Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia), lian ti
disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek patotos,
oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna kopi
luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina kotoran
careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang Jungkir
Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka
ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah.

Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi luwak
atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol careuh
henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan, hargana
naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di
produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt sakilona. Di
luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi luwak anu
geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100 atawa 1 jt
sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab rasana
cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak.

Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu ngaliwatan
beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu ngaluarkeun
fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna? Alhamdulillah,
tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu haram
lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan nalika
karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu diberesihan
heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana, sabab
proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge siki kopi
anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu
bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh).

Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu geus
nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi luwak.
Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa kopi
luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku kopi atah
(kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh anu
bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit kopi
atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di jerona
engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero sapoe
dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri sang
careuh teh ku babasan "fermentasi". Isuk-isuk, nalika careuh geus rengse
modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi luwak
tea tina antara - punten deui wae - podol careuh.

Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba
persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh persediaan
kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha
teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang? Lamun
enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh anu
mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku batur,
upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus matenkeun
teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan. Sanggeus kitu,
nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua kandang
careuh jeung careuh piaraanana, "mesin hirup" kopi luwak tea. Geus kitu mah
dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe.

Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.

manar

Kirim email ke