[Urang Sunda] Re: Ngiring Bela Sungkawa

2006-07-17 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum wr.wb. Ngiring belasungkawa ku ayana kajantenan tsunami di Pangandaran sareng sabudeureunna. Mugi-mugi para wargi nu kenging musibah dipaparin katabahan sareng kasabaran dina mayunan ieu cobaan. Wassalamu'alaikum wr.wb. Gilang Yahoo! Groups

[Urang Sunda] Re: Be My Friends

2005-12-18 Terurut Topik gilang_tresna
Wa'alaikumsalam wr.wb. Kenging naros? Ieu teh Kang Misan nu linggih di Knoxville Tennessee? Haturan, wilujeng patepang deui sareng abdi ti Sapporo. Mugi-mugi betah kumpul ngariung di ieu babakan:) Wassalamu'alaikum wr.wb. [EMAIL PROTECTED] --- In urangsunda@yahoogroups.com, a52misan [EMAIL

[Urang Sunda] Re: basa sunda hese salam sono (Uwa Tito)

2005-12-08 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng siang Uwa, Di Sapporo ayeuna nuju usum tiris. pami teu kajurung ku pangab mah matak hoream kaluar ti rorompok:D Muhun pami ningal dina film mah, usum salju teh kesanna meni romantis:D Tapi geuning da kanyataanna mah bujeng2 amengan silih baledog ku bola salju, tiris we nu aya:D Baktos,

[Urang Sunda] Re: Fwd: Spesial Ramadhan di Radio Tarbiyah Jepang (Klarifikasi)

2005-10-13 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamualaikum wr.wb. Wilujeng sonten ka sadaya baraya nu aya di babakan:) Daramang kitu? Mugi2 wae urang sadayana aya dina panangtayungan Allah SWT. Amiin.. Hatur nuhun ka Mama ManAR nu tos manjangkeun wartos ti sim kuring. Mung bade klarifikasi sakedik. Saleresna sim kuring sanes penulis

Re: [Urang Sunda] Fwd: Spesial Ramadhan (Kanggo Kang Dudin)

2005-10-13 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng siang:) Alhamdulillah Kang Dudin, di Jepang tos ngadeg FLP Wilayah. Sok sanaos nembe nincak taun kadua, tapi aktivitasna tos rada lumayan:) Insya Allah pami teu aya halangan sasih Desember bade ngayakeun Workshop Kepenulisan, pembicara-na HTR sareng Ustadz Fauzil. Duka tah, tiasa

Re: [Urang Sunda] Fwd: Spesial Ramadhan (Kanggo Budi Harsanto)

2005-10-13 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng siang Kang Budi:) He..he..rumaos abdi jarang amengan ka babakan, janten seueur nu bingung ku urusan nami:D Nepangkeun abdi Gilang, kawit ti Sumedang, ayeuna ngumbara di Jepun nyarengan bapana budak:) Adduuh..punten Akang, abdi mah sanes penulis. Nembe ngimpi hoyong jadi penulis ieu teh:D

[Urang Sunda] Re: Harakiri (Kanggo Kang Duli)

2005-08-19 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng sonten Kang Duli:) Punten ieu abdi kumawantun ngoreksi Harakiri. Nu abdi terang mah Harakiri teh hartosna sanes Bunuh diri (maehan sorangan)sacara umum. Tapi langkung spesifik. Istilah Harakiri asalna tina kecap Hara=perut sareng Kiri=potong. Janten Harakiri ngandung hartos maehan

[Urang Sunda] (OOT) Kanggo Kang Dadang Rukanta

2005-07-28 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng enjing Kang Dadang:) Punten nembe diwaler ayeuna. Pami Fak. Kedokteran mah di Hokkaido Univ. ge aya. Mung kirang terang widangna naon wae. Insya Allah ke urang toong heula:D Aya deui Sapporo Medical Univ., mung sami ieu ge teu terang eusina. Kaleresan Sapporo ge sok kasumpingan dokter

[Urang Sunda] Re: Lisah Sania

2005-07-28 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng siang Kang Kumi:) Heu..heu.. abdi katipu, ningal judul e-mail Kang Kumi. Sugan abdi mah Lisah Sania teh nami jalmi:D)) Salam, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: salam, Dina Republika Online, aya embaran ngeunaan hasil panalungtikan Badan

