Ceuk rerencangan urang bisnis anu nagndelkeun kana
trend konsuptip bangsa Urang...lamun urang hayang
ngalawan eta Valentine ( si rerencangan mah alim
ngalawan..malah ayeuna keur mikir kumaha
ngarongkahkeun Valentine nepi ka ngarayat..keur
neangan kasempetan dagang..). Conto anu dicandak ceuk
manehna kagum ka grup musik Ungu....anu parantos
sukses dina 2 hal kulantaran album dengan thema religi
sukses sacara komersil. naon suksesna, cenah;
1. Lagu tema religi teh parantos janten stigma
'kampungan' ala kasidahan sareng dianggap konsumsi
lapis bawah ala gambusan. Ayeuna lepelna diangkat kana
pop elit anu digandrungi kaum budaya pop anu diusung
ku Grup band pop.
2. Kanyataan grup band pop oge mangpu ngarambah ka
musik/lagu anu sateuacanna di anggap low lepel
ea..janten kengeng applause....Tah ieu teh hasil
ekploitasi trend pop tea...


--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Cenah, tgl 14 Februari teh, poe Valentine, poe
> "kasih sayang". Di lembur
> soal ngarayakeun poe Valentine teh aya nu protes
> sabab cenah ieu teh
> budaya kulon nu sekuler, budaya jahiliyah malah aya
> nu nyebutkeun poe
> Valentine teh leuwih bahaya ti Flu manuk
> ...hehehehe. Tapi nu ngarayakeun
> tonngoy we, komo para pangusaha mah, malah
> digede-gedekeun, di Mall-mall
> di jual coklat poe Valentine nu bentukna siga
> jantung (hate). Tapi lain
> pangusaha gede wae, tukang kembang ge
> ngamanfaatkeun. Di Jalan Dago
> bandung, ti kamari keneh, rapang nu jualan kembang
> meunang mungkusan di
> stopan lalulintas.
> 
> Ari ceuk kuring mah, soal ngarayakeun Poe Valentine
> teu kudu diprotes kom
> bari demo sagala mah, ka beak-beak tanaga. Nu kieu
> bisa disebut Budaya Pop
> tea, tambah dicarek ...malah tambah ngahajakeun.
> Bung Karno baheula
> ngalarang musik "ngak-ngik-ngok", tepi ka Koes
> Bersaudara asup bui. Naon
> hasilna? malah beuki nerekab. Dangdut baheula kungsi
> dilarang nonghol dina
> TV, hasilna Dangdut tambah populer!. Jadi,
> satungtung poe Valentine teu
> ngarugikeun sasaha, naha make kudu ijigimbrang
> ngambek sagala?
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
Bored stiff? Loosen up... 
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
http://games.yahoo.com/games/front

Kirim email ke