Ha ha taaah sae pesen ti Kang Oca, ka urang sunda nu muslim tos ulah utak atik 
hal hal nu teu jelas, pros cons sarua dasarna tina carita. 


Ka wargi nu yakin cenah muslim tos we ngadu'akeun sing leket, atuh mun enya eta 
raja pajajaran lain muslim nya ngahurmat weh ka sepuh mah pan kedah kitu masing 
beda ageman/kayakinan. 


Dina hal wargi teh muslim turunan pajajaran dina enya karuhun lain muslim nya 
hurmat waee kapan di pajajaran ge majemuk sanes agemanana. Hurmat ka sepuh, ka 
karuhun. Atuh lamun yakin anjeuna muslim sok atuh dua'keun sing leubeut  ka 
karuhuna salaku turunan nu sholeh, kooomo mun sangem atuh badal hajikeun. 


Nya dina hal urang sunda muslim lain turunan pajajaran nya keur naon atuh 
ngaririweuh maneh ngabeulit kana carita he..he.... pisss ah

baktos ka sadaya
JP

 ~ experientia docet sapientiam ~




________________________________
From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
To: kisunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, October 8, 2010 2:05:27
Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

  
baraya..........................................................................
cik atuh guar deui sing jentre, geura brukbrakkeun,
ari pajajaran di rentog sabaraha kali ku kelompok mana salila kurang leuwih 
sapuluh taun teh?
asa teu kudu bulak balik puputeran dina karaguan.
tengetan carita-carita :
kean santang ngudag2 bapana kusabab naon?
asa pamohalan aya patarosan anu kitu deui geura.
anu lucuna , ongkoh direntog ku kelompok eta
tapi kiwari, 
malah loba ti kelompok eta ngilu jarah jeung mupusti anjeunna???
malah hayoh di aku aku deuih asup kelompokna.
kusabab eleh jajaten, ngadu elmu?
kusabab teu bisa nambal gayung bolong?sabari beda jaman dina carita
(carita sayyidina ali jg boros ngora)
kawin jeung nu beda agama, trus balik deui ka agama asalna?
anehna loba anu pada ber 'iman' deuih ka carita2 kitu teh'
mangga emutaneun.

hn*0catea
(uin anu milu ngarasakeun kasedih 'anjeunna')





2010/8/28 Mohammad zen <zenhus...@yahoo.com>


> 
> 
>seueur memang perdebatan masalah  Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring 
>terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na mah 
>islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda cenah.
>didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
>http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last
>
> 
>
>  
>  
>

 

Kirim email ke