gmail.com>
>>>Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>>>To: kisunda@yahoogroups.com
>>>Date: Friday, October 8, 2010, 4:20 AM
>>>
>>>
>>>  
>>>Para wargi,
>>>
>>>Sapuk kana pamadegan kang Oca, KT oge nu sanesna, ngeunaan adu renyom ageman 
>>>PS 
>>>anu dipagedrugkeun jeung Islam atawa agama tinangtu hade dieureunan wae, asa 
>>>moal aya tungtungna. Anu perlu mah - ceuk pikiran kuring - neuleuman jeung 
>>>neang 
>>>raratan naon anu geus dilakukeun ku PS nepi ka namina sakitu seungitna di 
>>>rengrengan gede urang Sunda. 
>>>
>>>
>>>Naon anu geus dilakukeun ku PS sabagean geus kabuka, sakumaha dina prasasti 
>>>Batu 
>>>Tulis, Bogor, oge ngalangkang dina sababaraha naskah kuno Sunda samodel 
>>>Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian jeung nu sejenna. Diantara tapak lacak PS 
>>>ieu 
>>>nyaeta ngokolakeun cai, leuweung, jalan liliwatan jeung kaperluan kahirupan 
>>>agama mangsa harita. Nya lamun jaman ayeuna mah naon rupa pembangunan anu 
>>>aya di 
>>>Kementrian Pekerjaan Umum, Sosial, Agam jeung lianna, Hukum pikeun 
>>>katartiban 
>>>hirup. Rarasaan mah leuwih gampang neangan picontoeun ti PS  tinimbang 
>>>ngotektak 
>>>bahan pacengkadan anjeunna jeung  palaputerana (lamun enya tea mah aya).
>>>
>>>Di jihat lain, asa pamohalan Kean Santang (atawa saha wae jenenganana) jeung 
>>>putera PS anu sanesna salaku muslim (anu nganut2 Islam) sakitu rupa kalakuan 
>>>ka 
>>>nu jadi sepuh, nepi ka ngudag-ngudag alatan anu jadi sepuh - ceuk cenah - 
>>>henteu 
>>>saageman jeung aranjeunna. Lain dina ajaran Islam oge (dina Al Qur'an) 
>>>dijelaskeun kumaha kuduna perilaku ka nu jadi sepuh salami sepuh teh henteu 
>>>merangan. Sajarah Islam oge nuduhkeun kumaha kuduna Islam damai ka anu 
>>>nganut 
>>>agama sejan salila eta anu nganut agama sejen teh henteu merangan atawa 
>>>nyieun 
>>>kadzoliman ka umat Islam (Piagam Madinah). Moal boa, dongeng perang anak ka 
>>>kolot dina level raja di Sunda teh jieunan bangsa anu memang hayang 
>>>ngadudombakeun masyarakat Sunda atawa pemeluk agama tinangtu?
>>>
>>>Bisa jadi aya kajadian anu rada logis. Upamana wae, para putera PS dina hiji 
>>>dialog sareng ramana ngajak ka ramana sangkan lebet Islam, Islam dina harti 
>>>ceuk 
>>>umum  sakumaha harita anu disebarkeun ku para wali atawa para raja ti Banten 
>>>jeung Cirebon. Tapi, anu jadi rama, ningal fakta Islam teh dijadikeun alatan 
>>>pikeun ngarebut atawa ngalegaan kakawasaan. Sakitu rupa eta dialog, anu hiji 
>>>keukeuh ngajak, pihak anu diajak tetep mugen (sanes mugen turbo ieu mah), 
>>>nepi 
>>>ka kaluar ucap sakumaha anu diposting ku kang Sulkan. Sok sanajan kitu, hal 
>>>eta 
>>>dina sawangan kuring mah, lamun enya oge aya, lain dina hiji kajadian putera 
>>>ngungudag rama atawa merangan anu jadi sepuh, balikta dina hiji kajadian anu 
>>>estuning elegan alias jantan, dialog da'wah biasa. Kabehdieunakeun beja eta 
>>>ngalegaan, jadi beje, jadi putera merangan rama. Kusaha dilegaanana? Nya 
>>>balik 
>>>deui ka nu tadi, ka nu teu resep urang Sunda atawa urang Indonesia hirup 
>>>rukun 
>>>jeung tengtrem bari berdaulat sagemblengna.
>>>
>>>Rupina sakitu jabung tumalapung si kuring dina ieu jejer.
>>>
>>>manar
>>>
>>>
>>>   
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> 
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>2010/10/8 Tirta widjaja <tirt...@yahoo.com>
>>>
>>>  
>>>>Ha ha taaah sae pesen ti Kang Oca, ka urang sunda nu muslim tos ulah utak 
>>>>atik 
>>>>hal hal nu teu jelas, pros cons sarua dasarna tina carita. 
>>>>
>>>>
>>>>Ka wargi nu yakin cenah muslim tos we ngadu'akeun sing leket, atuh mun enya 
>>>>eta 
>>>>raja pajajaran lain muslim nya ngahurmat weh ka sepuh mah pan kedah kitu 
>>>>masing 
>>>>beda ageman/kayakinan. 
>>>>
>>>>
>>>>Dina hal wargi teh muslim turunan pajajaran dina enya karuhun lain muslim 
>>>>nya 
>>>>hurmat waee kapan di pajajaran ge majemuk sanes agemanana. Hurmat ka sepuh, 
>>>>ka 
>>>>karuhun. Atuh lamun yakin anjeuna muslim sok atuh dua'keun sing leubeut  ka 
>>>>karuhuna salaku turunan nu sholeh, kooomo mun sangem atuh badal hajikeun. 
>>>>
>>>>
>>>>Nya dina hal urang sunda muslim lain turunan pajajaran nya keur naon atuh 
>>>>ngaririweuh maneh ngabeulit kana carita he..he.... pisss ah
>>>>
>>>>baktos ka sadaya
>>>>JP
>>>>
>>>> ~ experientia docet sapientiam ~ 
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
________________________________
 From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
>>>>To: kisunda@yahoogroups.com
>>>>Sent: Friday, October 8, 2010 2:05:27 
>>>>
>>>>Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>>>>
>>>>  
>>>>baraya..........................................................................
>>>> 
>>>>
>>>>
>>>>cik atuh guar deui sing jentre, geura brukbrakkeun,
>>>>ari pajajaran di rentog sabaraha kali ku kelompok mana salila kurang leuwih 
>>>>sapuluh taun teh?
>>>>asa teu kudu bulak balik puputeran dina karaguan.
>>>>tengetan carita-carita :
>>>>kean santang ngudag2 bapana kusabab naon?
>>>>asa pamohalan aya patarosan anu kitu deui geura.
>>>>anu lucuna , ongkoh direntog ku kelompok eta
>>>>tapi kiwari, 
>>>>malah loba ti kelompok eta ngilu jarah jeung mupusti anjeunna???
>>>>malah hayoh di aku aku deuih asup kelompokna.
>>>>kusabab eleh jajaten, ngadu elmu?
>>>>kusabab teu bisa nambal gayung bolong?sabari beda jaman dina carita
>>>>(carita sayyidina ali jg boros ngora)
>>>>kawin jeung nu beda agama, trus balik deui ka agama asalna?
>>>>anehna loba anu pada ber 'iman' deuih ka carita2 kitu teh'
>>>>mangga emutaneun.
>>>>
>>>>hn*0catea
>>>>(uin anu milu  ngarasakeun kasedih 'anjeunna')
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>2010/8/28 Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com>
>>>>
>>>>
>>>>> 
>>>>> 
>>>>>seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring 
>>>>>terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na 
>>>>>mah 
>>>>>islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda 
>>>>>cenah.
>>>>>didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
>>>>>http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last
>>>>>
>>>>> 
>>>>>
>>>>>  
>>>>>  
>>>>>
>>>>
>>>>
>>> 
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> 
>

 


      

Kirim email ke