Bah Aa di Balikpapan,

Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu

 

Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor, nya mun
teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di
bogor.  Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda.
Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. 

 

Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya
sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan
Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes.
tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali,
antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa.

 

Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan
citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti
citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan.

Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran +
galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui.

 

Mangga kanu langkung paos teraskeun

 

mj

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Abbas Amin
Sent: Tuesday, July 20, 2010 2:51 PM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........

 







Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran,
dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ?
Atanapi disebat we Jawa Barat ?
Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe

Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?









Kirim email ke