Alhamdulillah, mj, nuhun ka na waleranana; tuda sok panasaran,
sering pisan disubat sabit ayana Nagara Pajajaran, tapi teu jelas
wates2na ? Hehehehe, sakali deui nuhun pisan.

Urang teh poekeun pisan geuning nya ? Kantenan Majapahit mah,
teu jelas pisan.
Cek urang BONE teh, naha cenah da urang mah asa euweuh tulisan
ngeunaan Majapait pernah ka dieu ? Naha nyebutkeun yen Majapait ngawasa 
Nusantara ? ti iraha cenah ? Hahahaha.........punten
rasa nyolowedor...........

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "mj" <ja...@...> wrote:
>
>  
> 
> Bah Aa di Balikpapan,
> 
> Abdi sanes teureuh pajajaran, mung teureuh surili galuh. Heuheu
> 
>  
> 
> Puseur (ibukota) karajaan Pajajaran teh karuh di sabudeuren Bogor, nya mun
> teu di bogor di bekasi. Tapi dina buku Saleh Danasasmita, Pajajaran teh di
> bogor.  Sanajan kitu, laporan tome pires mah nyebutna teh karajaan Sunda.
> Ngaran sunda ilahar disebut ku batur nu lain urang pajajaran/galuh. 
> 
>  
> 
> Ari wates pajajaran mah ke ngantos nu terang, mung fakta ayeuna, budaya
> sunda aya sapalih di wetaneun wates provinsi jawa barat. Cara kang Hermawan
> Aksan, wartawan Tribun Jabar, urang sunda, tapi kawitna ti Bumi Ayu Brebes.
> tapi tina carita-carita nu kantos kabaca, cipamali-uj nyebutna kali pamali,
> antara cirebon-brebes sering dianggap wates wilayah sunda-jawa.
> 
>  
> 
> Kantos karajaan pajajaran sareng galuh atra watesna. Nyaeta walungan
> citarum. Dina buku naon nya, duka di ensiklopedia sunda kitu. pajajaran ti
> citarum ka kulon, galuh ti citarum ka wetan.
> 
> Tapi kondisi eta sigana robah robih kumaha kondisi. Malah teras pajajaran +
> galuh dihijikeun, jaman rajana saha he love deui.
> 
>  
> 
> Mangga kanu langkung paos teraskeun
> 
>  
> 
> mj
> 
>   _____  
> 
> From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
> Behalf Of Abbas Amin
> Sent: Tuesday, July 20, 2010 2:51 PM
> To: kisunda; urangsunda
> Subject: [Urang Sunda] Bade Tumaros re : Pajajaran...........
> 
>  
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Punten ka sadaya wargi2 Utamina kanu masih teureuh Pajajaran,
> dupi wates2 Pajajaran ayeuna dimana nya ?
> Atanapi disebat we Jawa Barat ?
> Banten sareg Bogor mah moal kalebet panginten nya ? Hehehehehe
> 
> Masih aya keneh kituh TEUREUH teh ?
>


Kirim email ke