bilih bade pesen kopi luwak asli, tapi kopina kopi aceh. di si kuring aya!
Pangaos, tiasa nego saalit lah...

hehehe...

Baktos
tantan

2010/7/20 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

>
>
> saur sababara urang 'ahli' kopi (resep eksperimen cara nyieun jeung nginum
> kopi) di milis jalansutra, rasa kopi (podol) careuh eta teu beda jeung kopi
> hasil olah biasa. da cenah pilihan careuh jeung pilihan manusa (ahli) kana
> kopi hade oge teu beda. jigana nu jadi nilai tambah ka kopi careuh teh
> sensasi nginum bari ngabayangkeun nu diinum teh podol careuh.
>
> haha....
>
> lamun seug kopi luwak jadi diharamkeun, sabara urang tatangga kuring nu
> resep kana pais piritan bakal ngalamotan curuk. saanalogi, malah leuwih. da
> nu dipaisna ge jeung bungkus-bungkusna. bisa jadi piritan lamun hargana
> saratus juta sakilo mah bakal rame dipangnyieunkeun sertifikasi teu halalna.
>
> *piritan = jeroan lauk
>
> 2010/7/20 oman abdurahman <omana...@gmail.com>
>
>>
>>
>> Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti
>> disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos,
>> oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi
>> luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran
>> careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir
>> Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka
>> ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah.
>>
>> Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak
>> atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh
>> henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana
>> naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di
>> produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di
>> luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu
>> geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt
>> sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana
>> cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak.
>>
>> Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan
>> beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun
>> fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah,
>> tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram
>> lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika
>> karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan
>> heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab
>> proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi
>> anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu
>> bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh).
>>
>> Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus
>> nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak.
>> Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi
>> luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah
>> (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu
>> bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi
>> atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona
>> engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe
>> dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang
>> careuh teh ku babasan "fermentasi". Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse
>> modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak
>> tea tina antara - punten deui wae - podol careuh.
>>
>> Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba
>> persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan
>> kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha
>> teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun
>> enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu
>> mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur,
>> upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun
>> teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu,
>> nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang
>> careuh jeung careuh piaraanana, "mesin hirup" kopi luwak tea. Geus kitu mah
>> dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe.
>>
>> Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.
>>
>> manar
>>
>>
>> _,___
>>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>  
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan
I Bogor

Kirim email ke