Salah sawios buku sajarah sunda, aya Sejarah Jawa Barat, Yuganing Rajakawasa
kenging Yoseph Iskandar (pedalan pt geger sunten, ayeuna dicitak ulang deui,
pangaosna asana mah 40 rebuan).

 

Perkawis KENDAN, asana teu acan dugi ka Ciamis, tapi cenah di sabudeureun
Nagreg ayeuna. Sigana  dina raraga ngumbara ti kulon (ti Taruma), nya
ngadegkeun lembur-nagara (karajaan), Kendan tea, teras turunan raja Kendan
ngetan deui. Nu cikal, Wretikandayun ngadegkeun lembur (nagara)
di-nu-ayeuna-katelah-situs Karangkamulyan Bojong Ciamis. 


mangga kanu langkung paos, teraskeun. Sangkan atra pikeun sadayana.











Samentawis eta di daerah Ciamis dina taun 526 ~ 602 ngadeg karajaan KENDAN
diadegkeun ku Resiguru Manikmaya, anu ngawasa taun 526 ~ 568 m, raja
sajalengan teu kasebat, raja panungtung Kandiawan Rajaresi Dewa Raja,
ngawasa taun 597 ~ 602 m.

Runtuh karajaan Kendan ngadeg karajaan GALUH ( 602 ~ 739 m.), diadegkeun ku
Raja Wretikandagan/Wretikendayun anu ngawasa taun 602 ~ 702 m (100 taun ..?)
teu kacaturkeun raja-raja salajengna, kasebat raja Galuh ka 8 : Sanjaya
Harisdarma anu salajengna ngalih ka Jawa-tengah, ngadegkeun wangsa Sanjaya.
Raja Galuh panungtung : Tamperan Brawijaya, ngawasa taun 702 ~ 739 m.









  

  _____  

 









Kirim email ke