Satujulah sareng Mang J......

Aneh urang Sunda jiga nu bingung, apa definisi "nanjeurkeun" Sunda teh geus 
robah kitu jaman kiwari?robahna sarua jeung definisi "sedekah" jaman 
kiwari...nu disebut najeurkeun sunda teh nu mere duit kaurang sunda meureunnya 
jaman kiwari mah......hahahahahah padahal nanjeurkeun Sunda tiasa cekap saukur 
jadi jelema...
Perkawis ka "angkat" atanapi heunteuna kulantaran aya atanapi heunteuna di 
kabinet...teu aya nu bisa mere jaminan, tapi teungteuingeun mun percaya ka 
baturmah, percaya mah ka Gusti Pangeran, ka diri sorangan jeung kakolot 
urang...lain ka Bpk Mentri...atuh...hahahhah
Ieu mah gara2 trauma mereun...aya istilah urang sunda sok hejo tiang...geus aya 
caritana sih...Raden Dipati Ukur tea......mudah2an lulusan milis sunda moal 
jadi kitu...
Lantaran ku bingungna urang...jadi poho atanapi teu bisa nga bubarkeun saukur 
Lab "CIA".....hahahaha
TM



________________________________
Dari: mj <ja...@itenas.ac.id>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Jum, 23 Oktober, 2009 15:11:12
Judul: RE: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us

  


Maksudna boa teh ulang boga adat suudon. Ngan
ukur nganiley mun aya us jadi inohong di jkt sok malik, naon si eta gawena
atawa ketakna pikeun kasundaan. Siga urang nu nyaho kabeh ketak urangsunda. Ari
cek si kuring mah ku jadi inohong oge, jadi jelema, geus cukup, keur
saheulanana, dina ieu konstestasi nasional, bersaing jeung seler sejen. 
 
Bahwa aya urang sunda jadi menteri nya
nuhun, milu reueus. Sanajan teu ngaruh ka diri pribadi (biasana urang sok
ngukur diri pribadi, cara saha oge walikota bandung atawa presiden teu ngaruh 
pikeun
nasib diri sorangan –sikep fatalis nu ngagadekeun nasib ka pamingpin,
padahal urang oge dibekelan akal jeung boga pangeran nu leuwih nangtungkeun). 
 
 Baheula nyieun kaos make basa sunda, teh
mun make konsepna mah kampanye reueus sunda. Sugan ku reueus timbul kacinta. 
Tangtu
teu langkung masing-masing da si kuring oge teu boga kahadean pikeun susundaan. 
 
Sugan bisa ngadorong nu sejen sangkan bisa
ningkatkeun prestasi. Cara carita taufik hidayat bah willy dina badminton, nu
kapangaruhan ku iis sumirat. 
 
Model kang Yaya di Korea atawa
kang Herman di IAEA, sanajan teu loba (boa loba, ngan urang teu nyaho) pikeun
conto yen sabenerna urang oge bisa. Pikeun nyumangetan bangsa nu cenah
pareumeun obor. Da boa oborna oge teu kungsi boga. Haha
 
Geus heula ah, keur neangan tempat kos di leiden , insya alloh kemis
hareup ngapung
 

________________________________
 
From:urangsunda@yahoogroups.com [mailto: urangsunda@yahoogroups.com ] On Behalf 
Of Dudi Herlianto
Sent: Friday, October 23, 2009
2:10 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Re:
wilujeng ka menteri ti us
 
  
tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh
urang ngobrolkeun hal ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap
sacara nasional atawa regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang
sunda? lain ari kahayang ieu "milis" teh nanjeurkeun sundana oge teu
ukur urang sundana wungkul?

naha ngobrol di
dieu teh ukur nepi ka sakadar reueus? 

kitu deui perkara nganiley malire henteuna kana sunda, nu kabaca ku kuring mah,
jiga analisisna kang agus paku tetep hade, sakuduna dilobakeun. sugan we ka
hareupna urang bisa nimu ketak kasundaan si inohong. komo mun dibarung ku
kanyahoan yen sby milih inyana teh salasahijina kulantaran ketak eta. barina
oge da dina enyana ge si eta tokoh boga katineung bari 
urang teu nyaho naha 
nu disalahkeun urang? di dieu memang euweuh nu salah, nu jadi kahanjelu kuring
mah, mj, (nya pedah anjeunna nu nyarios kuring nyieun balesan ieu, da
dihenteu-henteu ge beliau teh kuncen di dieu) nu jigana mah sarua teu nyahona
kana katineung sang menteri urang sunda kana sunda, ukur nyieun pernyataan
samodel kitu. boa maranehna baroga katineung, cenah. ukur boa!! kuring mah
inggis ku mj nyieun pernyataan cara kitu, urang bakal anggeus ngomongkeun urang
sunda jadi menteri ukur semet ka sakadar reueus!!!

sakitu we heula....

dudi
kubunuh waktu kuhidu bau tubuh busuknya
2009/10/23 Waluya <waluya2...@yahoo. co.id>
  
> "mj"
<ja...@...> wrote:
> Nu penting ayeuna aya US 
nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa 
> maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can 
> tangtu. Boa maranehna
> ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho. 
Leres kitu MJ. Kuring mah sakadar reueus aya turunan
sunda anu DIANGGAP sacara nasional, komo lamun internasional mah. Perkara
"malire sunda" henteuna mah gumantung kana naon profesina. Tuafik
Hidayat nu jago badminton kelas dunia, tanggtu we rada hese dipikareueus lamun
make kriteria malire Sunda mah, sabab nu dipalire ku manehna mah jelas-jelas
kok jeung raket ...hehehe. Taufik Hidayat jadi hebat, teu leupas ti pangaruh
jago-jago badminton nu tiheula asal sunda siga Iie Sumirat.

Tah samodel kitu nu diharepkeun teh, tina mimitina mah miboga
"kareueus" ka nu boga prestasi, akhirna jadi DORONGAN KUAT keur urang
sunda sejenna pikeun boga prestasi nu pikareueuseun. Contona Taufik Hidayat nu
kadorong ku prestasina Iie Sumirat. Ulah kieu, pas aya urang sunda naek
kaluhur, lain reueus, tapi kalahka hayang murangteng. Leuheung lamun nu
dipurantengan teh kuateun. Lamun teu kuateun? Nya ngagebru kabeh atuh....

Baktos,
WALUYA
_,___



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk





      Bersenang-senang di Yahoo! Messenger dengan semua teman. Tambahkan mereka 
dari email atau jaringan sosial Anda sekarang! 
http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke