punten ah ngiring nimbrung bah,
si kuring oge ngawitan nincak surabaya di bungur asih katipu ku calo, harita 
teh pas ti makasar turun ti surabaya tah neruskeun balik ka bandung make beus. 
nya di bungur asih di bawa calo cenah aya nu langsung ka bandung (harita ongkos 
Sby-Bdg ngan 15.000) tungtungna mah ditaekuen ka jurusan jakarta ongkosna 25 rb 
trus diturunkeun di cirebon naek deui ka bandung ongkos sorangan heheheeheh.
*Ari ayeuna katincak pisan daerah na ti th. 1995 tug nepi ka kiwari jadi warga 
Sidoarjo/Surabaya hahahahaha.
jadi tong hariwang mun aya dulur rek ka surabya pek weh telepon si kuring...

  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, October 06, 2009 12:11 PM
  Subject: Re: [urang sunda] Surabaya


    Kuring oge boga pangalaman pikareuwaseun di Surabaya teh, tapi baheula 25 
taun katukang . Caritana kuring teh ti Bali (Denpasar) rek balik ka Bandung, 
tapi hayang nganjang heula ka kidulur nu keur sakola di ITS, disakolakeun ku 
instansi tempat digawena. 

  Ti Denpasar naek beus malem "Jawa Indah", Inditna jam 7 peuting, kuring 
sosorangan we. Ari sugan teh tepi ka Surabaya isuk-isuk atawa subuh lah, ari 
pek teh jam 2 peuting geus tepi di terminal wonokromo (cenah ayeuna mah geus 
euweuh). Bari satengah lelenggutan, kuring tuturubun turun tina beus, kakara ge 
jrut turun, tas aya nu ngarawel ku duaan, terus dibawa-bawa ku maranehna bari 
ngomong: "Mau kemana Mas? Mau kemana Mas?"

  Kuring nunutur eta jelma kaditu-kadieu da sieun tas dibawa kabur bari 
ngajawab sababraha kali tujuan kuring. tuntungna si jelema eta nuju mobil 
(sigana angkot), terus ngomong ka supirna nitah nganteurkeun ka nu dituju 
kuring, bari nyebut ongkosna ka kuring. Teu ditawar deui da mani asa ngemplong 
hate teh, kuring langsung diuk digigireun supir. Tapi mobil teu jung wae indit, 
si supir kalahka ngomong: "kasih dulu itu Mas!"

  "Maksudnya?", ceuk kuring teh

  "Iyah, mana ONGKOS BAWA TAS?", ceuk si jelema eta nu mamawa tas teh 
nyorongot, nyentak, pedah kuring cicing wae.

  Reuwas disentak ditambah sieun, leungeun kuring reflek kadak kodok kana saku, 
neangan duit receh, sok dibikeun.

  Na ari gorowok teh tambah ngambek:"CARI SELAMAT ATAU TIDAK MAS? kalau cari 
selamat ...tambah!"

  Ngareungeu kitu, ah geus teu mikir deui, sok we dibere gede. Ongkos mawa tas 
teh dua kalieun ongkos beus ti Denpasar ka Surabaya!. Sajeroning di jalan nuju 
tempat kos ki dulur, kuring ngabetem, aya rasa teu aman ditambahan ku kesel. 

  Tepi ka tempat kidulur, pangalaman didongengkeun ka kidulur, kalahka 
nyeukseukan, nekad cenah, turun di terminal eta tengah peuting, untung teu 
dinanaon.

  Tapi da ayeuna mah, ceuk koran eta oge, terminal Bungur asih kaasup hade 
jeung aman di Indonesia mah. Nu jelas waktu kuring boga pagawean di Bondowoso 
jeung Situbondo, sering indit-inditan sosorangan ngaliwatan terminal Bungur 
Asih, teu ngalaman deui saperti baheula di Wonokoromo ....

  Baktos,
  WALUYA

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
  >
  > eta perkara angkot surabaya, enya lieur.
  > pernah hiji waktu, kulantaran nyaba sababaraha poe, hayang apal jalur
  > angkot. naek ti bungur asih, rek ka keputih. sapanjang jalan, eta ngaran
  > jalan teh ku uing dicatet. keur anteng nyatet ngaran jalan, jigana katempoan
  > ku supir, manehna nanya, "nyatet noan?" cenah. teuing ku naon sababna eta
  > supir teh kalahka ngambek, pedah uing nyatet ngaran jalan nu kaliwatan.
  > teuing kasinggung meureun. sabab uing diuk gigireun supir, disedek-sedek teh
  > geuning sungutna bau alkohol.
  > -mh-



  
====================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
Ketik CREATE[NAMA GRUP], sms ke 345. 
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
Informasi selanjutnya :
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com
- ketik INFO, sms ke 345. 
=================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS,
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS?
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS.
Ketik CREATE<spasi>[NAMA GRUP], sms ke 345.
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345.
Informasi selanjutnya :
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com
- ketik INFO, sms ke 345


=================================
This Email has been scanned : Anti Virus
=================================

Kirim email ke