[Urang Sunda] Re: Urang SUMEDANG

2005-07-21 Terurut Topik gilang_tresna
Ngacung...:D Nepangkeun Kang Djoni, abdi Gilang urang Sumedang (bumi pun bapa/pun biang caket SMPN 1 Sumedang). Ayeuna kaleresan nuju ngumbara di Jepun. Baktos, Gilang http://www.senandungbunda.4t.com --- In urangsunda@yahoogroups.com, djoni rochjana [EMAIL PROTECTED] wrote: Sampurasun

[Urang Sunda] Re: Parancah jeung Kacapi MP3

2005-07-21 Terurut Topik gilang_tresna
Waalaikumsalam Wr.Wb. Wilujeng enjing Kang/Bapa Dadang (nyebatna kumaha nya ieu teh?) Hapunten pisan abdi teu gaduh CD nu dimaksad. Kaleresan abdi di Jepun-na sanes di puseur kota, tapi di Sapporo (Hokkaido, Jepang kaler). Saemut abdi, asa teu acan kantos mendakan CD kacapian di dieu. Duka tah

[Urang Sunda] Re: (OOT) Kanggo Teh Gilang ti Kang Nanang Ndoell

2005-07-21 Terurut Topik gilang_tresna
Alhamdulillah Kang Nanang, abdi mah aya dina hibar pangesto:) Aih...ari si Akang, muhun abdi ge terang Teh Ratna teh raka Kang Nanang. Kamari mah abdi mung pengumuman wireh abdi tos konfirmasi sareng alumni Bio 80-an. Kaleresan aya nu kenaleun. Kituw tah Akang...;) Nya pami aya no. nu tiasa

Re: [Urang Sunda] Kacapian MP3 (Kang Hepi)

2005-07-20 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamualaikum Wr. Wb. Punten sateuacanna abdi elat ngareply e-mail Kang Hepi:) Nembe ngulampreng deui ka Bakus ieu teh. Perkawis MP3 kacapian, kapungkur abdi gaduhna mangrupi CD. Kumargi hoyong praktis nya ku pun lanceuk dioprek kana wangun MP3. Kitu tah Kang:) Aeh hilap, sakantenan nepangkeun

[Urang Sunda] (OOT) Kanggo Kang Nanang Ndoell

2005-07-20 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamualaikum Wr. Wb. Wilujeng siang Kang Nanang, punten ngalangkung ka babakan:D Kapungkur teh naroskeun Teh Ratna Komala? Ku abdi ditaroskeun ka Teh Atik (Bio Angk. 80), saurna muhun anjeunna kenal sareng Teh Ratna (Angk. 82/83?). Mung saurna ayeuna mah tos kehilangan kontak. Teh Atik teh

[Urang Sunda] Re: On Air di Radio Antasallam Bandung

2005-07-15 Terurut Topik gilang_tresna
Leuh... aya ku resep ningal ketak paripolah KUSNet. Minggu kamari on air di TV, ayeuna on air di radio. Aya ku pikareueuseun...:) Abdi mah bati kabita we...:( Ngabangbalerkeun sono ka lembur mung tiasa ku ngupingkeun kacapian na MP3. Sono hoyong ngupingkeun siaran/obrolan basa sunda. Cik atuh Uwa,

Re: [Urang Sunda] Reuwas ku Roisz

2005-06-23 Terurut Topik gilang_tresna
Ambuing... meni abot geuning nya syarat janten model iklan teh:D Tos teu reuwas da ayeuna mah, ngan eta we meni manglebarkeun, kasep2 bet salin rupa heu...heu... Punten ah, tong bendu nya, bilih ical kasepna:D Baktos, Gilang http://www.senandungbunda.4t.com --- In urangsunda@yahoogroups.com,

Re: [Urang Sunda] Pak Mashudi pupus.....

