Nuhuuuuns Wa Abdurrohman M Sastra…. Bahan Presentasi Uwa… Geosunda tea…. 
Juaraaa euy…. Jadi kabuki euy nyambung geuning jeung Mandala Bodas Jatigede anu 
Pusat na di Situs Aji Putih Cipaku :). 

 

Ceuk Kang Syam di milis sabeulah anu bisa Meulah Gunung jeung Ngajebol 
Bendungan teh ceunah Keuyeup Apu hehehe…. Sihoreng simana horeng anu dibeulah 
teh lain bener-2 Gunung Beulah jeung Bendungan fisik anu jebol tapi Gunung anu 
dimaksud teh Elmu Gunung Sunda Purba tea anu Herang ~ Sunda salaku Pusat 
Mandala Sunda anu tos aya ti 20.000 tahun katukang :) dimana Tatar Sunda masih 
keneh hiji hamparan nepi ka Asia Tenggara…. Juara pisan euy. Eduuuun Karuhun 
urang tos bisa nyieun POROS / SUMBU tanpa GPS hehehe… meletakan Mandala-2 anu 5 
eta persis pisan dina sumbu-2 Mata Angin…. Subhanalloh… Sakuduna Jatigede 
dijadikeun World Heritage Sites euy xixixi…. The Oldest Monotheism on Earth aya 
di Tatar Sunda hehehe Pusatna aya di Gunung Sunda Purba anu tos meledug 
hehehe…. Bukti anu tersisa Mandala Sisi Wetan aya di Jatigede hehehe. Eta 
Poros/ Sumbu teh nyambung jeung Arah Kiblat Sholat euy xixixi…. Ari Bumi Buleud 
mah geuning nyakitu berarti Nyabet Gunung Sunda jeung Nyabet Situs Aji Putih 
tah wkkkk.

 

Wallohualam… keur mukaan deui Qur’an euy ngan lain bahasa arabna hehehe tapi 
artina jeung dibuka ku akal sehat hehehe.

 

Keuyeup Apu teh sigana Rasi Bintang kabeneran Kuring lahir di Bulan Juli 
hehehe… persist ah Cancer Boy yang selalu Dramatis, Melankolis, Romantis, 
Narsistis, namun tetap Setia hehehe. 

 

Ieu enog keur diajar kongkorongok… nyuhunkeun bantosan ti para kasepuhan 
supados diaping dijaring euy… elmu-2na sok atuh kaletrukeun kadinyah ulah 
ditutup-2 wae… pan ceunah ceuk Qur’an oge lamun elmu dibikeun ka batur pasti 
eta elmu bakal nambahan… tah meureun ari elmu disebar barijeung komo dibarengan 
akal sehat bisa saling koreksi… eta almu antukna jadi leuwih sampurna…. Meureun 
ketang kitu oge hehehe.

 

nuhuuuns,

mang asep kabayan

http://www.cipaku.org

facing globalization by local empowering

 

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisunda@yahoogroups.com] On Behalf Of H. 
Abdurrohman M.Sastra
Sent: Wednesday, August 21, 2013 12:58 PM
To: kisunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar

 

  

Bah Oca sareng baraya ki Sunda,

"Cara Pandang Benar" khususna dina widang "spiritual" anu "ghaib/teu nyata" 
memang sok pabaliut sareng angen angen pribadi. Dina ngaguar fenomena langkung 
kiat nganggo rasa tibatan pikir.  Anu janten parabot rasa mah nyaeta "tafsir, 
ilusi, imajinasi sareng intuisi" kasebutna ceuk umum eta teh caket kana "elmu 
mistik" kaasup elmu ramalan. Benten sareng "Cara Pandang Benar" dina widang 
fisik anu nyata nganggo pikiran parabotna akal, logika anu dumasar kana "elmu 
pangaweruh ilmiah". Bener Ceuk Sakabeh bisa jadi maksudna bener ceuk rasa 
sareng pikir balarea.  Tah eta anu sesah mah milarian "Bener Ceuk Sakabeh".

Anu janten emutan sim kuring  aya kabijakan anu luar biasa ti karuhun  sok 
sanaos dasarna ngan saukur ilusi (malah bisa kaasup bohong) tapi mangfaat. 
Contona kecap "pamali" nuar kai di hulu wotan bisi kasiku ku anu ngageugeuh 
didinya (Jin, Genderewo jsjj). Kapan ayeuna bukti ceuk ahli lingkungan cai 
ngocor ngaburial teh dumeh tatangkalan sabudereunana teu diganggu. Teu pira 
disingsieunan ku "pamali" teu kudu make "polisi" ngajaga huluwotan nya?.......  
Eta karuhun boga cara Pandang Salah tapi hasilna Bener nya.....

 

  _____  

From: Roza R. Mintaredja <roza.kalasu...@gmail.com>
To: kisunda@yahoogroups.com 
Sent: Wednesday, August 21, 2013 11:23 AM
Subject: [kisunda] Re: Cara Pandang Benar

 

  

Sae eta kamandang! 
Mudah2an cara pandang ieu bisa dianggap BENER KU SAKABEH. 
lain bener ceuk aing sorangan. Nyakseni nun. 
Cag Rampes? 
nhn*R3M

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke