saur sababara urang 'ahli' kopi (resep eksperimen cara nyieun jeung nginum
kopi) di milis jalansutra, rasa kopi (podol) careuh eta teu beda jeung kopi
hasil olah biasa. da cenah pilihan careuh jeung pilihan manusa (ahli) kana
kopi hade oge teu beda. jigana nu jadi nilai tambah ka kopi careuh teh
sensasi nginum bari ngabayangkeun nu diinum teh podol careuh.

haha....

lamun seug kopi luwak jadi diharamkeun, sabara urang tatangga kuring nu
resep kana pais piritan bakal ngalamotan curuk. saanalogi, malah leuwih. da
nu dipaisna ge jeung bungkus-bungkusna. bisa jadi piritan lamun hargana
saratus juta sakilo mah bakal rame dipangnyieunkeun sertifikasi teu halalna.

*piritan = jeroan lauk

2010/7/20 oman abdurahman <omana...@gmail.com>

>
>
> Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti
> disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos,
> oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi
> luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran
> careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir
> Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka
> ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah.
>
> Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak
> atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh
> henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana
> naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di
> produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di
> luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu
> geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt
> sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana
> cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak.
>
> Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan
> beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun
> fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah,
> tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram
> lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika
> karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan
> heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab
> proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi
> anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu
> bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh).
>
> Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus
> nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak.
> Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi
> luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah
> (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu
> bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi
> atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona
> engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe
> dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang
> careuh teh ku babasan "fermentasi". Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse
> modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak
> tea tina antara - punten deui wae - podol careuh.
>
> Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba
> persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan
> kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha
> teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun
> enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu
> mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur,
> upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun
> teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu,
> nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang
> careuh jeung careuh piaraanana, "mesin hirup" kopi luwak tea. Geus kitu mah
> dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe.
>
> Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.
>
> manar
>
>
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke