> "mj" <ja...@...> wrote:
> Nu penting ayeuna aya US nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa 
> maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can 
> tangtu. Boa maranehna
> ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho. 

Leres kitu MJ. Kuring mah sakadar reueus aya turunan sunda anu DIANGGAP sacara 
nasional, komo lamun internasional mah. Perkara "malire sunda" henteuna mah 
gumantung kana naon profesina. Tuafik Hidayat nu jago badminton kelas dunia, 
tanggtu we rada hese dipikareueus lamun make kriteria malire Sunda mah, sabab 
nu dipalire ku manehna mah  jelas-jelas kok jeung raket ...hehehe. Taufik 
Hidayat jadi hebat, teu leupas ti pangaruh jago-jago badminton nu tiheula asal 
sunda siga Iie Sumirat.

Tah samodel kitu nu diharepkeun teh, tina mimitina mah miboga "kareueus" ka nu 
boga prestasi,  akhirna jadi DORONGAN KUAT keur urang sunda sejenna pikeun boga 
prestasi nu pikareueuseun. Contona Taufik Hidayat nu kadorong ku prestasina Iie 
Sumirat. Ulah kieu, pas aya urang sunda naek kaluhur, lain reueus, tapi kalahka 
hayang murangteng. Leuheung lamun nu dipurantengan teh kuateun. Lamun teu 
kuateun? Nya ngagebru kabeh atuh....

Baktos,
WALUYA







 

Kirim email ke