[Urang Sunda] Re: [kisunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi

2010-07-20 Terurut Topik Dudi Herlianto
saur sababara urang 'ahli' kopi (resep eksperimen cara nyieun jeung nginum
kopi) di milis jalansutra, rasa kopi (podol) careuh eta teu beda jeung kopi
hasil olah biasa. da cenah pilihan careuh jeung pilihan manusa (ahli) kana
kopi hade oge teu beda. jigana nu jadi nilai tambah ka kopi careuh teh
sensasi nginum bari ngabayangkeun nu diinum teh podol careuh.

haha

lamun seug kopi luwak jadi diharamkeun, sabara urang tatangga kuring nu
resep kana pais piritan bakal ngalamotan curuk. saanalogi, malah leuwih. da
nu dipaisna ge jeung bungkus-bungkusna. bisa jadi piritan lamun hargana
saratus juta sakilo mah bakal rame dipangnyieunkeun sertifikasi teu halalna.

*piritan = jeroan lauk

2010/7/20 oman abdurahman omana...@gmail.com

 Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti
 disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos,
 oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi
 luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran
 careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir
 Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka
 ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah.

 Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak
 atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh
 henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana
 naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di
 produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di
 luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu
 geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt
 sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana
 cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak.

 Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan
 beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun
 fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah,
 tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram
 lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika
 karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan
 heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab
 proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi
 anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu
 bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh).

 Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus
 nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak.
 Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi
 luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah
 (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu
 bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi
 atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona
 engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe
 dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang
 careuh teh ku babasan fermentasi. Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse
 modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak
 tea tina antara - punten deui wae - podol careuh.

 Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba
 persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan
 kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha
 teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun
 enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu
 mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur,
 upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun
 teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu,
 nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang
 careuh jeung careuh piaraanana, mesin hirup kopi luwak tea. Geus kitu mah
 dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe.

 Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.

 manar

 _,___

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi

2010-07-20 Terurut Topik tantan hermansah
bilih bade pesen kopi luwak asli, tapi kopina kopi aceh. di si kuring aya!
Pangaos, tiasa nego saalit lah...

hehehe...

Baktos
tantan

2010/7/20 Dudi Herlianto dudi.herlia...@gmail.com

tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan
I Bogor

RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Wilujeng miara careuh jeung melak kopi

2010-07-20 Terurut Topik Simkuring
 
Enya mampang mempeung, mempeung keur hade harga, sok atuh kokolakeun bisnis
na, ngan ulah harege-eun teuing dumeh keur alus der kabeh barisnis sarua,
atuh jadi tikarosewad pating jarungkel, sing inget jaman cengkeh, cacing,
lauk, LAT jrrd, apanan sakitu pada ngajuralit teupararuguh, ongkoh kadang
geuning nu boga bisnis loba nu katipu ku tengkulak.

Eta deuih mun teu kaburu kapatenkeun, heug dipaten ku nagara sejen, nya
wayahna we neang inovasi, naha sugan bisa careuh diganti ku embe, ke dina
meresihan kopina sakalian burulu na podÂ’ embe ditimbang saeutikmah, sugan
mereun rasana leuwih merenah keur jalma kulon... J J 