Nyaeta henteu kang, da manehna mah ngadon cicing gigireun supir ....heuheu,
kusabab kuring harita jadi "bintang tamoe" jadi weh nyelegon ditukang bari
culang cileung heuheuheu....

Aeh pernah sakali ketang basa manehna nraktir dahar, bari pahareup hareup,
hanjakal mun di tingali tikajauhan siga dunungan jeung babu weh, manehna
bodas ari kuring semu semu kitu lah, semu siga areng hehehehe.... 

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of jangdede
Sent: 07 Oktober 2009 8:31
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [urang sunda] Surabaya

 

  

Nya...ari cuaca mah pikeun urang Bandung eta teh kaasup panas pisan, tapi
ari pikeun kuringmah nu geus lila nganjrek di Semarang (nu sarua panasna)
hawa sakitu teh teu pati kaget teuing. Meureun teu beda jeung di
semarang....

jalan2 naek mobil bari digigireun aya awewe mencrang, etamah lain kesang
panas suhu udara, tapi panas suhu hate meureun
kang...Hahahhahahahah.........

 

heureuy ketang kang!

 

salam

jangdede

2009/10/7 Simkuring <alkarta_...@yahoo.co.id>

  

 

 

Haduh kang paralun harita 6 bulan katukang si kuring nganjang ka sidoarjo,
isuk-isuk jam genepan mun teu salah naek ti bandara Hussein turun di
Djuanda, masih kaasup isuk keneh, na ari jrut turun jol heab teh hawa rada
"teu bersahabat" yeuh, untung weh kaluar bandara geus disampakkeun jemputan
bari dibarengan ku budak awewe mencrang (ngan lain asli urang dinya da sidik
sipit jeung ngaran nu khas tea).

Poe eta keneh urusan rengse bada lohor, ceuk eta awewe (tidituna mah ngaku
mereun) ngajak jalan2 make mobil manehna disupiran ku supir pribadi, ngan
kuat sajam dua jam, teu kuat kesang ngagarajag sa awak awak, saterusna
kuring maksa amitan bari neang sugan aya keneh korsi kosong ka bandungkeun,
kabeneran aya, dius deui kuring ka bandung, nepi jam 5 sore mun teu salah
mah, asa bucat bisul pibasaeuna teh, mawa oleh2 saeutik nyaeta kiripik apel
jeung bandeng asap, nyampak di imah pada ngarawu tah oleh2 teh, ari belewek
ngadon ngaharuleng, asa araraneh ceunah heuheu.

Saumur2 kakarak sakali eta nincak jatim, duka mereun mun tea mah nganjrek
rada lila bisa wae adaptasi cuaca.

Punten ah ngacapruk yeuh 

 

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Tito Suryana
Sent: 06 Oktober 2009 8:19
To: urangsunda@yahoogroups.com 


Subject: Re: [urang sunda] Surabaya

 

  

punten ah ngiring nimbrung bah,

si kuring oge ngawitan nincak surabaya di bungur asih katipu ku calo, harita
teh pas ti makasar turun ti surabaya tah neruskeun balik ka bandung make
beus. nya di bungur asih di bawa calo cenah aya nu langsung ka bandung
(harita ongkos Sby-Bdg ngan 15.000) tungtungna mah ditaekuen ka jurusan
jakarta ongkosna 25 rb trus diturunkeun di cirebon naek deui ka bandung
ongkos sorangan heheheeheh.

*Ari ayeuna katincak pisan daerah na ti th. 1995 tug nepi ka kiwari jadi
warga Sidoarjo/Surabaya hahahahaha.

jadi tong hariwang mun aya dulur rek ka surabya pek weh telepon si kuring...

 

----- Original Message ----- 

From: Waluya <mailto:waluy...@yahoo.com>  

To: urangsunda@yahoogroups.com 

Sent: Tuesday, October 06, 2009 12:11 PM

Subject: Re: [urang sunda] Surabaya

 

  

Kuring oge boga pangalaman pikareuwaseun di Surabaya teh, tapi baheula 25
taun katukang . Caritana kuring teh ti Bali (Denpasar) rek balik ka Bandung,
tapi hayang nganjang heula ka kidulur nu keur sakola di ITS, disakolakeun ku
instansi tempat digawena. 

Ti Denpasar naek beus malem "Jawa Indah", Inditna jam 7 peuting, kuring
sosorangan we. Ari sugan teh tepi ka Surabaya isuk-isuk atawa subuh lah, ari
pek teh jam 2 peuting geus tepi di terminal wonokromo (cenah ayeuna mah geus
euweuh). Bari satengah lelenggutan, kuring tuturubun turun tina beus, kakara
ge jrut turun, tas aya nu ngarawel ku duaan, terus dibawa-bawa ku maranehna
bari ngomong: "Mau kemana Mas? Mau kemana Mas?"

Kuring nunutur eta jelma kaditu-kadieu da sieun tas dibawa kabur bari
ngajawab sababraha kali tujuan kuring. tuntungna si jelema eta nuju mobil
(sigana angkot), terus ngomong ka supirna nitah nganteurkeun ka nu dituju
kuring, bari nyebut ongkosna ka kuring. Teu ditawar deui da mani asa
ngemplong hate teh, kuring langsung diuk digigireun supir. Tapi mobil teu
jung wae indit, si supir kalahka ngomong: "kasih dulu itu Mas!"

"Maksudnya?", ceuk kuring teh

"Iyah, mana ONGKOS BAWA TAS?", ceuk si jelema eta nu mamawa tas teh
nyorongot, nyentak, pedah kuring cicing wae.

Reuwas disentak ditambah sieun, leungeun kuring reflek kadak kodok kana
saku, neangan duit receh, sok dibikeun.

Na ari gorowok teh tambah ngambek:"CARI SELAMAT ATAU TIDAK MAS? kalau cari
selamat ...tambah!"

Ngareungeu kitu, ah geus teu mikir deui, sok we dibere gede. Ongkos mawa tas
teh dua kalieun ongkos beus ti Denpasar ka Surabaya!. Sajeroning di jalan
nuju tempat kos ki dulur, kuring ngabetem, aya rasa teu aman ditambahan ku
kesel. 

Tepi ka tempat kidulur, pangalaman didongengkeun ka kidulur, kalahka
nyeukseukan, nekad cenah, turun di terminal eta tengah peuting, untung teu
dinanaon.

Tapi da ayeuna mah, ceuk koran eta oge, terminal Bungur asih kaasup hade
jeung aman di Indonesia mah. Nu jelas waktu kuring boga pagawean di
Bondowoso jeung Situbondo, sering indit-inditan sosorangan ngaliwatan
terminal Bungur Asih, teu ngalaman deui saperti baheula di Wonokoromo ....

Baktos,
WALUYA

--- In urangsunda@yahoogroups.com <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> , mh
<khs...@...> wrote:
>
> eta perkara angkot surabaya, enya lieur.
> pernah hiji waktu, kulantaran nyaba sababaraha poe, hayang apal jalur
> angkot. naek ti bungur asih, rek ka keputih. sapanjang jalan, eta ngaran
> jalan teh ku uing dicatet. keur anteng nyatet ngaran jalan, jigana
katempoan
> ku supir, manehna nanya, "nyatet noan?" cenah. teuing ku naon sababna eta
> supir teh kalahka ngambek, pedah uing nyatet ngaran jalan nu kaliwatan.
> teuing kasinggung meureun. sabab uing diuk gigireun supir, disedek-sedek
teh
> geuning sungutna bau alkohol.
> -mh-


====================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS, 
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS? 
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS. 
Ketik CREATE[NAMA GRUP], sms ke 345. 
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345. 
Informasi selanjutnya :
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com <http://www.telkomflexi.com/> 
- ketik INFO, sms ke 345.

=================================
Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS,
DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS?
Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS.
Ketik CREATE<spasi>[NAMA GRUP], sms ke 345.
Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345.
Informasi selanjutnya :
- hubungi 147
- http://www.telkomflexi.com <http://www.telkomflexi.com/> 
- ketik INFO, sms ke 345
 
 
=================================
This Email has been scanned : Anti Virus
=================================



__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com <http://www.eset.com/> 

 

__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

 

The message was checked by ESET Smart Security.

 

http://www.eset.com <http://www.eset.com/> 



__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com <http://www.eset.com/> 



__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com <http://www.eset.com/> 



__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com <http://www.eset.com/> 



__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com <http://www.eset.com/> 

 





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke