tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun hal
ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional atawa
regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari
kahayang ieu "milis" teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana
wungkul?

naha ngobrol di dieu teh ukur nepi ka sakadar reueus?

kitu deui perkara nganiley malire henteuna kana sunda, nu kabaca ku kuring
mah, jiga analisisna kang agus paku tetep hade, sakuduna dilobakeun. sugan
we ka hareupna urang bisa nimu ketak kasundaan si inohong. komo mun dibarung
ku kanyahoan yen sby milih inyana teh salasahijina kulantaran ketak eta.
barina oge da dina enyana ge si eta tokoh boga katineung bari urang teu
nyaho naha nu disalahkeun urang? di dieu memang euweuh nu salah, nu jadi
kahanjelu kuring mah, mj, (nya pedah anjeunna nu nyarios kuring nyieun
balesan ieu, da dihenteu-henteu ge beliau teh kuncen di dieu) nu jigana mah
sarua teu nyahona kana katineung sang menteri urang sunda kana sunda, ukur
nyieun pernyataan samodel kitu. boa maranehna baroga katineung, cenah. ukur
boa!! kuring mah inggis ku mj nyieun pernyataan cara kitu, urang bakal
anggeus ngomongkeun urang sunda jadi menteri ukur semet ka sakadar reueus!!!

sakitu we heula....

dudi
kubunuh waktu kuhidu bau tubuh busuknya

2009/10/23 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

>
>
> > "mj" <ja...@...> wrote:
> > Nu penting ayeuna aya US nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa
> > maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can
> > tangtu. Boa maranehna
> > ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho.
>
> Leres kitu MJ. Kuring mah sakadar reueus aya turunan sunda anu DIANGGAP
> sacara nasional, komo lamun internasional mah. Perkara "malire sunda"
> henteuna mah gumantung kana naon profesina. Tuafik Hidayat nu jago badminton
> kelas dunia, tanggtu we rada hese dipikareueus lamun make kriteria malire
> Sunda mah, sabab nu dipalire ku manehna mah jelas-jelas kok jeung raket
> ...hehehe. Taufik Hidayat jadi hebat, teu leupas ti pangaruh jago-jago
> badminton nu tiheula asal sunda siga Iie Sumirat.
>
> Tah samodel kitu nu diharepkeun teh, tina mimitina mah miboga "kareueus" ka
> nu boga prestasi, akhirna jadi DORONGAN KUAT keur urang sunda sejenna pikeun
> boga prestasi nu pikareueuseun. Contona Taufik Hidayat nu kadorong ku
> prestasina Iie Sumirat. Ulah kieu, pas aya urang sunda naek kaluhur, lain
> reueus, tapi kalahka hayang murangteng. Leuheung lamun nu dipurantengan teh
> kuateun. Lamun teu kuateun? Nya ngagebru kabeh atuh....
>
> Baktos,
> WALUYA
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke