Hahaha......
Dupi si Akang damel dimana, meni janten bentang tamu kitu?




2009/10/7, Simkuring <alkarta_...@yahoo.co.id>:
>
>
>
>  Nyaeta henteu kang, da manehna mah ngadon cicing gigireun supir
> ....heuheu, kusabab kuring harita jadi “bintang tamoe” jadi weh nyelegon
> ditukang bari culang cileung heuheuheu....
>
> Aeh pernah sakali ketang basa manehna nraktir dahar, bari pahareup hareup,
> hanjakal mun di tingali tikajauhan siga dunungan jeung babu weh, manehna
> bodas ari kuring semu semu kitu lah, semu siga areng hehehehe....
>
>
>
> *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On
> Behalf Of *jangdede
> *Sent:* 07 Oktober 2009 8:31
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Subject:* Re: [urang sunda] Surabaya
>
>
>
>
>
> Nya...ari cuaca mah pikeun urang Bandung eta teh kaasup panas pisan, tapi
> ari pikeun kuringmah nu geus lila nganjrek di Semarang (nu sarua panasna)
> hawa sakitu teh teu pati kaget teuing. Meureun teu beda jeung di
> semarang....
>
> jalan2 naek mobil bari digigireun aya awewe mencrang, etamah lain kesang
> panas suhu udara, tapi panas suhu hate meureun
> kang...Hahahhahahahah.........
>
>
>
> heureuy ketang kang!
>
>
>
> salam
>
> jangdede
>
> 2009/10/7 Simkuring <alkarta_...@yahoo.co.id>
>
>
>
>
>
>
>
> Haduh kang paralun harita 6 bulan katukang si kuring nganjang ka sidoarjo,
> isuk-isuk jam genepan mun teu salah naek ti bandara Hussein turun di
> Djuanda, masih kaasup isuk keneh, na ari jrut turun jol heab teh hawa rada
> “teu bersahabat” yeuh, untung weh kaluar bandara geus disampakkeun jemputan
> bari dibarengan ku budak awewe mencrang (ngan lain asli urang dinya da sidik
> sipit jeung ngaran nu khas tea).
>
> Poe eta keneh urusan rengse bada lohor, ceuk eta awewe (tidituna mah ngaku
> mereun) ngajak jalan2 make mobil manehna disupiran ku supir pribadi, ngan
> kuat sajam dua jam, teu kuat kesang ngagarajag sa awak awak, saterusna
> kuring maksa amitan bari neang sugan aya keneh korsi kosong ka bandungkeun,
> kabeneran aya, dius deui kuring ka bandung, nepi jam 5 sore mun teu salah
> mah, asa bucat bisul pibasaeuna teh, mawa oleh2 saeutik nyaeta kiripik apel
> jeung bandeng asap, nyampak di imah pada ngarawu tah oleh2 teh, ari belewek
> ngadon ngaharuleng, asa araraneh ceunah heuheu…
>
> Saumur2 kakarak sakali eta nincak jatim, duka mereun mun tea mah nganjrek
> rada lila bisa wae adaptasi cuaca…
>
> Punten ah ngacapruk yeuh
>
>
>
>
>
> *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On
> Behalf Of *Tito Suryana
> *Sent:* 06 Oktober 2009 8:19
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>
>
> *Subject:* Re: [urang sunda] Surabaya
>
>
>
>
>
> punten ah ngiring nimbrung bah,
>
> si kuring oge ngawitan nincak surabaya di bungur asih katipu ku calo,
> harita teh pas ti makasar turun ti surabaya tah neruskeun balik ka bandung
> make beus. nya di bungur asih di bawa calo cenah aya nu langsung ka bandung
> (harita ongkos Sby-Bdg ngan 15.000) tungtungna mah ditaekuen ka jurusan
> jakarta ongkosna 25 rb trus diturunkeun di cirebon naek deui ka bandung
> ongkos sorangan heheheeheh.
>
> *Ari ayeuna katincak pisan daerah na ti th. 1995 tug nepi ka kiwari jadi
> warga Sidoarjo/Surabaya hahahahaha.
>
> jadi tong hariwang mun aya dulur rek ka surabya pek weh telepon si
> kuring...
>
>
>
>  ----- Original Message -----
>
> *From:* Waluya <waluy...@yahoo.com>
>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
>
> *Sent:* Tuesday, October 06, 2009 12:11 PM
>
> *Subject:* Re: [urang sunda] Surabaya
>
>
>
>
>
> Kuring oge boga pangalaman pikareuwaseun di Surabaya teh, tapi baheula 25
> taun katukang . Caritana kuring teh ti Bali (Denpasar) rek balik ka Bandung,
> tapi hayang nganjang heula ka kidulur nu keur sakola di ITS, disakolakeun ku
> instansi tempat digawena.
>
> Ti Denpasar naek beus malem "Jawa Indah", Inditna jam 7 peuting, kuring
> sosorangan we. Ari sugan teh tepi ka Surabaya isuk-isuk atawa subuh lah, ari
> pek teh jam 2 peuting geus tepi di terminal wonokromo (cenah ayeuna mah geus
> euweuh). Bari satengah lelenggutan, kuring tuturubun turun tina beus, kakara
> ge jrut turun, tas aya nu ngarawel ku duaan, terus dibawa-bawa ku maranehna
> bari ngomong: "Mau kemana Mas? Mau kemana Mas?"
>
> Kuring nunutur eta jelma kaditu-kadieu da sieun tas dibawa kabur bari
> ngajawab sababraha kali tujuan kuring. tuntungna si jelema eta nuju mobil
> (sigana angkot), terus ngomong ka supirna nitah nganteurkeun ka nu dituju
> kuring, bari nyebut ongkosna ka kuring. Teu ditawar deui da mani asa
> ngemplong hate teh, kuring langsung diuk digigireun supir. Tapi mobil teu
> jung wae indit, si supir kalahka ngomong: "kasih dulu itu Mas!"
>
> "Maksudnya?", ceuk kuring teh
>
> "Iyah, mana ONGKOS BAWA TAS?", ceuk si jelema eta nu mamawa tas teh
> nyorongot, nyentak, pedah kuring cicing wae.
>
> Reuwas disentak ditambah sieun, leungeun kuring reflek kadak kodok kana
> saku, neangan duit receh, sok dibikeun.
>
> Na ari gorowok teh tambah ngambek:"CARI SELAMAT ATAU TIDAK MAS? kalau cari
> selamat ...tambah!"
>
> Ngareungeu kitu, ah geus teu mikir deui, sok we dibere gede. Ongkos mawa
> tas teh dua kalieun ongkos beus ti Denpasar ka Surabaya!. Sajeroning di
> jalan nuju tempat kos ki dulur, kuring ngabetem, aya rasa teu aman
> ditambahan ku kesel.
>
> Tepi ka tempat kidulur, pangalaman didongengkeun ka kidulur, kalahka
> nyeukseukan, nekad cenah, turun di terminal eta tengah peuting, untung teu
> dinanaon.
>
> Tapi da ayeuna mah, ceuk koran eta oge, terminal Bungur asih kaasup hade
> jeung aman di Indonesia mah. Nu jelas waktu kuring boga pagawean di
> Bondowoso jeung Situbondo, sering indit-inditan sosorangan ngaliwatan
> terminal Bungur Asih, teu ngalaman deui saperti baheula di Wonokoromo ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, mh
> <khs...@...> wrote:
> >
> > eta perkara angkot surabaya, enya lieur.
> > pernah hiji waktu, kulantaran nyaba sababaraha poe, hayang apal jalur
> > angkot. naek ti bungur asih, rek ka keputih. sapanjang jalan, eta ngaran
> > jalan teh ku uing dicatet. keur anteng nyatet ngaran jalan, jigana
> katempoan
> > ku supir, manehna nanya, "nyatet noan?" cenah. teuing ku naon sababna eta
> > supir teh kalahka ngambek, pedah uing nyatet ngaran jalan nu kaliwatan.
> > teuing kasinggung meureun. sabab uing diuk gigireun supir, disedek-sedek
> teh
> > geuning sungutna bau alkohol.
> > -mh-
>
> ====================================
>
> Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS,
>
> DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS?
>
> Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS.
>
> Ketik CREATE[NAMA GRUP], sms ke 345.
>
> Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345.
>
> Informasi selanjutnya :
>
> - hubungi 147
>
> - http://www.telkomflexi.com
>
> - ketik INFO, sms ke 345.
>
>  =================================
>
> Mau GRATIS TELPON LOKAL, DISCOUNT 50% SMS,
>
> DISCOUNT 20% SLJJ, dan DISCOUNT FLEXI MILIS?
>
> Ikuti Dahsyatnya FLEXI KOMUNITAS.
>
> Ketik CREATE<spasi>[NAMA GRUP], sms ke 345.
>
> Contoh: CREATE SMU2, sms ke 345.
>
> Informasi selanjutnya :
>
> - hubungi 147
>
> - http://www.telkomflexi.com
>
> - ketik INFO, sms ke 345
>
>
>
>
>
> =================================
>
> This Email has been scanned : Anti Virus
>
> =================================
>
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
> http://www.eset.com
>
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
>
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
>
>
> http://www.eset.com
>
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
> http://www.eset.com
>
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
> http://www.eset.com
>
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
> http://www.eset.com
>
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
> http://www.eset.com
>
>
>
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
> http://www.eset.com
>
>
> __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
> database 4462 (20090927) __________
>
> The message was checked by ESET Smart Security.
>
> http://www.eset.com
>
>
> 
>

Kirim email ke