2005-06-22 Terurut Topik gilang_tresna
Inna lillaahi wa inna ilaihi rojiun... Mugi-mugi almarhum dicaangkeun alam kuburna sareng dipaparin tempat anu mulya di sisi Allah SWT. Amiin... Wassalam, Gilang Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to:

Re: [Urang Sunda] Marebutkeun Kembang Ros

2005-06-22 Terurut Topik gilang_tresna
Euleuh... meni resep ningal nu silih tembalan:) Geuning ari aya mojang mencrang mah, kalaluar tah katiasa para jajaka teh. Nu tos rimbitan ge ngiring tuturubun, nya Kang Kumi:D Dagang kupa sapipiti nu rek meser kaci milih Neng Iva masing taliti kedah pinter milih-milih Cag ah, mangga

Re: FW: [Urang Sunda] Kopdar dibogor - Pria Sejati

2005-06-21 Terurut Topik gilang_tresna
Nu dimaksad ku Kang Runa teh abdi kitu...? Nepangkeun Kang Runa, abdi Gilang, sanes Galih:) Istri tulen:D Tos gaduh budak hiji. Muhun kaleresan geuning sanasib nya, seueur nu lepat nyebat ieu teh:D Salam, Gilang http://www.senandungbunda.4t.com --- In urangsunda@yahoogroups.com, Runa Inawan

Re: FW: [Urang Sunda] Kopdar dibogor - Pria Sejati

2005-06-21 Terurut Topik gilang_tresna
He...he... sesah ngabentenkeun teh panginten pedah namina rada teu lumrah:) Saur Kang Runa mah unik cenah...:D Tapi sok sanaos kitu, Alhamdulillah abdi mah reueus bin pede gaduh nami kitu teh. Da saur pun biang sareng pun bapa nami teh ngandung hartos. Muhun Kang Ridwan, pami sareng urang luar

Re: [Urang Sunda] re: Tumaros Perkawis Lingkup Kegiatan Kusnet

2005-06-21 Terurut Topik gilang_tresna
Sigana resep nya mun diajar ku MJ:) Ari mahasiswana kaci nyarios ku basa Sunda sangeunahna kitu:D Salam, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: nya basa sunda nu sangeunahna tea. emut ka piwuruk sepuh. bahasa mah teu meuli, cenah. maksud teh kedah nyarios nu

[Urang Sunda] Re: Awewe, Geulis jeung Sexy?

2005-06-20 Terurut Topik gilang_tresna
Kang Dudi punten, abdi mah kuper ieu teh:D Acara The Swan teh nu kumaha tea:) Salam, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto [EMAIL PROTECTED] wrote: Punten Baraya sadaya... Duh, sababaraha kali ningal acara The Swan... mani asa ku hariwang, geuning jaman kiwari loba jalma

[Urang Sunda] Re: Awewe, Geulis jeung Sexy?

2005-06-20 Terurut Topik gilang_tresna
Nuhun Kang Ule...:) Alhamdulillah, geuning aya nu manglereskeun. Sigana kapayun mah kedah disarengan ku foto pami posting teh, ngarah teu aya nu nyebat Kang deui:D Salam, Gilang http://www.senandungbunda.4t.com --- In urangsunda@yahoogroups.com, Cecep Wahyu [EMAIL PROTECTED] wrote: Kang Dudi..

[Urang Sunda] Re: Awewe, Geulis jeung Sexy ?

2005-06-20 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng siang Teh Iva, usum naon di Bandung yeuh...? Abdi mah nuju hareudang ieu teh:D He...he... duka atuh nya, geuning ka nami Gilang teh seueur nu nginten pameget. Asli Teh Iva, nami Gilang teh nami abdi pamasihan ti sepuh, lengkepna mah Srirochmat Gilangtresna:) Pami pun anak mah namina teh

[Urang Sunda] Re: the Swan sareng Extreme Makeover Awewe, Geulis jeung Sexy?

2005-06-20 Terurut Topik gilang_tresna
Hatur nuhun Kang Yudi kanggo informasina:) Di dieu mah asa teu acan mendakan acara TV nu ngaropea jalmi dugi ka ngalibatkeun tukang plastik aeh, maksad teh tukang ngoperasi plastik. Dina ayana ge acara kitu, mung saukur ngalibatkeun stylist wungkul. Si tokoh (istri/pameget) didangdosan, dirarapih

[Urang Sunda] Re: moretekeun liang t*i

2005-06-17 Terurut Topik gilang_tresna
Leres Teh Iva, mode sareng pergaulan urang dieu mah seueur nu nurutan urang bule. Nu namina rambut mah leuh... sajabi ti pulasna warna-warni, modelna ge araraneh. Rarasaan abdi mah mun pareng ka salon, asa can mendak model nu lumrah:D Teh Iva uninga ka Dragon Ball? Tah, di dieu mah balatak budak

[Urang Sunda] Re: moretekeun liang t*i

2005-06-17 Terurut Topik gilang_tresna
Heuheu... teu nyambung nyah? sambung-sambungkeun we atuh Kang Kumi pami hoyong nyambung mah:D Salam, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Aeh, sanes talang baga, tapi taRang baga, tarang nu lebah handap... Ari Jepang onaman, Teh Gilang, geus bisa nyieun

[Urang Sunda] Re: (gbr) lukisan mawar beunang kuring

2005-06-16 Terurut Topik gilang_tresna
Mmhh... hanjakal abdi teu tiasa muka attachment:(( MJ kantos ningali kembang ros nu warnana bungur teu? Lima taun nu kalangkung abdi pernah kabungbulengan ku kembang ros bungur. Dugikeun ka ngaprak ka Cihideung, weleh teu mendak:(( Untung harita abdi teu keur nyiram:D Salam, Gilang --- In

[Urang Sunda] Re: moretekeun liang t*i

2005-06-16 Terurut Topik gilang_tresna
Kang Kumi, talang baga teh naon? Di dieu mah balatak istri nu anggoanna kitu teh. Duka atuh, pajarkeun Jepang nagara maju, tapi ari palebah anggoan istri meni asa heureut bahan:D Rajeun ka luhurna rada buni, ka handapna teu kapalang nyingsat, rok nu nengah (punten) pingping teh tos lumrah di dieu

[Urang Sunda] Re: Ngarorotek...

2005-04-26 Terurut Topik gilang_tresna
Nambihan sakedik Uwa:) Tatabeuhan : Tarawangsa Seni Panggung : Bangreng Aya deui Rengkong, tapi duka tah kamana lebetna. Baktos, Gilang http://www.senandungbunda.4t.com * --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik

Re: [Urang Sunda] FW: wanita ISLAM (Istrina Destarata)

2005-04-21 Terurut Topik gilang_tresna
Dewi Gandari sanes Uwa? Baktos, Gilang http://www.senandungbunda.4t.com --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Manawi teu lepat anu gaduh putra 100 jalmi mah sanes Dursasana namung

Re: [Urang Sunda] FW: wanita ISLAM

2005-04-20 Terurut Topik gilang_tresna
Punten MJ.. Saemut kuring mah Dewi Kunti teh ibuna Pandawa Lima. Ari nu sok disebat istri Pandawa Lima nu hiji mah Dewi Drupadi. Kitu sanes? Punten nya pami lepat..:) Wassalam, gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: nu resep wayang sigana tos terang yen

Re: [Urang Sunda] FW: wanita ISLAM

2005-04-20 Terurut Topik gilang_tresna
gilang_tresna [EMAIL PROTECTED] wrote: Punten MJ.. Saemut kuring mah Dewi Kunti teh ibuna Pandawa Lima. Ari nu sok disebat istri Pandawa Lima nu hiji mah Dewi Drupadi. Kitu sanes? Punten nya pami lepat..:) Wassalam, gilang In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL

Re: [Urang Sunda] FW: wanita ISLAM (Pandawa Lima)

2005-04-20 Terurut Topik gilang_tresna
Message - From: gilang_tresna [EMAIL PROTECTED] To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Wednesday, April 20, 2005 4:27 PM Subject: Re: [Urang Sunda] FW: wanita ISLAM Pami teu lepat emut mah Karna teh putrana Dewi Kunti keneh, nanging sanes ti Pandu Dewanata. Cenah mah ramana Karna teh

Re: [Urang Sunda] Telah lahir

2005-04-05 Terurut Topik gilang_tresna
Barakallahu..Kang Didi, kanggo gubragna si Junior ka alam dunya. Mugi-mugi Cep Naufal janten murangkalih nu sholeh tur tiasa janten qorrota 'ayun kanggo ibu ramana. Sareng mugi-mugi Kang Didi kalih garwa dijantenkeun sepuh anu sabar tur jembar manah enggoning ngatik titipan ti Nu Kawasa. Amiin..

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-22 Terurut Topik gilang_tresna
Meser kanji jeung mantega diembohan ku peremen Duh Kang Panzi geuning tega bet miwarang baramaen.. Ki Adi rek jalan-jalan Wa Haji kalah nyauran Mun abdi namprak di jalan Kang Panzi kedah maturan..:P *Gilang* = --- In

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-22 Terurut Topik gilang_tresna
Heu..heu..manawi teh Kang Kuncen teu merhatoskeun..:) Muhun Kang Panzi, etang2 hiburan we ieu mah. Mangga ah nyanggakeun..:D Mang Emen mulang ti pasar cenah tos ngajual sapi Ngamen ulah nganggo gitar mending oge ku kacapi#12288; Ma Haji aya ku bageur nganteur abdi ka Cileunyi Kang Panzi

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-21 Terurut Topik gilang_tresna
Nu jangji teu aya mulang matak paur nu miheman Kang Panzi abdi ongkosan ke ditaur ku Wa Oman..:D Kang Adi kasep tur gandang mikat ati nu ningali Abdi sanes tukang dagang taya bakat jual beuli *Gilang* http://www.senandungbunda.4t.com

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-21 Terurut Topik gilang_tresna
Uwa Haji pulang anting cenah mah rek meser kaos Kang Panzi tong guntang-gunting artos receh ge sawios..:D Ceu Ida bade ka mana geuningan nunungtun kalde Guda-gadena ka mana di dieu taya pakgade..:P *Gilang* = --- In

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-18 Terurut Topik gilang_tresna
Samping hideung ti Sumedang diampihan dina palang Kuring nineung ka Sumedang hanjakal teu bisa mulang Samping dina luhur palang kalah diompolan beurit Si kuring teu bisa mulang lantaran teu boga duit :D *Gilang_Sapporo:)* == --- In

[Urang Sunda] Re: Beja keur urang Sumedang

2005-03-16 Terurut Topik gilang_tresna
Emh..bati kabita we abdi mah.. Dimana tempatna nya..? Baktos, gilang *sono ka lembur* --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: tadi jam 9-an ngulampreng ka Cupumanik di karawitan 46, setor artikel pikeun rubrik US (urang sunda). kang Hawe katalatahan ku kang Ajip,

Re: [Urang Sunda] Fw: [REKAN] Puzzle

2005-03-03 Terurut Topik gilang_tresna
Aih..aih..Kang Dudi hebat lah;) Ku pinter nya eta nu ngadamel soal. Ditambihan tah ku abdi: 29. 2 W dan 1 P dalam C S = 2 Wanita dan 1 Pria dalam Cinta Segitiga 33. 1 W dan 2 P dalam P = 1 Wanita dan 2 Pria dalam Perselingkuhan Mangga ah permios.. Salam, Gilang

[Urang Sunda] Fwd: Beasiswa Monbukagakusho 2005

2005-02-03 Terurut Topik gilang_tresna
Bilih aya nu bade ngersakeun..:) Tapi aya ralat sakedik, ayeuna mah beasiswana tos ngirangan janten 175.000 yen/bulan. Insya Allah cekap keneh asal tiasa ngajeujeuhkeunna we..:D Info beasiswa di Jepang sanesna tiasa diuningaan di : http://www.pmij.org/ Wassalam, Gilang

[Urang Sunda] Re: Kasaksian Jehovah

2005-02-01 Terurut Topik gilang_tresna
Kang Kumi, ku abdi ge sok dibaledog da...dibaledog ku imut:) Sanes maksad abdi gumeulis ngabaledog ku imut soteh..:D Nya hoyong negeskeun we ka maranehna yen urang teh (muslim) mahluk Allah nu someah. Baktos, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote:

[Urang Sunda] Re: Kasaksian Jehovah

2005-01-31 Terurut Topik gilang_tresna
Kang Yudi, di abdi mah eta urang Jehovah teh meni taya kabosen da.. Sakapeung mah saminggu teh aya 2-3 kalina nyampeurkeun ka rorompok. Sami di dieu ge sok duaan-duaan. Malihan mah pami ku urang dilayanan ngobrolna, sok aya nu ngajangjikeun sumping deui minggu payun. Pajarkeun teh ke minggu

Re: [Urang Sunda] = antara salem jeung kali bening (Kang Dudi)

2005-01-19 Terurut Topik gilang_tresna
Heuheu...eta kuncen Banyumas meni norolang kitu..:) Salam, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, dudi [EMAIL PROTECTED] wrote: Bener lamun ti Dieng turun ka belah kidul mah bras-na ka Kalibening, Wanayasa atawa Batur, terus ka Sigaluh atawa Banjarmangu, Banjarngera tangtuna ka tatar

[Urang Sunda] Re: Basa Sunda urang Sumedang...

2005-01-18 Terurut Topik gilang_tresna
Aduh...ieung...meni helok abdi, ningal seratan dina posterna.. Cik atuh nya, da urang Sumedang, nyerat teh nganggo basa Sunda we.. Wassalam, Gilang (urang Sumedang) --- In urangsunda@yahoogroups.com, asep juarna [EMAIL PROTECTED] wrote: Sim kuring mendak ieu gambar ti kompas on-line.

[Urang Sunda] Re.FW: BERITA AMAT PENTING!!! (Klarifikasi Nara Sumber)

2005-01-09 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum.. Wilujeng siang ka sadayana.. Nyanggakeun di handap aya tanggapan ti Pa Yusuf BBPT, perkawis berita Gempa Tsunami susulan. Wassalam, Gilang ATTACHMENT part 2 message/rfc822 To: ppi-hokk [EMAIL PROTECTED]

Re: [Urang Sunda] Urang Cilacap hebat euyy...

2005-01-04 Terurut Topik gilang_tresna
Nu belenong mah pami teu bonang nya jenglong, atanapi goong ditangkubkeun.. Wass, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: mun ditoong di kapal udara, meureun siga alat musik degung, naon ngarana poho deui. sharon stone kitu? komo mun di Agra india mah.

[Urang Sunda] Isu Aceh

2005-01-03 Terurut Topik gilang_tresna
--- In [EMAIL PROTECTED], Subhan Akbar [EMAIL PROTECTED] wrote: Note: forwarded message attached. From: Benny Setiono [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Sunday, January 02, 2005 10:51 PM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [t-net] ISU BERBAHAYA ! Teman-teman yang terhormat, Akhir-akhir ini

[Urang Sunda] Re: Belasungkawa, Siaga, Info--Fwd: [kisunda] BBC E-mail: How earthquakes happe

2004-12-29 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum... Wilujeng siang kanggo baraya nu aya di lembur.. Mugi-mugi sadayana nuju aya dina panangtayungan Allah SWT. Oge teu hilap sim kuring sambung du'a kanggo dulur urang di Aceh nu nuju kenging musibah, mugi-mugi aranjeunna dipasihan kakiatan iman sareng katawekalan dina mayunan

Re: [Urang Sunda] Nepangkeun (Teh Tien)

2004-12-26 Terurut Topik gilang_tresna
teh Gilang.. Tabuh sabaraha ayeuna diditu...? nuju usum naon deui ? didieu mah usum hujantiris gilang_tresna [EMAIL PROTECTED] wrote: Hadir.. abdi urang Sumedang(bari ngacung..:)) Nepangkeun abdi Gilang, kawit ti Sumedang. Ayeuna nuju ngumbara di nagri-na Oshin. Wassalam

Re: [Urang Sunda] lagu-lagu sunda teu arapal.....

2004-12-25 Terurut Topik gilang_tresna
Wilujeng siang kasontennakeun Teh Tien..:) Pami teu lepat mah kieu terasanna eta lagu teh : Itu saha anu acuk beureum.. Itu saha anu acuk beureum.. Irung mancung pipi koneng urang Bandung.. (tah saterasna mah abdi ge teu terang) Wassalam, gilang --- In

Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2004-12-25 Terurut Topik gilang_tresna
Hadir.. abdi urang Sumedang(bari ngacung..:)) Nepangkeun abdi Gilang, kawit ti Sumedang. Ayeuna nuju ngumbara di nagri-na Oshin. Wassalam, Gilang --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja [EMAIL PROTECTED] wrote: Rampesss... Mangga teras kalebet..., geura enggal ngiring

[Urang Sunda] Keamanan Penggunaan Thimerosal dalam Vaksin

2004-12-21 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum... Ieu aya sakedik artikel perkawis Thimerosal dina vaksin. Manawi tiasa aya mangpaatna. Punten pami seratanna rada ngagebay..:) Wassalam, Gilang = Keamanan Penggunaan Thimerosal dalam Vaksin download versi PDF

Re: [Urang Sunda] Innalililahi wa innailaihi raji'un.....

2004-12-20 Terurut Topik gilang_tresna
Innalillahi wa inna ilaihi rooji'un.. Ngiring belasungkawa ka Kang Ayub. Mugi tuang ibu dipaparin tempat nu mulya sareng ditampi sagala rupi amal ibadahna. Sareng mugi kulawargi nu dikantunkeun dipaparin kasabaran dina mayunan cobian ieu. Amiin.. Wassalam, Gilang --- In [EMAIL PROTECTED], Ayub

Sultan Agung Jeung Dipati Ukur ---[Urang Sunda] Re: Dayeuh Luhur

2004-12-20 Terurut Topik gilang_tresna
Bah Willy, punten nembe teh abdi rada nyerengeh maos sandi tea. Sanes nanaon, mung emut ka pun lanceuk. Kaleresan karuhunna teh urang Jawa. Keun ah engke mun si Kakang mulih, ku abdi rek dipapag nganggo jaleuleu ja...:D Baktos, Gilang --- In [EMAIL PROTECTED], waluya56 [EMAIL PROTECTED] wrote:

[Urang Sunda] Fwd: Fw: , Careefour Cempaka Mas (hati2!!!pemegang kartu kredit)

2004-12-20 Terurut Topik gilang_tresna
--- In [EMAIL PROTECTED], Unggul Pribadi [EMAIL PROTECTED] wrote: -Original Message- From: Tan Rita [mailto:[EMAIL PROTECTED] PEMEGANG KARTU KREDIT W A S P A D A L A H Ada modus operandi baru. Berhati-hatilah bila di mal Anda ditawari sesuatu barang gratis. Pada saat Anda

[Urang Sunda] Fwd: Job Vacancy (lowongan di Yamaha Motor)

2004-12-19 Terurut Topik gilang_tresna
Sampurasun.. Bilih aya nu bade ngersakeun ngalamar ka Yamaha Motor. Wassalam, gilang --- In [EMAIL PROTECTED], noviellnine [EMAIL PROTECTED] wrote: Dear Friends...FYI Ada temans, saudaras, yang lagi cari kerja? PT.Yamaha Motor Manufacturing West Java PT. Yamaha Motor Manufacturing

Re: [Urang Sunda] Vertigo (Ua Tito)

2004-12-09 Terurut Topik gilang_tresna
Alhamdulillah Ua, abdi aya dina hibar pangesto. Kumaha sawalerna? Aya we abdi mah teu kamamana. Nuju ngararaoskeun tirisna usum salju..:) Rumaos jarang ngiring mairan. Mung janten tukang noong wungkul. Katambih kamari2 mah langkung ti saminggu teu tiasa ngoprek kompie, atuh pas ngulampreng ka

Re: [Urang Sunda] kritik ka urang sunda

2004-10-19 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum.. Punten Kang Hendra ngiring mairan...:) Kapungkur jaman keur budak sok pirajeuneun maos dongeng-dongeng menak baheula. Sakaemut abdi mah memang istilah Gubernur teh sok seueur nu nyerat Gupernur. Duka tah leres henteuna mah nyerat Gubernur dina bahasa Sunda teh kitu. Mung

Re: [Urang Sunda] Ngabsen urang Sumedang

2004-10-15 Terurut Topik gilang_tresna
Hatur nuhun Kang Dudi, abdi dipangabsenkeun..^-^ Wassalam, Gilang_Sapporo --- In [EMAIL PROTECTED], dudi [EMAIL PROTECTED] wrote: 1. KangYa (Tungtung Seoul) 2. Kang Boim (Bandung) 3. Jalak Harupat (Tangerang) 4. Teh Julia (Bandung) 5. Teh Pipiet Senja (Depok) 6. Kang Osam (Balik

Re: [Urang Sunda] Mapag Ramadhan (Uwa Tito)

2004-10-13 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum... Wilujeng wengi Uwa Tito sareng sadaya baraya di lembur KUSnet..:) Duh meni asa bagja abdi aya nu noel, rumaos arang langka dongkap ka lembur. Abdi mah aya we di dieu Uwa..teu kamamana. Unggal dinten ge tara kendat noongan lembur. Mung nya kitu ukur tiasa janten tukang

Re: [Urang Sunda] manawi kagungan ..... sumedang

2004-10-06 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum... Punten abdi ngiring mairan..:) Nembe teh kaleresan tuang-toong kana rak buku, ningal buku sejarah Sumedang nu dicetak ku Yayasan Pangeran Sumedang (Museum Prabu Geusan Ulun). Lumayan lengkep dongengna teh, ti ngawitan asal-usul nami kota Sumedang dugi ka tempat-tempat

Re: [Urang Sunda] SULUK KOTA DI JABAR (Sumedang)

2004-08-09 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum... Wilujeng sonten ka sadayana baraya Kusnet... Ngiring mairan ahmeungpeung rada salse. Sateuacanna bade tumaros pami SULUK teh hartos nu saleresna naon nya? Sami sareng semboyan kitu? Pami teu lepat mah, Insun Medal teh mangrupikeun asal muasal nami kota Sumedang. Cenah

[Urang Sunda] Re: Mangga emutan!

2004-08-06 Terurut Topik gilang_tresna
Cik..cik...na kumaha kitu Kang pami kagungan garwa ka urang Jepang? Salam, Gilang --- In [EMAIL PROTECTED], kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Ceuk sakaol mah, cenah, sawarga dunya pikeun hiji lalaki mah nyaeta boga gajih standar Amrik, pamajikan urang Jepang, cicing di Indonesya. TEuing

[Urang Sunda] Re: Neda Pidu'ana kanggo T' Nety + Kulawargi

2004-08-06 Terurut Topik gilang_tresna
Inna lilaahi wa inna ilaihi rojiun.. Ngiring belasungkawa ku ngantunkeunna raka Teh Nety. Mugi-mugi almarhum ditampi amal ibadahna, sareng mugi nu dikantunkeun dipaparin kaikhlasan, kakiatan sareng katabahan. Wassalam, Gilang sakulawargi Yahoo! Groups Sponsor

[UrangSunda] Re: Ngiring Bela Sungkawa

2004-07-25 Terurut Topik gilang_tresna
Inna lillaahi wa inna ilaihi roji'uun.. Ngiring belasungkawa ku ngantunkeunnana Bapa Sukarman, ramanan Teh Puppy. Mugi-mugi almarhum ditampi amal ibadahna ku Allah SWT. Ka Teh Puppy nu dikantunkeun, mugi-mugi dipasihan katabahan dina mayunan ieu papasten. Amiin... Wassalam, Gilang_Sapporo

[UrangSunda] Re: Neda pidu'ana, hatur nuhun.

2004-07-18 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum... Ngiring belasungkawa ku ngantunkeunnana Ibu Hj. Eruk Rukmini. Mugi-mugi sadaya amal ibadah Almarhumah ditampi ku Illahi Robbi, sareng mugi-mugi kulawargi nu dikantunkeun dipaparin kakiatan oge katabahan. Amiin... Wassalam, Gilang Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda,

[UrangSunda] Re: Nepangkeun...(klarifikasi)

2004-07-16 Terurut Topik gilang_tresna
Assalamu'alaikum... Wilujeng sonten Akang sareng Teteh warga Babakan Kusnet.. Sim kuring dongkap deui yeuh... Aduuhh...punten upami perkenalan ti sim kuring kamari kirang lengkep. Manawi teh moal matak ngabingungkeun ka sadayana. Urang uihan deui atuh nya perkenalannana. Leres naon nu