ngabandungan pamairan ki dulur perkara ruwat sunda, tetela masih keneh
baroga mental  uing mah lain menak. langsung masang identitas kelas cap
bulu taneuh.  memang ti awal make bendera menak, sanajan dina ondangan
acara teu aya, ngan make kecap wargi nu dina harti umum, kawargian,
kulawarga hiji wewengkon nu katurunan menak.

padahal si kuring, nu menak gadungan, noong lain ti soal kelas atawa
kasta, tapi justeru eta oge salah sahiji cara ngaraketkeun urang sunda,
nyaeta ku make jalur menak nu papada masih wawuh jeung menak wewengkon
lain.

da butuh teu butuh, pro-kon, sajarah teh dijieun atawa pangna aya soteh
pedah aya kaum menak, jadi sajarah teh perkawis paripolah menak wungkul.
mun euweuh menak mah, moal aya raja, karajaan, moal aya kabudayaan.

urang ngefans ka prabu siliwangi misalna, pan PS oge menak. super menak
malah da raja.

menak dina konteks ayeuna mah ngan ukur pikeun nostalgila. ngaran
kulawarga pikeun identitas tapi teu ngajamin nanaon deui ayeuna mah.

tapi jalur menak sa tatar sunda bisa  pikeun jalur ngaraketkeun duduluran
nu bisa leuwih hade, da pastina jadi jaringan jeung inohong ti unggal
wewengkon, bari jeung boga hambalan nu sarua, papada nangtung dina budaya
jeung identitas kasundaan nu jelas. turunan bupati sukapura, misalna,
tangtu dipiharep jadi salah saurang budaya kasundaan bisa dipiara, sabab
menak biasana jadi tempat ngawetkeun tradisi, atawa di kaum menak, kuduna
tradisi budaya masih aya jeung dipake, kaasup ajaran moral. kudu jadi
benteng pamungkas budaya.

menak jaman kiwari mah -jaman demokrasi meureun, nyaeta nu beunghar, nu
loba duit. geus lain deui turunan saha2na, nu penting beunghar loba
duitna. sabab ekonomi oge boga kelas, siga kareta parahyangan, aya
argogede, eksekutif,  bisnis, ekonomi.


mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke